Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 8 >> 

1Binyamin putrana lima, nya eta: Bela, cikalna, Asbel, Ahrah,

2Noha jeung Rapa.

3Bela puputra Adar, Gera, Abihud,

4Abisua, Naaman, Ahoah,

5Gera, Sepupan, Huram.

6(8:6-7) Ehud, puputra Naaman, Ahia, Gera, kabeh jaradi kapala karuhun jalma-jalma anu maratuh di Geba, anu tuluyna diboyong ka Manahat. Waktu keur diboyongna dikapalaan ku Gera, ramana Usa jeung Amihud.

7(8:6)

8(8:8-9) Saharaim mirak dua bojona, Husim jeung Baara. Geus kitu pindah ka tanah Moab sarta nikah di dinya ka Hodes, tuluy puputra tujuh: Yobab, Sibya, Mesa, Malkam,

9(8:8)

10Yus, Sakis jeung Mirma, anu jaradi kapala kulawargana masing-masing.

11Memeh eta, ti Husim oge aya putrana dua nya eta Ahitub jeung Elpaal.

12Elpaal puputra tilu: Eber, Misham jeung Semed. Semed ngadegkeun kota Ono jeung Lod katut lembur-lembur sakurilingna.

13Beria jeung Sema jaradi kapala warga anu maratuh di kota Ayalon, sarta nyingkahkeun jalma-jalma urang kota Gat.

14Beria puputra Ahio, Sasak, Yeremot,

15Sebaja, Arad, Eder,

16Mikael, Yispa jeung Yoha.

17Elpaal puputra: Sebaja, Mesulam, Hiski, Heber,

18Yismerai, Yisli jeung Yobab.

19Simei puputra: Yakim, Sikri, Sabdi,

20Elienai, Siltai, Eliel,

21Adaya, Beraya jeung Simrat.

22Sasak puputra: Yispan, Eber, Eliel,

23Abdon, Sikri, Hanan,

24Hananya, Elam, Antotia,

25Yipdea jeung Penuel.

26Yeroham puputra: Samserai, Seharya, Atalya,

27Yaaresia, Elias jeung Sikri.

28Kabeh jaradi kapala warga sakaruhunna-sakaruhunna, anu turunanana maratuhna di Yerusalem.

29Yiel ngadegkeun kota Gibon sarta matuhna oge di dinya. Ngaran istrina Maaka.

30Anjeunna puputra: Abdon cikalna, Sur, Kis, Baal, Ner, Nadab,

31Gedor, Ahio, Seker

32jeung Miklot. Miklot puputra Simea. Turunan maranehna caricingna di Yerusalem deukeut jeung pada baraya.

33Ner puputra Kis, Kis puputra Raja Saul. Saul puputra opat: Yonatan, Malkisua, Abinadab jeung Esbaal.

34Yonatan puputra Meribaal, Meribaal puputra Mika.

35Mika puputra opat: Piton, Melek, Tarea jeung Ahas.

36Ahas puputra Yoada, Yoada puputra tilu: Alemet, Asmawet jeung Simri. Simri puputra Mosa.

37Mosa puputra Bina, Bina puputra Rapa, Rapa puputra Elasa, Elasa puputra Asel.

38Asel puputra genep: Asrikam, Bokru, Ismail, Sarya, Obaja jeung Hanan.

39Esek saderek Asel putrana tilu: Ulam, Yehus jeung Elipelet.

40Putra-putra Ulam jaradi prajurit anu kamashur, palinter mentang jamparing. Putra putuna anu lalaki aya saratus lima puluh urang. Kabeh kaasup kaom Binyamin.



 <<  1 Tawarikh 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel