Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 4 >> 

1Lahiriah Kristus geus nandang sangsara. Ku sabab kitu aranjeun kudu boga tekad anu kuat saperti Anjeunna. Sabab anu kuat nahan paneka lahiriah ku karana iman, eta nandakeun geus embung ancrub deui kana dosa.

2Jadi ti semet ayeuna hirup aranjeun di ieu dunya kudu taluk kana pangersa Allah, ulah taluk kana hawa napsu.

3Geus cukup bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.

4Jalma-jalma anu teu baroga Allah tangtu hareraneun, pedah aranjeun geus henteu cara maranehna deui anu hirupna ngancrud sakarep-karep, tuluy bae ngaharina.

5Tapi maranehna engke kudu tanggung jawab ka Allah anu tangtu ngahukum, boh ka nu harirup keneh boh ka nu geus maraot.

6Kitu sababna anu geus maraot oge diwawaran Injil Kasalametan, supaya maranehna oge sanajan jasmaniahna mah geus maot saperti halna kabeh jelema ge bakal maot, ari sukmana mah bisa meunang hirup ti Allah anu jumeneng.

7Sagala perkara geus deukeut kana panganggeusan. Jadi aranjeun sing waspada jeung sayaga, supaya inget kana neneda.

8Pangpangna pisan kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.

9Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.

10Berkah Allah anu katarima ku masing-masing teh beda-beda. Berkah anu pangmunelna kudu dipake nyieun kahadean ka batur, tandaning aranjeun hade dina nyekel jeung ngurus sih kurnia Allah.

11Anu sok mere pitutur, anu kudu dipitutur teh dawuhan-dawuhan Allah. Anu ngajalankeun tugas kudu rumasa yen dipaparin tanaga ku Allah, supaya dina sagala perkara matak jadi puji ka Allah ku karana Yesus Kristus, anu kagungan kamulyaan jeung kakawasaan salalanggengna. Amin.

12Dulur-dulur! Ulah kaget ku cocoba anu sakitu peurihna, kawas anu lain samanea.

13Malah kudu atoh dumeh nandangan sangsara saperti Kristus, sabab engke lamun Kristus geus nganyatakeun kamulyaana-Na, aranjeun bakal pinuh ku kabungah.

14Bagja lamun aranjeun dipoyok ku dumeh anut ka Kristus, tandana aranjeun dilinggihan ku Roh anu mulya, Roh Allah.

15Ulah nyieun pisangsaraeun saperti upamana maehan, jadi bangsat, jadi penjahat, atawa pipilueun kana perkara batur.

16Sabalikna, sangsara ku lantaran jadi Kristen mah teu kudu ngarasa era, malah kudu muji sukur ka Allah dumeh meunang sesebutan tina jenengan Kristus.

17Ayeuna geus waktuna pangadilan dimimitian. Anu bakal diadilan ti heula nya eta umat Allah ku manten. Tah! upama Allah mimiti ngadilanana ti urang heula, leuh pikumahaeun temen pibalukareunana jelema-jelema anu henteu palercaya kana Injil Kasalametan ti Allah,

18sabab ceuk Kitab Suci: "Cacakan jelema hade geus seuseut salamet, komo jelema dosa doraka, kumaha teuing."

19Ku sabab kitu, anu nandangan sangsara ku karana pangersa Allah sing hade-hade nya lampah, bari sumerah ka Allah anu ngajadikeunana, anu pengkuh kana jangji-Na.



 <<  1 Petrus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel