Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tesalonika 3 >> 

1Doakeun sim kuring dulur-dulur. Pangnedakeun sing bisa neruskeun nyebarkeun amanat Gusti, sing gancang hasil reujeung gumilang kawas di aranjeun.

2Doakeun oge, mugi sim kuring ku Allah dijaga ti jalma nu niat jahat, ma’lum moal unggal jalma percaya kana eta amanat teh.

3Tapi aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.

4Sim kuring diyakinkeun ku Gusti, percaya yen aranjeun keur ngalakonan hal anu dipapatahkeun ku sim kuring, sarta bakal pengkuh saterusna kana hal eta.

5Mugia aranjeun ku Gusti dikersakeun tambah ngarti kana kaasih Allah sarta tahan uji saperti Kristus.

6Dulur-dulur! Kalawan nyambat jenengan Gusti urang Yesus Kristus, sim kuring meredih ka aranjeun, jauhkeun diri ti jelema anu kedul, jeung ti anu teu daek ngagugu kana papatah sim kuring.

7Aranjeun pribadi terang kumaha kuduna nyonto kana lampah sim kuring. Waktu sim kuring di aranjeun keneh geuning jajauheun tina hirup kedul.

8Sagala anu katarima teu aya anu ku sim kuring teu dibayar. Beurang peuting digawe banting tulang, embung nyusahkeun ka aranjeun anu mana bae oge.

9Lain ku sabab sim kuring teu aya hak menta balanja, tapi maksud teh arek nyontoan ka aranjeun.

10Bareto basa keur di dieu keneh geuning sim kuring biasa sok ngomong kieu, "Nu embung digawe mah tong dibere dahar!"

11Ngomong kitu soteh lantaran ngadenge carita yen di aranjeun aya jelema-jelema anu kedul, anu gawena taya lian ti ngan ngarerecok urusan batur.

12Ka jelema anu kitu, kalawan asmana Gusti Yesus Kristus sim kuring meredih jeung ngelingan kudu hirup tartib jeung kudu daek baranggawe keur kipayah hirupna.

13Ari aranjeun dulur-dulur, omat ulah bosen-bosen migawe anu hade.

14Tapi teu mustahil aya anu embung ngagugu kana ieu amanat anu ku sim kuring ditulis dina ieu surat. Lamun aya, cirian, tong dicampuran, sina eraeun.

15Tapi ulah dimusuhan, pepelingan bae sakumaha pantesna ka dulur.

16Mugia Gusti ku anjeun anu jadi sumber katengtreman urang, saban-saban waktu nengtremkeun ka aranjeun dina sagala perkara. Mugia Mantenna nyarengan ka aranjeun.

17Salam sono sim kuring, Paulus. Tah ieu mah tulisan sim kuring pribadi. Kitu tanda tangan sim kuring dina unggal-unggal surat.

18Mugia Gusti urang Yesus Kristus maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun. Wassalam, Paulus



 <<  2 Tesalonika 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel