Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 9 >> 

1Perkara aranjeun kudu ngabantu umat Allah di Yudea, saenyana teu perlu disuratan heula.

2Percaya yen aranjeun bakal rarido, nepi ka dipuji ka urang Makedoni. Ceuk sim kuring, "Urang Ahaya mah geus sadia ti taun tukang." Atuh maranehna asa dihatean, beuki enya-enya.

3Jadi sim kuring ngutus ieu dulur-dulur ka dieu, supaya eta pamuji sim kuring teh lain wungkul omong kosong, sing geus sadia sakumaha ceuk sim kuring.

4Karana, saupama engke sim kuring ka dieu teh dipiluan ku urang Makedoni, heug nyampak aranjeun can naon-naon, tada teuing sim kuring isinna, hanas geus sakitu percayana! Puguh deui aranjeun mah geus teu kudu dicatur.

5Eta sababna sim kuring ngarasa perlu ngutus heula ieu dulur-dulur ka dieu, sina nguruskeun duit sumbangan anu dijangjikeun bareto. Mun sim kuring datang duitna kudu geus aya, ngarah enya eta sumbangan teh tina kahidengan aranjeun, lain ku sabab dikudukeun.

6Sing aringet, nu melak binih ngan saeutik, beubeunanganana ge bakal saeutik, anu melak binihna loba, beubeunanganana oge bakal loba.

7Ku sabab kitu mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.

8Allah teh kawasa maparin leuwih tina kaperluan aranjeun, sangkan saniskara kaperluan aranjeun salawasna cukup, nepi ka bisa laluasa keur nyieun kahadean.

9Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Mantenna ngawurkeun rejeki ka nu mariskin, welas asih-Na taya pegatna."

10Allah anu maparin binih ka nu tebar jeung rejeki baris tedaeun, bakal maparin binih tebarkeuneun aranjeun, tur hasilna tangtu disina rekah, ganjaran tina kabalabahan aranjeun keneh.

11Salawasna Mantenna bakal nyukupan ka aranjeun, supaya aranjeun saban waktu bisa mere maweh. Pamere aranjeun anu bakal ditepikeun ku sim kuring bakal ngalantarankeun jelema-jelema maruji sukur ka Allah.

12Sabab eta sumbangan teh lain ngan matak nutupan pangabutuhna umat Allah bae, malah bakal ngalantarankeun maranehna tumarima ka Allah.

13Kahadean aranjeun bakal ngalantarankeun maranehna ngamulyakeun ka Allah, ku ningal kapengkuhan aranjeun kana Injil Kasalametan hal Kristus anu memang geus diaku ku aranjeun, jeung ku kabalabahan aranjeun ka maranehna kitu deui ka nu sejen-sejen.

14Tangtu maranehna bakal mangnaredakeun dibarung ku asih rasaning ati ka aranjeun, anu ku Mantenna geus dipaparin berkah luar biasa.

15Hayu urang maruji sukur ka Allah anu berkah-Na taya papadana.



 <<  2 Korintus 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel