Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 18 >> 

1Dina hiji mangsa, sanggeus halodo tea nincak kana tilu taun, PANGERAN nimbalan ka Elias, "Tepungan Raja Ahab. Kami rek nurunkeun hujan."

2Bral Elias angkat. Harita paceklik di Samaria keur babangetna.

3Tuluy Ahab nyaur Obaja, kawasa karaton. (Obaja teh kacida ibadahna ka PANGERAN,

4nepi ka basa Isebel maehan nabi-nabi PANGERAN, Obaja nyumputkeun saratus nabi di dua guha, saguhana lima puluh, dahar leueutna diurus.)

5Timbalan Ahab ka Obaja, "Coba urang kaluar, urang ngilik cinyusu-cinyusu atawa susukan-susukan anu aya di ieu tanah, sugan aya keneh anu jukutan, supaya kuda jeung bigal ulah paraeh, ulah nepi ka urang kudu meuncitan eta sasatoan."

6Seug aranjeunna pasini sorangeun, bral arangkat, raja ka ditu Obaja ka dieu, seja ngajajah tanah.

7Di satengahing jalan Obaja paamprok jeung Elias, kenaleun keneh ka anjeunna, seug munjungan bari tumaros, "Leres ieu teh Bapa?"

8"Enya, Bapa teh Elias. Jung wartoskeun ka raja gusti hidep, aya Bapa kituh di dieu."

9Obaja ngawangsul, "Naon dosa abdi, mana dipiwarang ngunjukkeun Bapa aya di dieu ka Raja Ahab? Malar abdi dipaehan ku anjeunna?

10Demi PANGERAN anu jumeneng, Allah anu ku Bapa disembah, sayaktosna Bapa teh ku raja dipilari ka saban nagri, disaksrak ka sajajagat. Upami raja hiji nagara nyebatkeun Bapa teu aya di nagarana teh ku Ahab dugi ka dipundut sumpah, yen leres Bapa teu aya.

11Saur Bapa bieu, abdi kedah ngunjukkeun ka anjeunna Bapa aya di dieu.

12Upami sabot abdi ka ditu Bapa dicandak ku Roh PANGERAN biheung ka mana, kumaha balukarna abdi? Hanas Bapa diunjukkeun aya di dieu, kari-kari ku raja henteu kasondong, moal lepat tangtos abdi ku anjeunna dipaehan. Ti bubudak abdi teh ibadah ka PANGERAN.

13Nalika Isebel maehan nabi-nabi PANGERAN, abdi teh nulungan saratus nabi, disumputkeun di dua guha lima puluh lima puluh, dahar leueutna diurus. Bapa ngadangu wartosna?

14Ku naon dugi ka miwarang sangkan abdi ngunjukkeun ka raja yen Bapa aya di dieu? Tangtos abdi ku anjeunna dipaehan!"

15Elias ngawaler, "Demi PANGERAN Anu Maha Kawasa, anu ku Bapa diabdi, Bapa enya-enya seja nembongan ka raja poe ieu."

16Obaja angkat wawartos ka Raja Ahab. Tuluy raja sumping ka Elias.

17Barang ningali ka Elias, raja ngalahir, "Tah, ieu geuning maneh aya di dieu, tukang nyusahkeun di Israil teh!"

18Waler Elias, "Sanes kaula tukang nyusahkeun mah, nanging Raja ku anjeun. Raja sareng kulawargi Raja tukang nyusahkeun mah. Sang Raja ngarempak timbalan-timbalan PANGERAN, nyembah ka arca Baal.

19Mugi raja marentahkeun ka urang Israil sina darongkap ka kaula di Gunung Karmel, sareng nabi-nabi Baal anu opat ratus lima puluh urang, kitu deui nabi-nabi Dewi Asera anu opat ratus urang, anu naredana dicekapan ku Isebel."

20Gancangna sakumna bangsa Israil jeung nabi-nabi Baal opat ratus lima puluh urang, kitu deui nabi-nabi Dewi Asera ku Ahab dipiwarang kumpul di Gunung Karmel.

21Sanggeus karumpul, Elias majeng nyaketan jalma rea, seug ngalahir, "Rek nepi ka iraha aranjeun midua hate? Upama PANGERAN anu jumeneng Allah, sing narurut ka Mantenna. Upama Baal anu jadi Allah, Baal tarurut!" Jalma rea ngabaretem, henteu nembal sakemek.

22Elias ngalahir deui, "Ieu kaula nabi PANGERAN kari sorangan, nabi-nabi Baal opat ratus lima puluh urang.

23Coba mawa sapi ka dieu dua siki. Peuncit hiji ku nabi-nabi Baal, potong-potong, terus kana hurunan suluhkeun, tapi ulah waka diseuneuan. Kaula ge nya kitu rek meuncit nu hiji deui.

24Nabi-nabi Baal kudu sasambat ka dewana, kaula ge rek sasambat ka PANGERAN. Mana-mana anu disambat tea ngamakbul ngintun seuneu, eta nu jumeneng Allah." Jalma-jalma keprok sarurak.

25Elias ngalahir ka nabi-nabi Baal, "Ku sabab aranjeun lobaan, pek ti hareula meuncit sapina, petakeun sakumaha mistina, tuluy sasambat ka dewa aranjeun menta pangdurukkeun eta suluh."

26Seug nabi-nabi teh meuncit sapi terus dipotong-potong, tuluy reang sasambat ka dewana nepi ka tengah poe, pokna, "Nun Baal, mugi ngawaler!" Kitu bae saterusna bari tingalajrug ngurilingan altar jieunna. Tapi lebeng taya walonanana.

27Sanggeus tengah poe, Elias ngalahir ka maranehna, ngabanyolan, saurna, "Tarikan sasambatna! Dewa eta teh, lain? Palangsiang keur ngalamun atawa eukeur ka cai, atawa keur jalan-jalan! Atawa keur bobo. Geuingkeun sina gugah!"

28Nabi-nabi sasambatna beuki bedas, tuluy narurihan maneh ku peso jeung belati sakumaha adatna, getihna mani baloboran.

29Kitu jeung kitu bae bari reang ngarocoblak nepi ka asar. Tapi lebeng teu aya walonanana, teu sora-sora acan.

30Elias ngalahir ka jalma rea, "Ka darieu sing dareukeut!" Rob jalma rea ngararonyong ka anjeunna anu terus peta-peta rek ngomean altar PANGERAN anu geus runtuh.

31Anjeunna ngumpulkeun batu dua belas siki, ngalambangkeun dua belas kaom anu make ngaran pala putra Yakub, jalmi anu ku PANGERAN dilandi Israil tea.

32Batu-batu teh ku anjeunna dianggo ngawangun deui altar paranti ngabakti ka PANGERAN. Sakuriling altarna ku anjeunna dikali disolokankeun, teu wudu rubak, bisa muat cai kira-kira lima belas litereun.

33Beres eta anjeunna neundeunan suluh kana luhur altar, tuluy meuncit sapi sarta dipotong-potong, diteundeunan kana luhur suluh. Pok ngalahir, "Mawa cai ka dieu opat tahang, banjurkeun kana ieu pikurbaneun jeung suluhna." Ku jalma-jalma ditarurut.

34"Deui," saurna. Prak dibanjuran deui. "Sakali deui!" saurna. Prak dibanjur deui mani cipruk.

35Caina tingcurulung ka sakuriling altar tuluy ngababayah minuhan solokanana.

36Sanggeus nitih kana wanci ngurban burit, Nabi Elias nyaketan altar tuluy neneda, "Nun PANGERAN, Allah Ibrahim, Ishak, sareng Yakub, mugi nyatakeun yen Gusti teh Allah Israil, sareng nyatakeun yen sim abdi teh piwarangan Gusti tur parantos nedunan sugri timbalan.

37Mugi ngamakbul, nun PANGERAN, mugi ngamakbul, supados ieu jalmi-jalmi tarerangeun yen Gusti teh PANGERAN, Allah, anu kersa ngahiap deui ka maranehna supados marulang deui ka Gusti."

38Gur PANGERAN ngadatangkeun seuneu ti awang-awang, ngahuru kana kurban, kana suluh, kana batu, taneuh ge datang ka geheng, cai dina solokanana diletak nepi ka garing.

39Jalma-jalma brak-bruk sarujud mareubeutkeun maneh kana taneuh, breng ngarucap, "PANGERAN teh estu Allah! Taya Allah lian ti PANGERAN!"

40Elias marentah, "Tangkep nabi-nabi Baal! Ulah aya anu kabur!" Seug nabi-nabi Baal teh ditewakan, tuluy ku Nabi Elias digiring, mudun ka Susukan Kison, dipaehan kabeh di dinya.

41Geus kitu Elias ngalahir ka Raja Ahab, "Parantos waktos tuang, mangga geura tuang. Tah sada hujan parantos ngaguruh."

42Sabot Ahab rek prak tuang, Elias nanjak ka puncak Gunung Karmel. Di puncak brek sideku, mastakana di antara dua tekuna.

43Geus kitu ngalahir ka pangiring, "Coba tempo ka laut!" Pangiring ngagidig, ana datang deui unjukan, "Teu aya naon-naon." Nepi ka tujuh kali dipiwarangna pulang anting ngawas-ngawas laut teh.

44Katujuh kalina ana datang deui seug unjukan, "Nun, sumuhun jisim abdi ningal aya mega sagede leungeun jalmi unggah ti laut." Saur Elias ka pangiring, "Buru-buru ka Raja Ahab sina enggal-enggal kana kareta, geuwat mulih kituh bilih kapegat hujan."

45Teu sabaraha lilana, langit reueuk mani angkeub, gelebug angin, breg hujan gede pisan. Ahab gura-giru kana kareta, mulih ka Yisrel.

46Ari Elias harita keneh kadongkapan ku pangawasa PANGERAN, ret raksukanana dibeulitkeun kana angkeng, tuluy nyusul, lumpatna miheulaan Ahab terus ka Yisrel.



 <<  1 Raja-raja 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel