Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 27 >> 

1Ieu daptar kapala-kapala kulawarga Israil jeung kapala-kapala golongan, jeung para perwira, anu ngurus pagawean pikeun raja. Unggal taun saban-saban bulan kudu aya dua puluh opat rebu jelema anu digarawe anu dikapalaan ku hiji kapala.

2(27:2-15) Kapala-kapala tiap bulanna nya eta: Bulan kahiji: Yasobam bin Sabdiel, ti golongan Peres kaasup kaom Yuda. Bulan kadua: Dodai turunan Ahohi (pamingpin nu kadua nya eta Miklot). Bulan katilu: Benaya putra Imam Yoyada, pamingpin "Si Tilu Puluh" tea. (Anjeunna diganti ku Amisabad, putrana, kapala rombongan bulan ieu.) Bulan kaopat: Asahel, rayi Yoab (anjeunna diganti ku Sebaja putrana). Bulan kalima: Samhut, turunan Yishar. Bulan kagenep: Ira bin Ikes, ti Tekoa. Bulan katujuh: Heles, urang Epraim ti Pelon. Bulan kadalapan: Sibkai ti Husa (warga Sera, kaasup kaom Yuda). Bulan kasalapan: Abieser urang Anatot wewengkon kaom Binyamin. Bulan kasapuluh: Maharai urang Netopa (ti golongan Sera). Bulan kasabelas: Benaya, urang Piraton wewengkon kaom Epraim. Bulan kadua belas: Heldai urang Netopa (turunan Otniel).

3(27:2)

4(27:2)

5(27:2)

6(27:2)

7(27:2)

8(27:2)

9(27:2)

10(27:2)

11(27:2)

12(27:2)

13(27:2)

14(27:2)

15(27:2)

16(27:16-22) Ieu daptar anu ngurus kaom-kaom Israil: Kaom Rubin, diurusna ku Elieser bin Sikri. Kaom Simeon, diurusna ku Sepaca bin Maaka. Kaom Lewi, diurusna ku Hasabya bin Kemuel. Kaom Harun, diurusna ku Sadok. Kaom Yuda, diurusna ku Elihu saderek Raja Daud. Kaom Isaskar, diurusna ku Omri bin Mikael. Kaom Sebulun, diurusna ku Ismaya bin Obaja. Kaom Naptali, diurusna ku Yeremot bin Asriel. Kaom Epraim, diurusna ku Hosea bin Asasia. Kaom Menase Kulon, diurusna ku Yoél bin Pedaya. Kaom Menase Wetan, diurusna ku Ido bin Jakaria. Kaom Binyamin, diurusna ku Yaasiel bin Abner. Kaom Dan, diurusna ku Asarel bin Yeroham.

17(27:16)

18(27:16)

19(27:16)

20(27:16)

21(27:16)

22(27:16)

23Anu umurna tacan dua puluh taun ku Raja Daud henteu diitung, sabab aya timbalan PANGERAN yen urang Israil rek didamel mangpirang-pirang lobana lir bentang minuhan langit.

24Basa dicacah jiwa ku Yoab putra ibu Seruya tea, diitungna teu dianggeuskeun, tur cacah jiwa harita ngalantarankeun urang Israil dihukum ku Allah. Jadi jumlah anu saenyana keur jaman Raja Daud henteu kacatet.

25(27:25-31) Ieu daptar jalma-jalma anu ngurus milik karajaan: Asmawet bin Adiel ngurus gudang-gudang raja. Yonatan bin Usia ngurus gudang-gudang anu sumebar di tempat-tempat sejen. Esri bin Kelub ngurus gawe ngolah tanah. Simei ti Ramah ngurus lahan-lahan anggur. Sabdi ti Sepam ngurus gudang-gudang anggur inuman. Baal Hanan urang Geder ngurus kebon jetun jeung kebon kondang di suku gunung beulah kulon. Yoas ngurus minyak jetun. Sirtai urang Saron ngurus ingon-ingon sapi di Sampalan Saron. Sapat bin Adlai ngurus ingon-ingon sapi anu di lebak-lebak. Obil bangsa Ismail ngurus onta. Yehdeya urang Meronot ngurus kalde. Yasis bangsa Hagri ngurus domba jeung embe.

26(27:25)

27(27:25)

28(27:25)

29(27:25)

30(27:25)

31(27:25)

32Yonatan, kapiramana Daud, juru pituah anu binangkit jeung luhur panemuna, anu ngadidik putra-putra raja, duaan jeung Yehiel bin Hakmoni.

33Ahitopel, jurupituah raja, Husai urang Arki, sobat raja jeung jadi jurunasehatna.

34Ahitopel pupus, diganti ku Abyatar jeung Yoyada bin Benaya. Yoab panglima perang.



 <<  1 Tawarikh 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel