Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 3 >> 

1Kumaha caritaan sim kuring anu bieu teh aya sari-sari muji maneh? Naha sugan siga anu mikabutuh surat pujian cara batur, ti aranjeun atawa tembongkeuneun ka aranjeun?

2Surat pujian anu dipikabutuh ku sim kuring mah nya aranjeun, katulisna dina ati, sarta bisa ditingali jeung dibaca ku sarerea.

3Nu nyerat surat pujian anu ieu mah Kristus ku anjeun, kitu deui anu ngintunkeunana ka sim kuring. Ditulisna lain dina papan batu kawas anu ti heula, tapi dina hate manusa, sarta anu dianggo nulisna lain mangsi tapi Roh Allah anu jumeneng.

4Bisa nyebut kitu teh lantaran sim kuring ngandel ka Allah, ku karana Kristus.

5Saenyana sim kuring mah teu boga kasanggupan pikeun ngalakonan eta papancen ti Allah teh. Bisa soteh ngalakonan, ngan ku karana pangersa Allah keneh, nu maparin kamampuh ka sim kuring.

6Nya Mantenna anu ngalantarankeun sim kuring sanggup jadi palayan tina perjangjian anyar, anu eusina lain hukum-hukum anu beunang nulis, tapi eusina teh nya eta Roh Gusti. Sabab hukum-hukum anu beunang nulis tea mah maehkeun, sabalikna Roh Gusti mah ngahirupkeun.

7Hukum Agama Yahudi anu ditulisna diwangun aksara dina papan batu tea, waktu diumumkeunana dibarengan ku gumebyarna cahaya kamulyaan Allah anu tembong dina raray Musa. Sanajan eta cahaya geus mimiti surem, urang Israil teu kadarugaeun neuteup. Lamun Hukum Agama, anu eusina ngancam paeh tea waktu diumumkeunana dibarengan ku cahaya sakitu mulyana,

8atuh komo anu meunang ngadamel Roh Gusti, cahayana tangtu leuwih mulya!

9Lamun perjangjian anu ngancam ku hukuman geus sakitu mulyana, geus komo deui perjangjian anu tujuanana keur pisalameteun, pasti mulyana kabina-bina!

10Dibandingkeun jeung agungna kamulyaan anu ieu mah kamulyaan anu ti heula teh kasilep.

11Lamun hal anu umurna teu lila geus mulya, geus komo deui hal anu sipatna langgeng tangtu leuwih-leuwih mulyana!

12Sim kuring wani nyebut kitu, lantaran ngandel kana eta hal.

13Sim kuring moal kawas Musa anu mindingan rarayna ku cindung, supaya urang Israil henteu narenjo cahaya Pangeran anu mimiti rek leungit tina rarayna.

14Ku sabab Musa mindingan rarayna ku cindung, nepi ka kiwari oge urang Israil mah maca eta perjangjian lawas teh teu ngarti-ngarti, da pikiran sehatna katutup ku eta cindung. Eta cindung kakara bisa disingkirkeun lamun jelema ngahiji jeung Kristus.

15Malah ayeuna ge ana maranehanana maca Hukum Musa, pikiran sehatna angger kapindingan ku eta cindung.

16Tapi eta cindung teh bisa diangkat, sakumaha ceuk Kitab Suci anu ngeunaan Musa: "Waktu anjeunna malik mayun ka Pangeran, cindungna diangkat."

17Tah, "Pangeran" anu disebut dina eta ayat teh nya eta Roh; di mana aya Roh Pangeran, aya kamerdekaan.

18Ku kituna urang kabeh nyumiratkeun cahaya kamulyaan Pangeran, da beungeut urang mah henteu katutup ku eta cindung. Eta cahaya mulya anu asalna ti Pangeran, Roh tea, ngarobah kaayaan urang jadi mulya kawas Mantenna sarta beuki lila beuki mulya.



 <<  2 Korintus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel