Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 12 >> 

1Ayeuna sual kurnia-kurnia ti Roh Suci anu ditanyakeun ku aranjeun tea. Memang aranjeun kudu terang kana hal eta, dulur-dulur!

2Waktu tacan jadi umat Kristus, aranjeun nyarembah ka brahala anu bisu taya hirupna. Tangtu ayeuna karasa eta teh salah.

3Aranjeun kudu tarerang, jelema anu diaping ku Roh Suci moal sanggupeun nyumpahan "Yesus sing disapa!" jeung moal aya anu bisa ngaku "Yesus teh Gusti", lamun henteu ditungtun ku Roh Suci.

4Kurnia anu sipatna rohani teh rupa-rupa, tapi kabeh asal ti Roh anu hiji.

5Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.

6Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.

7Urang masing-masing ku Roh Suci anu nyicingan diri urang dipaparin kamampuh anu mandiri, tapi kabeh pikeun pimangpa’ateun jalma rea.

8Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh pinter nyarita, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun maksud dawuhan Allah.

9Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.

10Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.

11Eta kamampuh-kamampuh kabeh asalna ti Roh eta keneh. Maparinna ka masing-masing beda-beda, kumaha kersana eta Roh.

12Kristus teh lir hiji badan rupa-rupa bagianana, sanajan babagianana rupa-rupa, wujud badanna mah hiji.

13Urang oge kitu, nu Yahudi, nu lain Yahudi, nu kumawula, nu merdeka, ku eta Roh geus dibaptis dijadikeun sabadan jeung Kristus, sarta urang kabeh geus dibere nginum Roh nu hiji tea.

14Badan anu hiji teh henteu ngan hiji bagian bae, tapi babagianana teh loba.

15Ku sabab kitu sanajan upamana ceuk suku, "Kami mah teu kaasup badan da lain leungeun," teu bisa dilain-lain yen suku lain bagian badan.

16Sanajan upamana ceuk ceuli, "Kami mah teu kaasup badan da lain mata," teu bisa disebutkeun yen ceuli lain babagian badan.

17Lamun rupa sakujur awak ngan panon bae hiji, kumaha rek bisaeun ngadenge? Atawa ngan ceuli bae hiji, kumaha rek bisaeun ngambeu?

18Memang kitu mistina, tiap babagian badan anu rupa-rupa teh ku pangersa Allah ditempatkeun samistina.

19Lain ge awak ari ngan sabagian mah!

20Nya kitu, babagianana loba, awakna mah hiji.

21Ku sabab kitu panon moal bisaeun ngomong ka leungeun, "Kami teu butuh ku maneh!" Sirah moal bisaeun ngomong ka suku, "Kami teu butuh ku maneh!"

22Sabalikna lamun babagian anu sigana teu pira teh teu aya, urang moal bisa kua-kieu.

23Jeung eta babagian-babagian anu jigana teu pira teh dipalirena ku urang leuwih ti nu sejen. Kitu deui babagian anu katembongna kurang alus, ku urang leuwih diurus.

24Babagian-babagian anu bangunna geus alus mah henteu mikabutuh perhatian deui. Badan teh geus kitu disusunna ku Allah, nepi ka babagian anu sigana teu pira teh meunang panghargaan anu layak.

25Ku sabab kitu disusunna badan teh henteu misah-misah, sakabeh babagianana nu hiji ka nu hiji deui aya pakuat-pakaitna.

26Upama aya hiji bagian anu nyeri, kabeh bagian ngarasa nyeri. Upama nu hiji didama-dama, nu sejenna oge milu ngarasa genah.

27Aranjeun teh kabeh Salira Kristus, masing-masing jadi babagianana.

28Di jero jamaah, Allah nempatkeun umat-Na nurutkeun kumaha layakna. Di nu kahiji rasul-rasul, di nu kadua nabi-nabi, di nu katilu guru-guru, ti dinya terus jelema-jelema anu barisa nyieun kaajaiban, terus anu barisa nyageurkeun kasakit, terus anu barisa mere pitulung, anu barisa nungtun ka nu sejen, anu barisa nyarita ku basa-basa anu ajaib, anu barisa nerangkeun hartina eta basa-basa.

29Henteu kabeh jadi rasul, henteu kabeh jadi guru, henteu kabeh jadi nabi, henteu kabeh bisa nyieun kaajaiban,

30henteu kabeh bisa nyageurkeun kasakit, henteu kabeh bisa nyarita make basa-basa anu ajaib, henteu kabeh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.

31Ihtiarkeun supaya meunang anu leuwih ti eta. Tapi pangutamana mah turutkeun ieu papatah sim kuring.



 <<  1 Korintus 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel