Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 23 >> 

1Aya anu bebeja ka Daud yen urang Pelisti ngarurug kota Kehila, ngarampog gandum anyar.

2Anjeunna tumaros ka PANGERAN, "Kumaha abdi teh, kedah ngarurug ka urang Pelisti?" "Jung rurug," waler PANGERAN. "Pek tarajang, salametkeun kota Kehila."

3Tapi ceuk nu ngariring, "Di dieu, di Yuda, urang parantos sakieu hariwangna, komo upami kedah ka Kehila nempuh urang Pelisti!"

4Ku sabab kitu Daud tumaros deui ka PANGERAN. Ari waleran PANGERAN, "Bral bae rurug eta urang Pelisti teh ka Kehila, ku Kami rek diselehkeun ka maneh."

5Bral Daud sabaladna ngabujeng ka Kehila, sarta urang Pelisti ditempuh datang ka loba pisan baladna anu kasambut, sarta ingon-ingonna dijabel. Kota Kehila katulungan.

6Ari Abyatar putra Ahimelek tea kaburna ka Daud teh terus ngiring ka Kehila bari nyandak epod.

7Aya wartana ka Saul yen Daud aya di Kehila. Saurna, "Tah geuning jelema teh ku Allah geus diselehkeun ka aing, geus ngurung maneh di jero kota nu make kuta jeung benteng."

8Ti dinya anjeunna ngumpulkeun pasukan rek dicandak ka Kehila ngepung Daud sabaladna.

9Barang Daud ngadangu yen Saul arek ngajorag, anjeunna nyaur Abyatar, saurna, "Epod candak ka dieu."

10Seug anjeunna unjukan ka PANGERAN, Allah Israil, "Aya wartos Saul bade ngajorag ngagempur Kehila, ngarah ka abdi.

11Kumaha urang Kehila, naha bakal nyerenkeun abdi ka Saul? Naha leres Saul bakal ka dieu sakumaha wartos? Nun PANGERAN, Allah Israil, mugi kersa ngawaler!" PANGERAN ngawaler, "Saul tangtu ka dieu."

12Daud unjukan deui, "Kumaha urang Kehila, bade nyerenkeun abdi sadaya ka Saul?" PANGERAN ngawaler, "Enya."

13Harita keneh Daud sabaladna, kira-kira genep ratus urang, angkat nyingkah ti Kehila. Barang Saul ngadangu warta yen Daud geus kaluar ti Kehila, ngarurugna henteu tulus.

14Daud geus nyumput di pagunungan di hiji tanah gurun deukeut Sip. Saul teu eureun-eureun ngudag-ngudagna, tapi ku Allah teu diparengkeun iasa newak.

15Daud geus uningaeun yen Saul geus kaluar deui rek ngarah pati. Daud nyumputna di Hores, hiji tanah gurun deukeut Sip.

16Jol Yonatan ka dinya nepangan sarta ngahatean ka anjeunna kalawan percanten kana pangraksa Allah.

17Saurna ka Daud, "Rayi ulah sieun, Saul rama Akang moal iasa naon-naon ka Rayi. Anjeunna uningaeun pisan yen Rayi bakal jadi raja nyangking Israil, sarta Akang pijadieun anu kadua ti Rayi."

18Seug Yonatan jeung Daud ngikrarkeun sumpah suci moal pegat sosobatan. Geus kitu Yonatan mulih, ari Daud tetep di Hores.

19Aya sawatara urang Sip anu bebeja ka Saul di Gibea, pokna, "Daud aya di wewengkon abdi di Hores, di Gunung Hakila, di tanah gurun wewengkon urang Yuda palih kidul.

20Abdi terang Sang Raja kalintang hoyongna nangkep Daud. Mangga sumping ka ditu, ditanggel Daud katangkep."

21Saur Saul, "Maraneh sing diberkahan ku Allah, sabab geus sakitu hadena ka kami!

22Jung geura baralik, jeung puguhkeun sakali deui, sidikkeun di lebah mana nyumputna, saha anu kungsi nenjoeunana. Bejana eta jelema teh kacida pelitna.

23Sing kapanggih panyumputanana, tuluy buru-buru bejakeun ka kami di dieu. Engke urang bareng ka ditu jeung kami, urang peregokan. Mun di dinya keneh ku kami rek diubek. Lamun perlu satanah Yuda rek dikotektak."

24Urang Sip baralik heulaeun Saul. Ari Daud jeung sabaladna aya di tanah gurun Maon, di hiji lebak anu tiiseun, wewengkon tanah gurun urang Yuda beulah kidul.

25Aya anu bebeja ka Daud yen Saul geus angkat jeung baladna arek ngudag. Daud ngalih ka hiji gunung cadas di tanah gurun Maon, tapi Saul oge ka dinya ngudagna.

26Saul sabaladna geus aya di sisi eta gunung cadas beulah ditu, Daud sabaladna sisi beulah dieu purat-perot nyingkahan Saul anu geus beuki deukeut. Moal lila deui ge kaudag.

27Tapi dumadakan aya utusan datang ka Saul, miunjuk, "Enggal mulih, urang Pelisti ngarurug ka nagara!"

28Saul nunda udaganana, rek ngayonan heula urang Pelisti. Ku sabab kitu eta tempat disebut Pasir Pamisah.

29Daud ngalih ti dinya tuluy nyumput di wewengkon En Gedi.



 <<  1 Samuel 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel