Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tesalonika 2 >> 

1Ngeunaan pisumpingeunana Gusti urang Yesus Kristus, jeung hal urang bakal kumpul di Anjeunna, sim kuring ngelingan ka aranjeun, dulur-dulur!

2Poma ulah bingung pipikiran, ulah gugup ku nu nyebutkeun magar poe sumpingna Gusti teh geus nitih wanci. Bisa jadi kabarna asal tina ramalan atawa hutbah, atawa majar asal tina surat sim kuring.

3Kajeun kumaha, kajeun ku saha, aranjeun ulah kapangaruhan. Sabab eta Poe moal waka datang samemeh loba anu murtad ti Kristus, jeung samemeh Manusa Jahat anu geus ditangtukeun baris dikanarakakeun tea nembongankeun dirina.

4Si Jahat teh bakal ngalawan ka sakur anu disebut allah atawa kana naon bae anu dipuja-puja ku jelema, seug ngangkat maneh pangluhurna ti eta sakabeh. Malah manehna bakal anegleng di Bait Allah jeung ngumumkeun yen dirina teh Allah.

5Eta kabeh ku sim kuring geus diomongkeun bareto waktu keur di aranjeun keneh. Inget henteu?

6Tapi ayeuna mah eta teh moal waka, sabab aya keneh anu nahan. Naon anu nahanna, aranjeun geus terang. Dina waktu anu geus ditangtukeun ku Allah, eta Manusa Jahat teh bakal ngajirim.

7Ayeuna manehna keur tatan-tatan keneh ririkipan, tapi moal waka prung, ngadago hahalangna disingkirkeun ku anu nahanna,

8geus kitu kakara eta Manusa Jahat teh datang nembongkeun maneh. Tapi dina mangsa Gusti Yesus sumping, manehna bakal paeh ditiup ku napas anu ngahebos tina baham Gusti, lebur ku kilat tina salira-Na.

9Manusa Jahat tea munculna nyangking pangawasa Iblis, nyieun rupa-rupa mujijat jeung rupa-rupa kaahengan anu nyasabkeun,

10jeung ngagunakeun rupa-rupa tipu daya, merdaya jelema-jelema anu memang geus kuduna binasa. Maranehna bakal binasa, lantaran nolak jeung teu resep kana warta sayakti anu baris nyalametkeun.

11Ku sabab kitu ku Allah ge diantep sina kasarad ku nu salah, kagusur ku nu palsu.

12Temahna, sakur anu henteu percaya kana eta warta sayakti, malah misuka kana dosa, pinasti bakal dihukum.

13Saban waktu sim kuring wajib muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, dulur-dulur, anu diasih ku Gusti. Sabab aranjeun ku Allah dipilih pangheulana pikeun disalametkeun, lantaran percaya kana eta warta anu sayakti, disalametkeun ku pangawasa Roh, sangkan jaradi umat suci kagungana-Na.

14Aranjeun ku Allah disaur kana ieu kaayaan ku jalan Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring, disaur supaya narima jeung ngamilik kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus.

15Ku sabab kitu, dulur-dulur! Sing mantep, sing maneuh kana warta sayakti anu diajarkeun ku sim kuring boh ku hutbah, boh ku surat.

16Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus, kitu deui Allah Rama urang anu mikawelas mikaasih, maparin panglilipur, katabahan jeung kamantepan,

17supaya aranjeun salawasna teuneung jeung ludeung nyaturkeun jeung ngalampahkeun perkara nu hade.



 <<  2 Tesalonika 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel