Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 21 >> 

1Deukeut karaton Raja Ahab di Yisrel aya hiji lahan anggur, bogana hiji jelema ngaran Nabot.

2Dina hiji poe Ahab ngalahir ka Nabot, "Lahan anggur maneh mending ka kamikeun, kabeneran deukeut ka karaton kami. Ku kami rek digantian ku kebon anggur anu leuwih alus, anu ieu rek dipelakan sayuran. Atawa lamun mending dibeuli, ku kami dibeuli sapantesna."

3Wangsul Nabot, "Ieu kebon anggur gagaduhan teh pusaka ti karuhun. Paliyas kasanggakeun, PANGERAN henteu ngidinan."

4Ahab mulih ka karaton semu jengkel, ngunek-ngunek ku jawaban Nabot. Dug bae ebog dina pajuaran mayun kana tembok, henteu kersa tuang-tuang acan.

5Jol Isebel geureuhana tuluy mariksa, "Ku naon Engkang, semu ngangluh? Ku naon teu kersa tuang?"

6Waler Ahab, "Jengkel ku Nabot, bet kitu omonganana. Lahan anggurna ku Engkang dipenta rek dibeuli, atawa digantian ku lahan sejen, tapi carekna ulah!"

7Ari saur Isebel, "Har, Engkang teh raja atanapi sanes? Enggal geura gugah, janglarkeun manah, geura tuang. Kebon anggur si Nabot mah gampil, engke ku abdi disanggakeun."

8Ti dinya Isebel ngadamelan surat, dicap ku tanda cap Ahab, dielak ku cap karajaan, dikintunkeun ka para gegeden jeung para priyayi.

9Eusina, "Umumkeun kudu puasa. Kumpulkeun jalma-jalma. Nabot pentingkeun tempatna, hormat-hormat.

10Ayakeun dua jalma bangkawarah hareupeunana, sina nuding ka si Nabot yen geus ngagogoreng ka Allah jeung ka raja. Gusur si Nabot ka luareun kota, benturan ku batu sina paeh."

11Parentah Isebel dilakonan ku para pamingpin jeung jelema-jelema penting di Yisrel.

12Puasa geus diumumkeun, jalma-jalma geus dikumpulkeun, Nabot dihormat-hormat diukna.

13Sabot kitu, ngong dua jalma bangkawarah teh nuduh ka Nabot, dituding ngagogoreng ka Allah jeung ka raja. Nabot terus digusur ka luar kota, tuluy dibenturan ku batu, maot.

14Isebel diunjukanan, "Nabot parantos dipaehan."

15Gancang Isebel unjukan ka Ahab, "Nabot parantos teu aya. Lahan anggurna anu diulah-ulah teh ayeuna mah kantun nyandak."

16Ahab buru-buru angkat rek ningalian eta lahan anggur, rek terus diangken.

17PANGERAN nimbalan ka Elias, nabi ti Tisbe,

18"Maneh kudu ka Samaria, ka Raja Ahab. Ku maneh bakal kasampak di lahan anggur Nabot. Eta lahan ku manehna rek dipiboga.

19Tepikeun ieu timbalan Kami ka manehna, ‘Enggeus maehan jelemana, ayeuna deui rek ngarampas pangabogana!’ Kieu deui kituh timbalan Kami ka manehna, ‘Ku sabab eta, getih maneh bakal diletakan ku anjing di tempat anjing-anjing ngaletakan getih Nabot.’"

20Bareng Ahab ningali ka Elias, pok teh ngalahir, "Bagea musuh! Bet papanggih deui jeung kami?" Waler Elias, "Enya, ngahaja, lantaran Sang Raja geus kapincut ku kajahatan, nyieun kalakuan anu kacida gorengna dina paningal PANGERAN.

21Ku sabab kitu, kieu timbalan PANGERAN, ‘Maneh ku Kami rek digebruskeun kana bahla, rek dieuweuhkeun. Sakabeh ahli maneh anu lalaki kolot budak ku Kami rek dibeakkeun.

22Sanak baraya maneh rek disaruakeun jeung sanak baraya Raja Yarobam bin Nebat sarta jeung sanak baraya Raja Baasa bin Ahia, sabab maneh geus nyundut bebendu Kami, nyered rahayat kana marigawe dosa.’

23Jeung timbalan PANGERAN, bangke Isebel bakal dihakan ku anjing di Yisrel.

24Tiap-tiap sanak baraya maneh, paeh di kota bakal dihakan anjing, paeh di tegal bakal beak ku manuk gagak."

25(Wantu-wantu taya deui anu nyucudna saperti Ahab, nepi ka kagembang ku kajahatan, midamel gorengna ka PANGERAN taya papadana, dumeh kaangsonan ku Isebel garwana.

26Dosa anjeunna kacida ngerakeunana, ngabakti ka arca-arca cara adat urang Emor baheula, anu ku PANGERAN geus ditundung ti eta tanah basa urang Israil rek arasup ka dinya.)

27Anggeus Elias ngalahir, Ahab nyosoeh anggoanana bari tuluy dicuculan diganti ku karung. Teu kersa tuang, kulemna ge disasarap ku karung, alum liwung pinuh kaduhung.

28PANGERAN nimbalan ka Elias,

29"Nyaho maneh, Ahab geus kacida ngarendahkeun dirina di payuneun Kami? Ku sabab manehna geus nembongkeun kaduhungna, bahla teh ku Kami moal didatangkeun dina jaman manehna, engke bae dina jaman anakna kakara eta bahla teh ku Kami rek didatangkeun ka sakabeh kulawarga Ahab."



 <<  1 Raja-raja 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel