Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 9 >> 

1Urang Israil kabeh enggeus didaptarkeun nurutkeun sakumaha silsilah turunanana, tur geus dicatet dina Kitab Raja-raja Israil. Ari urang Yuda, tina sabab dosa-dosana enggeus dihukum dibuang ka Babul.

2Anu pangheulana marulang ka kota-kota asalna nya eta urang Israil golongan rahayat biasa, para imam, urang-urang Lewi, jeung tukang-tukang digarawe di Bait Allah.

3Jalma-jalma ti kaom-kaom Yuda, Binyamin, Epraim, jeung Menase, maratuhna di Yerusalem.

4(9:4-6) Ti kaom Yuda anu maratuhna di Yerusalem teh aya 690 kulawarga. Turunan anu mencarna ti Peres bin Yuda dikapalaanana ku Utai bin Amihud bin Omri. Imri jeung Bani oge karuhun Utai keneh. Turunan anu mencarna ti Selah bin Yuda di kapalaan ku Asaya. Asaya jadi kapala kulawargana. Turunan anu mencarna ti Serah bin Yuda dikapalaanana ku Yehuel.

5(9:4)

6(9:4)

7(9:7-8) Ti kaom Binyamin anu maratuhna di Yerusalem teh nya eta: Salu bin Mesulam bin Hodawia bin Hasenua. Yibneya bin Yeroham. Ela bin Usi bin Mikri. Mesulam bin Sepaca bin Rehuel bin Yibnia.

8(9:7)

9Nya maranehna anu ngapalaan jalma-jalma ti kaom Binyamin anu maratuhna di Yerusalem anu lobana 956 kulawarga.

10(9:10-12) Para imam anu maratuhna di Yerusalem nya eta: Yedaya, Yoyarib jeung Yakin. Asarya bin Hilkia, kapala urusan Bait Allah (karuhunna nya eta Mesulam, Sadok, Merayot jeung Ahitub). Adaya bin Yeroham, anu karuhunna nya eta Pashur jeung Malkia. Maasai bin Adiel, anu karuhunna Yahsera, Mesulam, Mesilemit jeung Imer.

11(9:10)

12(9:10)

13Imam-imam anu jaradi kapala kulawarga kabehna aya 1.760 urang. Aranjeunna geus tarabah ngatur saniskara pagawean urusan Bait Allah.

14(9:14-16) Urang Lewi anu maratuh di Yerusalem nya eta: Semaya bin Hasub, anu karuhunna Asrikam jeung Hasabya ti kaom Merari. Bakbakar, Heres jeung Galal. Matanya bin Mika, anu karuhunna Sikri jeung Asap. Obaja bin Semaya, anu karuhunna Galal jeung Yedutun. Berekya bin Asa bin Elkana, anu matuhna di desa urang Netopa.

15(9:14)

16(9:14)

17Para pangawal Bait Allah anu maratuh di Yerusalem nya eta: Salum, Akub, Talmon jeung Ahiman. Salum jadi kapala pangawal.

18Nepi ka mangsa harita jalma-jalma golongan warga maranehna ditempatkeunana teh di lawang Gapura Raja beulah wetan. Tadina maranehna ngawalna teh di lawang-lawang anu brasna ka pakemahan urang Lewi.

19Salum bin Kore incu Ebyasap jeung jalma-jalma papada warga Korah, dibere kawajiban ngajaga lawang Kemah Tepangan PANGERAN, cara papancen karuhunna bareto di pakemahan PANGERAN.

20Putra Elasar, Pinehas — anu hartina: Mugia manehna disarengan ku PANGERAN — kungsi ngapalaan maranehna.

21Jakaria bin Meselemya, eta oge ngajaga lawang Kemah Tepangan PANGERAN.

22Anu kapilih ngajaga lawang-lawang jeung gapura-gapura teh kabehna aya 212 urang, anu didaptarkeunana di sadesana-sadesana. Eta papancen baretona dijalankeun ku para karuhunna, diayakeunana ku Raja Daud jeung Samuel, juru tingal tea.

23Papancen ngajaga gapura-gapura Bait Allah teh diteruskeunana ku maranehna saturunanana.

24Gapura-gapura teh masing-masing nyanghareupna ka kaler, ka kidul, ka kulon, ka wetan, sarta masing-masing aya kapala pangawalna saurang.

25Anu ngajaraga di dinya dibantu ku duduluranana anu maratuh di desa-desa, ngabantuna kagiliran saminggu sewang.

26Kapalana, anu kudu tanggung jawab aya opatan, kabeh urang Lewi. Kajaba ti kitu eta kapala-kapala jaga teh kudu ngurus rohangan-rohangan Bait Allah katut ngurus rajabranana.

27Ku sabab kudu ngajaga Bait Allah sarta unggal isuk kudu mukakeun gapura-gapurana, maratuhna oge deukeut Bait bae.

28Papancen urang Lewi lianna, sawareh ngarawatan parabot ngabakti; mun rek dipake kitu deui sanggeusna, eta parabot kudu diitung.

29Sawareh deui kudu ngurus parabot suci, ngurus tipung, anggur, minyak jetun, wawangian, jeung bungbu-bungbu.

30Tapi anu meunang ngaramu bungbu-bungbu mah ngan golongan imam wungkul.

31Matica, putra Salum anu cikal urang Lewi golongan Korah, papancenna kudu gurang-goreng keur kurbankeuneun.

32Jalma-jalma golongan Kahat saban poe Sabat kudu nyadiakeun roti suci teundeuneun di Bait Allah.

33Sawareh deui urang Lewi teh aya anu kudu jaradi biduan di Bait Allah. Pamingpin-pamingpin para biduan caricingna di sababaraha babagian Bait, jeung bebas tina papancen sejenna, sabab papancen eta mah kudu dijalankeun beurang peuting.

34Anu ngaran-ngaranna ditataan di luhur bieu kabeh kapala kulawarga urang Lewi sakaruhunna-sakaruhunna masing-masing, jeung jaradi pamingpin pangeusi kota Yerusalem.

35Yiel ngadegkeun kota Gibon, calikna oge di dinya jeung Maaka, istrina.

36Putra-putrana nya eta: Abdon cikalna, Sur, Kis, Baal, Ner, Nadab,

37Gedor, Ahio, Jakaria jeung Miklot.

38Miklot puputra Simea. Turunan maranehna maratuhna di Yerusalem, deukeut jeung pada dulur anu sakaruhun.

39Ner puputra Kis, Kis puputra Saul. Saul putrana opat: Yonatan, Malkisua, Abinadab jeung Esbaal.

40Yonatan puputra Meribaal, Meribaal puputra Mika.

41Mika putrana opat: Piton, Melek, Tarea jeung Ahas.

42Ahas puputra Yara, Yara putrana tilu: Alemet, Asmawet jeung Simri. Simri puputra Mosa,

43Mosa puputra Bina, Bina puputra Repaya, Repaya puputra Elasa, Elasa puputra Asel.

44Asel putrana genep: Asrikam, Bokru, Ismail, Sarya, Obaja jeung Hanan.



 <<  1 Tawarikh 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel