Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 11 >> 

1(11:1-2) Sopar: "Moal diwalonan eta obrolan Ayub teh? Seja dihaminan bae catur anu sakitu panjangna teh?

2(11:1)

3Ayub, dikira eta kasauran teh mo aya nu bisa ngabantah? Dikira nu lian baris kapeupeuh mun anjeun baceo?

4Anjeun ngarasa bener sorangan, ngarasa beresih di payuneun Allah.

5Teuing ku hayang, Allah ku manten kersa ngawaler ka anjeun!

6Muga-muga ka anjeun nerangkeun, yen kapinteran teh rupa-rupa, tur rea anu teu katepi ku uteuk manusa, ku jero-jerona. Mun dibanding jeung gedena dosa anjeun, eta hukuman ti Mantenna teh teu sabaraha.

7Na sanggup anjeun neuleuman wawatesan kaagungan jeung kakawasaan Allah?

8Dalah langit nu ku urang teu kahontal, ku Allah mah katepi kasungsi. Mantenna awas ka alam kubur, urang mah henteu.

9Kaagunganana ngungkulan legana jagat, ngungkulan legana samudra.

10Upama anjeun ku Mantenna didakwa sarta didoja, saha anu bisa ngahalang-halang?

11Allah mah teges, mana jalma anu taya harga, awas kana sagala lampah jahatna.

12Jalma bodo kakara bisa mimiti pinter, engke lamun kalde jarah geus lindeuk ti barang borojol.

13Sing pasrah ka Allah, masing muntang ka Mantenna.

14Kadorakaan, kaluluputan, jauhkeun ti rumah tangga,

15sangkan teuneung sarta tanggah ngalawan paneka dunya.

16Lamun kitu sagala kasusah baris ngiles tina ingetan. Mun caah mah geus eureun, mo kainget-inget deui.

17Nya hirup kari mencrangna, leuwih ti batan srangenge wanci manceran, nu tadina poek mongkleng, baris ngagebray lir cahya pajar.

18Moal teu ngarasa aman turta pinuh ku harepan, ku Allah baris diraksa, dipaparin katengtreman.

19Teu kudu rempan sieun aya musuh, malah loba nu baris marenta tulung.

20Sabalikna nu jarahat bati culang-cileung jeung tagiwur, teu maranggih panglumpatan, nasibna kari sarupa, nya tiwas jadina."



 <<  Ayub 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel