Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 4 >> 

1Suleman geus jumeneng raja sakuliah nagri Israil.

2Pajabat-pajabat luhurna nya eta: Imam: Asarya putra Sadok.

3Sekretaris nagara: Elihorep jeung Ahia, putra Sisa. Bendahara nagara: Yosapat bin Ahilud.

4Panglima perang: Benaya bin Yoyada. Imam-imam: Sadok jeung Abyatar.

5Kapala para bupati: Asarya putra Natan. Jurunasehat raja: Imam Sabud putra Natan.

6Kapala rumah tangga karaton: Ahisar. Kapala rodi: Adoniram bin Abda.

7Pikeun di sakuliah Israil, Suleman ngangkat dua belas gupernur, nu diwajibkeun ngayakeun bahan pangan pikeun raja saeusi bumi ti cangkinganana masing-masing, kagiliranana sabulan sakali saban taun.

8Ieu ngaran-ngaran eta dua belas pajabat jeung daerah cangkinganana: Ben Hur, nyangking kota-kota pagunungan Epraim.

9Ben Deker, nyangking kota-kota Makas, Saalbim, Bet Semes, Elon, jeung Bet Hanan.

10Ben Hesed, nyangking kota Arubot, Soko, jeung sawewengkon Heper.

11Ben Aminadab, anu nikah ka Tapat binti Suleman, nyangking satanah Dor.

12Baana bin Ahilud, nyangking kota-kota Taanak, Megido, sakuliah wewengkon deukeut Bet San, deukeut kota Sartan, kiduleun Yisrel nepi ka Abel Mehola jeung kota Yokmeam.

13Ben Geber, nyangking kota Ramot di Gilad jeung desa-desa di Gilad padesaan bani Yair turunan Menase, wewengkon Argob di Basan anu kabehna aya genep puluh dayeuh gede tur reugreug marake kuta jeung panto tambaga.

14Ahinadab bin Ido, nyangking distrik Mahanaim.

15Ahimaas anu nikah ka Basmat binti Suleman, nyangking wewengkon Naptali.

16Baana bin Husai, nyangking wewengkon Aser jeung Bealot.

17Yosapat bin Paruah, nyangking wewengkon Isaskar.

18Simei bin Ela, nyangking wewengkon Binyamin.

19Geber bin Uri, nyangking wewengkon Gilad anu kungsi diereh ku Raja Sihon urang Emor jeung ku Raja Og urang Basan. Aya deui hiji gupernur, anu ngagupernuran sakuliah tanah.

20Urang Yuda jeung urang Israil lobana geus kawas keusik basisir, tur teu kurang dahareun teu kurang inumeun, baragja hirupna.

21Ari legana karajaan Suleman ngawengku sakabeh bangsa ti semet Walungan Eprat nepi ka tanah Pelisti jeung wates nagara Mesir. Sapanjang anjeunna jumeneng, eta bangsa-bangsa anu kaereh ku anjeunna kabeh malayar upeti.

22Ari bahan dahareun anu dipikabutuh ku Suleman sapoe-sapoena tilu puluh pikul tipung lemes, genep puluh pikul tipung badag,

23sapuluh sapi kabiri, dua puluh sapi angon, saratus domba, jaba mencek, uncal, peucang jeung hayam kabiri.

24Anu kaereh ku Suleman teh sakuliah tanah kuloneun Walungan Eprat, mimiti ti Tipsa di wewengkon Eprat terus ka kulon nepi ka Gasa. Raja-raja nu aya di kuloneun Eprat kabeh kaereh ku anjeunna, tur aman kerta ti sakabeh nagara sakurilingna.

25Sapanjang anjeunna jumeneng, di sakuliah Yuda jeung Israil, rahayat hirupna aman santosa, saban rumah tangga baroga kebon anggur jeung kebon kondang sorangan.

26Suleman kagungan kuda opat puluh rebu gedogan, paranti narik kareta, jeung dua belas rebu serdadu kuda.

27Gupernurna anu dua belas, unggal bulan masing-masing kagiliran nganteuran bahan dahareun ka Raja Suleman, keur anjeunna jeung sakur anu aya di karaton. Kitu bae salawasna, ngalanteuran sagala bahan kaperluan.

28Jaba ti eta tiap gupernur nganteuran jawawut jeung jarami pikeun kuda anu narik kareta jeung pikeun sato-sato momot.

29Suleman ku Allah dipaparin kapinteran, panemu jeung pangaweruh anu luar biasa, teu bisa kaukur.

30Kapinteran Suleman leuwih-leuwih ti batan bujangga-bujangga Tatar Wetan atawa bujangga-bujangga Mesir.

31Dina sual kapinteran, anjeunna leuwih-leuwih ti sakabeh jelema, ngungkulan Etan urang Esrah, ngungkulan Kalkol jeung Darda putra-putra Makol, kagurnita ka saban nagara tatangga.

32Anjeunna ngarang tilu rebu siloka, kitu deui kidung-kidung leuwih ti sarebu rupa.

33Iasa medar hal tatangkalan jeung tutuwuhan, mimiti tina hal kai kiputri Libanon nepi ka hisop anu jadi dina tembok; iasa medar hal sasatoan, bangsa manuk-manuk, bangsa reptil, jeung bangsa lauk.

34Kapinteranana kagurnita ka sakabeh raja saalam dunya, seug raja-raja teh ngaririm utusan seja marulung hikmahna.



 <<  1 Raja-raja 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel