Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 1 >> 

1Di desa Ramah di pagunungan Epraim, aya hiji jelema kaom Epraim, ngaranna Elkana bin Yeroham, incu Elihu, warga Tohu ti kaom Sup.

2Boga bojo dua, Hana jeung Penina. Penina boga anak, Hana henteu hiji-hiji acan.

3Saban-saban taun Elkana sok indit ngabakti jeung ngurban ka PANGERAN Nu Maha Kawasa di Silo. Harita anu jadi imam PANGERAN teh duaan, putra Eli, jenenganana Hopni jeung Pinehas.

4Unggal-unggal tas ngurban Elkana sok ngirim daging ka Penina saanak-anak.

5Ka Hana oge ngirim, ngan ari ka Hana mah sakumaha nyaaheunana oge ngirimanana teu sabaraha, da ieu mah ku PANGERAN teu dikersakeun boga anak.

6Turug-turug ku maruna ngan dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena pedah teu boga anak.

7Kituna teh saban taun, unggal ka gedong PANGERAN tara teu dipeupeurih, nepi ka Hana ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan.

8Ku Elkana dibeberah, "Nyai, ku naon ceurik? Ku naon teu daek dahar? Nguluwut ku naon? Lain Akang teh leuwih nyaah ka Nyai ti batan ka barudak sapuluh?"

9(1:9-10) Dina hiji poe tas dalahar di gedong PANGERAN di Silo, Hana ngejat tuluy sasambat ka PANGERAN bari ceurik sesegruk. Kabeneran Imam Eli harita keur calik hareupeun lawang.

10(1:9)

11Hana ikrar kieu, "Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, tingali ieu abdi nuju kasesahan. Mugi mikaemut. Upami abdi ku Gusti dikersakeun gaduh anak tur lalaki, bade diiklaskeun sumeja kasanggakeun, saumurna sina kumawula ka Gusti sareng moal dicukur-cukur."

12Sabot Hana manteng neneda ka PANGERAN lila pisan, biwirna ku Eli diawas-awas.

13Ku sabab nenedana henteu kedal, ngan semet kuwas-kuwes henteu soraan, disangkana teh mabok.

14Eli ngalahir, "Meugeus mabok teh! Nanaonan, geura eling!"

15Wangsul Hana, "Bapa, abdi sanes keur mabok, teu nginum naon-naon. Nuju neneda, ngucutkeun kanalangsaan ka PANGERAN.

16Bapa ulah lepat panggalih nyangka abdi awewe teu puguh. Neneda dugi ka kieu teh ku margi parantos teu kiat ku nalangsa."

17Waler Eli, "Euh, sing gede hate atuh, mugia paneda Nyai diijabah ku Allah Israil."

18Wangsul Hana, "Nyuhunkeun pidu’ana ti kersa Bapa." Geus kitu tuluy kaluar, seug barang dahar. Hatena geus janglar.

19Isukna Elkana sakulawarga harudang, tuluy sembahyang ka kersa PANGERAN, ti dinya marulang ka Ramah. Hana ku Elkana ditemahan, sarta PANGERAN ngabulkeun panuhunna.

20Hana ngandeg, tuluy ngalahirkeun hiji anak lalaki, seug dingaranan Samuel, da carekna, "Beunang nyuhunkeun ti PANGERAN."

21Geus meujeuhna Elkana sakulawarga ka Silo deui nyanggakeun kurban taunan, jeung mayar kaulna ka PANGERAN.

22Tapi Hana henteu milu, carekna ka salakina, "Abdi mah engke bae ari si ujang parantos eureun nyusu. Si ujang bade dibantun ka gedong PANGERAN, sina terus di ditu bae saumur hirupna."

23Ceuk Elkana, "Heug kumaha Nyai bae, dagoan di dieu nepi ka si ujang disapih. Mugia PANGERAN ngalaksanakeun pangandika-Na ka Nyai." Hana tetep di lembur bari ngasuh orok.

24Sanggeus disapih, Samuel ku Hana dibawa ka Silo, bari mawa sapi hiji umur tilu taun, tipung sapuluh kilo jeung anggur sawadah. Basa dibawa ka Kemah PANGERAN di Silo teh Samuel alit keneh pisan.

25Sanggeus sapina dipeuncit, eta murangkalih teh dibawa ka Eli.

26Piunjuk Hana ka Eli, "Punten Bapa, emut keneh manawi ka abdi, anu kapungkur katingali ku Bapa neneda di dieu, ka PANGERAN?

27Harita abdi teh nyuhunkeun dipaparin anak, ayeuna parantos dimakbul. Ieu pun anak teh.

28Ayeuna seja dibaktikeun ka PANGERAN, saumur hirupna sina ngawula ka Mantenna." Geus kitu aranjeunna sembahyang di dinya ka PANGERAN.



 <<  1 Samuel 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel