Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 10 >> 

1Kamashuran Raja Suleman kaemper-emper ka ratu nagara Seba. Tuluy eta ratu teh natamu ka Yerusalem, seja nguji ka Suleman ku rupa-rupa sualan anu muskil.

2Angkatna nyandak pangiring pirang-pirang, nyandak onta loba kacida, dimuatan bungbu-bungbuan, permata, jeung emas teu kira-kira lobana. Sanggeus patepang seug ratu teh nyual, rupa-rupa sakur anu kakemu dina manahna.

3Sualan-sualan anjeunna teu aya anu teu kawaler, keur Suleman teu aya sualan anu hese nerangkeunana.

4Sang ratu geus nyaksian ku anjeun kapinteranana, karaton dadamelanana,

5katuangan anu ngabarak dina mejana, tempat tinggal para mantrina, tata tertib jeung pakean para pagawe karatonna, anggah-ungguhna para pangbantu anu ngawulaan anjeunna dina pesta jeung kurban-kurban anu ku Suleman dihaturkeun di Bait Allah. Sang ratu bati helok sarta kataji.

6Pok sasauran ka Raja Suleman, "Cocog sakumaha wartos nu kakuping ku sim kuring di nagara. Kapinteran Sang Raja kalintang luhurna.

7Kawitna mah kirang percanten, nu mawi lajeng ka dieu sumeja ngahaja ngadongdon. Sihoreng perkawis kapinteran Sang Raja anu kakuping tina wartos mah teu paro-parona acan tina buktosna anu kasaksian pribadi. Kabeungharan sareng kapinteran anu kapimilik ku Sang Raja langkung-langkung jembarna ti batan cariosna.

8Bagja temen para wanita anu dipigarwa ku Sang Raja!

9Sim kuring muji sukur ka PANGERAN Allah Sang Raja! Tetela salira teh ku PANGERAN dipaparin nugraha, dugi ka dijenengkeun raja nyangking Israil. Mana salira ku Mantenna diangkat jadi raja maranehna oge, tawis asih-Na ka urang Israil teu aya pegatna, mayeng langgeng, sangkan maranehna diparentah ku raja anu adil palamarta."

10Sanggeus kitu sang ratu ngahaturkeun kikintunanana ka Raja Suleman: emas leuwih ti opat rebu kilogram, bungbu-bungbu jeung barang-barang permata mangpirang-pirang lobana. Bungbu-bungbu anu dihaturkeun ku sang ratu, lobana ngungkulan ti nu biasa sok katampi ku Suleman.

11(Ti armada kapal Hiram anjeunna dikintun emas ti nagri Opir, kayu candana kacida lobana, jeung mangpirang-pirang batu permata.

12Kayu candana tea ku Suleman dianggo ngadamel tangga golodog Bait Allah jeung karaton, dianggo ngadamelan kacapi jeung gambus pakeeun para nayaga. Eta kayu candana anu dikirimkeun ka Israil teh kayu candana panghade-hadena, nepi ka iraha ge moal aya papadana.)

13Ari pamulang ti Raja Suleman ka ratu Seba, jaba ti pamulang anu pantes tur kacida reana teh rupa-rupa deui, naon bae anu dipikahoyong ku eta ratu. Geus kitu sang ratu sapangiringna mulih ka nagara Seba.

14Saban-saban taun Raja Suleman sok nampi kintunan emas, lobana meh dua puluh lima rebu kilogram,

15jaba upeti ti para sudagar, kauntungan-kauntungan ti nu daragang, upeti ti raja-raja Arab, jeung ti para gupernur wewengkon-wewengkon Israil.

16Suleman ngadamel dua ratus kepeng anu rarubak, unggal kepeng dilapis ku emas anu beuratna tujuh kilogram.

17Ngadamel deui tilu ratus kepeng anu leutikan, sarta eta oge masing-masing dilapis ku emas anu beuratna meh dua kilogram. Eta kepeng-kepeng ku anjeunna disimpen di Karaton Leuweung Libanon.

18Ngadamel deui hiji singgasana, sabagian dilapis ku gading, sabagian dilapis ku emas kolot.

19(10:19-20) Eta singgasana make tetecean genep hambal. Dina tungtung tiap hambalan, kenca katuhu diberean sisingaan, jadi kabehna aya dua belas sisingaan, ngajajar genep-genep. Singgasana bagian tukangna dipapaesan ku tironan hulu banteng, leungeun singgasana kenca katuhu make hiji sisingaan. Di karajaan lianna tacan aya singgasana anu saperti kitu.

20(10:19)

21Cangkir-cangkir paranti ngaleueutna kabeh emas. Kitu deui bangsa wawadahan anu disimpen di Karaton Leuweung Libanon kabeh tina emas murni. Teu aya nu tina perak, sabab dina jaman Raja Suleman mah perak teh dianggap teu aya hargana.

22Suleman kagungan hiji armada kapal laut anu balayarna babarengan jeung armada kapal kagungan Raja Hiram. Ana balayar, mulangna tilu taun sakali, rebo ku babawaan: emas, perak, gading, ka lutung-lutung jeung monyet.

23Boh kabeungharan boh kapinteran, Raja Suleman ngungkulan para raja lianna.

24Jalma sajagat pada harayang ngadeuheus, harayang ngadengekeun kapinteran anjeunna ti Allah.

25Anu daratang ka anjeunna taya anu lengoh marawa kikintun, barang-barang tina perak, emas, jubah-jubah, pakarang-pakarang, bungbu-bungbu, kuda, jeung bigal. Kituna teh angger saban taun teu towong-towong.

26Suleman ngayakeun pasukan kareta 1.400 prajurit jeung pasukan kuda 12.000 prajurit. Ditempatkeunana aya nu di Yerusalem, aya nu di wewengkon-wewengkon sejen.

27Jaman anjeunna marentah, perak geus dianggap batu koral. Kayu kiputri ge lobana sarua jeung tangkal camara biasa di lamping-lamping pasir di tanah Yuda.

28Suleman miwarang jalma-jalmana sina ngadatangkeun kuda ti Mesir jeung ti Kilikia,

29kitu deui kareta-kareta ti Mesir, disokongkeun ka raja urang Het jeung raja urang Siria. Dijualna sahiji kareta genep ratus gebleg uang perak, ari kuda sahijina saratus lima puluh gebleg uang perak.



 <<  1 Raja-raja 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel