Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 5 >> 

1Sabab sim kuring geus terang, yen lamun imah urang di dunya, nya eta badan kasar geus ruksak, ku Allah bakal disadiakeun imah di sawarga, damelan Allah ku manten anu sipatna langgeng.

2Ayeuna urang teh rumahuh, kacida hayangna nempatan imah nu di sawarga.

3Eta imah mun ku urang geus dipake, bakal jadi badan urang anu anyar.

4Sapanjang make ieu imah anu sipat jasmani, urang teh wungkul rumahuh ku rupa-rupa beungbeurat. Tapi lain hartina hayang ucul tina badan nu asal ti dunya, hayang soteh make badan anu ti sawarga, malar badan anu sipatna keuna ku ajal teh salin jadi sipat hirup.

5Anu baris nyalin jeung anu nyayagikeunana teh Allah. Mantenna geus maparinkeun Roh-Na ka urang, tanda mastikeun yen sakur anu disayagikeun ku Mantenna teh pikeun urang.

6Eta sababna pangna hate sim kuring salawasna reugreug. Sim kuring terang yen sapanjang make keneh badan nu ayeuna mah urang teh jauh ti tempat Gusti linggih.

7Sabab hirup sim kuring mah dasarna teh rasa percaya, lain panenjo.

8Nya ieu anu ngalantarankeun hate sim kuring teteg teh. Anu matak sim kuring mah mending ucul tina badan nu ayeuna, supaya bisa cicing ngahiji jeung Gusti.

9Ku kituna sim kuring mah boh dina badan anu ayeuna boh nu engke, tetep hayang nyenangkeun manah Anjeunna.

10Sabab urang kabeh engke kudu jonghok di payuneun Kristus, dipariksa kalakuan. Unggal jelema bakal narima bagianana satimpal jeung kalakuan hirupna di dunya, hade atawa goreng.

11Urang terang naon hartina sieun ku Pangeran. Eta sababna sim kuring ihtiar pikeun ngayakinkeun ka nu sejen. Allah uninga sagala rupa hal sim kuring, muga-muga aranjeun oge dina hate terang enya ka sim kuring.

12Tapi lain ku dumeh sim kuring hayang kapuji deui ku aranjeun, ieu mah supaya aranjeun agul ku sim kuring teh aya alesanana anu layak, supaya terang kudu ngajawab kumaha ka anu sok ngagulkeun lahiriahna jelema, lain ngagulkeun budina.

13Waras atawa henteu sim kuring teh? Lamun teu waras, eta demi kapentingan Allah. Lamun waras, eta demi kapentingan aranjeun.

14Sim kuring, anu dibawah ku asih Kristus terang, yen lamun hiji jelema maotna pikeun nalangan jalma rea, jalma-jalma anu ditalanganana oge kabeh milu maot.

15Kristus pupus nalangan manusa kabeh, supaya sakur anu hirup, hirupna lain pikeun dirina sorangan deui, tapi pikeun Kristus, anu geus pupus jeung geus dihirupkeun deui pikeun kapentingan maranehna.

16Ku sabab kitu urang ari ngukur jelema teh ulah mandang harkat darajatna. Memang sim kuring oge asalna mah mandang Kristus teh nurutkeun ukuran manusa, tapi ayeuna mah geus henteu kitu.

17Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.

18Eta kabeh kitu dipidamelna ku Allah. Mantenna ku jalan Kristus kersa dalit jeung urang, henteu ngamusuh deui, sarta sim kuring ku Mantenna ditimbalan ngajak ka nu sejen supaya nu sejen-sejen oge dalit jeung Mantenna.

19Tah anu diwartakeun ku sim kuring teh nya eta, Allah ku jalan Kristus ngayakeun damel supaya sakumna manusa dalit jeung Mantenna, dosa jeung kasalahanana ku Allah geus henteu diemut-emut deui, sarta sim kuring ku Mantenna dipiwarang ngawartakeun hal eta.

20Jadi sim kuring sabatur-batur teh nya utusan-utusan Kristus, nyarita teh kalayan asmana Kristus. Ku jalan ngutus sim kuring teh Allah lir ibarat sumping ku manten ngadugikeun pangersa-Na. Ayeuna, kalayan pajenengan Kristus sim kuring sanget nya ngaharep, muga aranjeun daraek narima eta sih kurnia Allah anu ngarapihan deui ka aranjeun.

21Pikeun kasalametan urang, Kristus anu tanpa dosa teh ku Allah disina nanggung dosa urang, sangkan dina kasatunggalan jeung Anjeunna urang bisa diangken bener ku Allah.



 <<  2 Korintus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel