Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 2 >> 

1Anaking! Bapa nulis ieu teh rek ngelingan, aranjeun ulah milampah dosa. Tapi mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama.

2Memang ku karana Yesus Kristus pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang bae, dosa sakabeh jelema oge dihampura.

3Lamun urang nurut kana timbalan-timbalan Allah, eta tandaning urang terang ka Mantenna.

4Anu ngakukeun terang ka Allah tapi teu nurut kana timbalana-Na, eta teh ngabohong, jeung dina hatena teu aya kayaktian ti Allah.

5Jelema anu nurut kana sabda Allah, nya eta anu sampurna nyaahna ka Mantenna. Tah nu kitu tandana hirup urang geus satunggal jeung Allah teh.

6Sing saha anu ngakukeun hirupna geus satunggal jeung Allah, lampahna kudu sakumaha lampah Kristus.

7Dulur-dulur, bapa lain rek nuliskeun parentah anyar. Ieu teh parentah anu bareto keneh, anu lawas, anu katarima ti heula tea, jeung geus kabarandungan ku aranjeun basa mimiti diwawarkeun.

8Tapina deui anu ditulis ayeuna teh jadi parentah anyar ongkoh, sabab kayaktianana geus tembong dina pribadi Kristus, oge dina pribadi aranjeun. Jadi, sajatining caang geus suminar, poek geus leungit.

9Sing saha anu ngakukeun geus aya di nu caang tapi ngewa ka dulur, saenyana hirupna nepi ka ayeuna di nu poek keneh.

10Sing saha anu nyaah ka dulur, eta ciri hirup di nu caang, jeung moal matak jadi pidosaeun batur.

11Sabalikna sing saha anu ngewa ka dulur, hirupna teh di nu poek, lumakuna di nu poek, teu nyahoeun rek ka mana da teu nenjoeun naon-naon lantaran poek.

12Barudak, anaking! Bapa nulis ieu ka maraneh teh ku sabab dosa maraneh geus dihampura, ku karana Kristus.

13Kaom bapa! Sim kuring nulis ieu teh lantaran aranjeun geus tarerang ka Anjeunna anu geus jumeneng ti barang mimiti. Para perjaka, bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh garagah geus bisa ngelehkeun pangajak si Jahat.

14Barudak, anaking! Bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh geus tarerang ka anu jumeneng Rama. Kaom bapa! Sim kuring nulis ieu teh ku sabab aranjeun geus tarerang ka Anjeunna anu geus jumeneng ti barang mimiti. Para perjaka! Bapa nulis ieu teh ku sabab maraneh garagah, geus kaancikan ku sabda Allah, jeung geus bisa ngelehkeun si Jahat.

15Ulah kagendam ku perbawa dunya, atawa naon bae anu asal ti dunya. Lamun kagendam, tanda aranjeun teu nyaraah ka anu jumeneng Rama.

16Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.

17Dunya ieu jeung sagala eusina anu dicileuk ku manusa teh ayeuna keur maju kana euweuh, tereh leungit; sabalikna anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna.

18Anaking, ayeuna teh geus tereh kiamat. Maraneh geus dibejaan yen di ahir bakal aya musuh Kristus. Ayeuna musuh-musuh Kristus teh geus mimiti narembongan, ciciren geus rek ahir jaman.

19Maranehna asal ti urang keneh, ngan geus kalaluar kawantu bareto arasupna ka urang oge henteu niat saenyana. Mun rek saenyana ge tangtu tetep ngahiji jeung urang. Ayeuna geus naringgalkeun, jadi sidik kabehanana oge henteu kaasup ka urang.

20Tapi aranjeun geus diterapan Roh Suci ku Kristus, jadi geus tarerang anu mana anu bener kayaktian ti Allah.

21Jadi bapa nulis ieu teh lain ku sabab maraneh can nyaraho kana eta kayaktian, malah ku sabab geus nyaraho kana hal eta, geus nyaraho oge yen anu bener mah moal ngabohong.

22Nu mana atuh anu ngabohong teh? Geus tangtu anu nyebutkeun Yesus lain Kristus. Eta teh Musuh Kristus, sabab teu ngaku ka anu jadi Rama jeung ka anu jadi Putra.

23Anu teu ngaku ka Putra-Na, eta teu ngaku ka Rama-Na. Anu ngaku ka Putra-Na, eta ngaku ka Rama-Na.

24Ku sabab kitu sing pageuh percaya kana wawaran anu pangheulana. Lamun geus pageuh kana eta, salilana bakal ngahiji jeung Putra jeung Rama.

25Ganjaranana sakumaha anu dijangjikeun ka maraneh ku Kristus, nya eta hirup langgeng.

26Bapa nulis ieu teh ngabejaan yen aya anu rek nyasabkeun ka maraneh.

27Sukur maraneh geus diterapan Roh Anjeunna. Satungtung Roh-Na aya dina hate maraneh, maraneh teu perlu diajar deui ku nu sejen, sabab Roh Anjeunna anu bakal ngawulangkeun sagala rupa kanyaho anu sayakti moal ngajarkeun anu bohong. Turut piwulang-Na, jeung sing tetep dina kasatunggalan jeung Kristus.

28Sakali deui anaking, sing tetep satunggal jeung Anjeunna, supaya ari Anjeunna geus sumping urang bisa yakin jeung moal era-era ngadeuheusan dina Poean sumping-Na.

29Maraneh nyaho yen Kristus teh bener. Jadi kudu terang deuih yen sing saha anu lampahna bener, nurut ka Allah, eta teh putra Allah.



 <<  1 Yohanes 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel