Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 3 >> 

1Aya anu nyebutkeun, "Jelema anu hayang jadi pamingpin jamaah mah malar kana gawe mulya." Enya eta teh.

2Sabab jadi pamingpin jamaah mah kudu ulah aya kuciwa. Pamajikan teu meunang leuwih ti hiji. Kudu wijaksana, kudu bisa nahan diri, kudu rapih, kudu someah ka semah, kudu bisa ngawuruk,

3lain pamabokan, ulah bengis, kudu darehdeh, resep badami jeung ulah piduit.

4Kudu bisa ngatur kulawarga sorangan, ku anak kudu katurut jeung dipikaajrih.

5Sabab lamun ka kulawarga sorangan geus teu bisa ngatur, kumaha rek bisa ngatur jamaah Allah?

6Kudu geus lila deuih asupna agama, supaya ulah jadi gumede tuluy tigubrag, saperti Iblis.

7Jeung kudu hade kasebutkeunana ku nu di luar jamaah, supaya ulah jadi cela anu ahirna beunang kajiret ku Iblis.

8Nya kitu keneh anu jaradi juruladen jamaah, kudu hade ahlak, kudu satarabasna, ulah beuki nginum, ulah mata duiteun,

9kudu ngaku ku budi rasa anu beresih yen agamana teh nyata benerna.

10Anu matak kudu diuji heula tabeatna, lamun lulus kakara jenengkeun.

11Pamajikanana oge kudu hade tabeat, lain tukang ngupat, peryoga, jujur dina sagala perkara.

12Juru laden jamaah mah pamajikanana kudu hiji bae, jeung kudu bisa ngawarah anak jeung ngatur kulawargana.

13Juru laden anu hade gawe tangtu bakal diajenan, matak laluasa nyarita perkara kapercayaan ka Kristus Yesus.

14Sabot bapa nulis, bapa boga maksud rek buru-buru manggihan hidep.

15Tapi bisi bae elat, hidep geus nyaho tina ieu surat kudu kumaha lampah hirup di kalangan warga Allah, nya eta di gareja Allah anu jumeneng, anu jadi tihang jeung panyangga kayaktian.

16Geus teu bisa dibantah deui, rasiah ibadah urang teh kacida agungna: Kristus geus mijalma jadi manusa, hal eta ku Roh Suci geus dibuktikeun benerna, para malaikat saksina, dimashurkeun ka bangsa-bangsa, dipercaya ku saalam dunya, ayeuna Anjeunna geus diangkat ka sawarga.



 <<  1 Timotius 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel