Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 13 >> 

1Sanajan upama sim kuring bisa ngajar make rupa-rupa basa manusa, atawa malah bisa make basa malaikat, ari teu nyaah ka batur mah pangajaran sim kuring teh teu beda ti sora goong atawa genta, harus tapi taya hartina.

2Sanajan upama sim kuring boga kamampuh bisa ngawejang, sugih ku pangarti, telik ngarti ka nu gaib-gaib, boga iman anu teguh nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu nyaah ka batur mah sim kuring teh teu aya hartina naon-naon.

3Sanajan upama sim kuring nyidekahkeun sagala pangaboga ka nu mariskin, malah sanajan nepi ka awak diduruk jadi kurban, ari teu nyaah ka batur mah gaplah teu aya gunana.

4Sipatna kanyaah teh sabar jeung alus budi. Teu sirikan, teu gumede, teu takabur.

5Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh, tara ngajengkelkeun batur, tara ngunek-ngunek ku kasalahan batur.

6Sipatna kanyaah teh teu resepeun kana hal nu jahat, resepeunana kana hal anu bener,

7tawekal dina sagala cocoba, kapercayaanana, pangharepanana, jeung kasabaranana moal aya pegatna.

8Kanyaah teh sipatna langgeng, moal laas-laas. Piwejang-piwejang ngan pikeun saheulaanan, kamampuh bisa basa-basa anu ajaib bakal aya eureunna, kamampuh bisa telik ka nu gaib-gaib bakal aya ahirna.

9Sabab kanyaho jeung kamampuh bisa ngawejang anu dipaparinkeun ka urang teh tacan lengkep, tacan sampurna,

10ku sabab kitu lamun anu sampurna geus datang, anu teu sampurna bakal leungit.

11Waktu budak keneh, sim kuring ngomong teh sakumaha budak, rarasaan sakumaha rarasaan budak, mikir sakumaha budak. Ayeuna sanggeus kolot, sipat-sipat jeung kabiasaan budak teh dipiceun.

12Anu ayeuna katingal ku urang teh lir kalangkang di jero eunteung, samar-samar. Engke mah anu katingal teh anu saenyana. Anu ayeuna sim kuring terang kakara saeutik, engke bakal terang ka anu lengkepna, sakumaha Allah oge lengkep uninga-Na ka sim kuring.

13Tinggal tilu rupa anu bakal tetep aya nya eta iman, pangharepan, jeung kanyaahan. Anu pangutamana ti ieu anu tilu nya eta kanyaahan.



 <<  1 Korintus 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel