Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 20 >> 

1Dina bulan kahiji sakumna bangsa Israil narepi ka tanah gurun Sin, masanggrahan di Kades. Miryam maot sarta dikuburkeun di dinya.

2Di eta tempat teu aya cai. Seug jelema-jelema ngagimbung ka Musa jeung Harun.

3Gegelendeng kieu, "Mending ge kapungkur teh maraot sakalian sareng nu sanesna di payuneun Kemah PANGERAN.

4Kanggo naon dicandak ka ieu tanah gurun? Naha ieu teh ngarah abdi-abdi sareng pipiaraan maraot di dieu?

5Naha atuh dibudalkeun ti Mesir, dicandak ka tempat sakieu balangsakna, mani teu aya naon-naon anu jadi. Bujeng-bujeng jagong, kondang, anggur, dalima, taya cai-cai acan!"

6Musa jeung Harun ngantunkeun eta jalma-jalma, tuluy ngaradeg di lawang Kemah Suci, bruk sarujud kana taneuh. Bray cahaya PANGERAN nembongan.

7PANGERAN nimbalan ka Musa,

8"Cokot iteuk hareupeun Peti Perjangjian. Sakumna bangsa Israil kumpulkeun ku maneh jeung Harun. Di hareupeun maranehna maneh kudu ngomong kana batu cadas itu, anu nangtung di ditu. Engke eta cadas bakal ngabijilkeun cai ngagurujug. Kitu petana maneh ngabijilkeun cai tina eta cadas pikeun ngarinum eta jelema-jelema jeung sasatoanana."

9Bral Musa angkat nyandak iteuk sakumaha timbalan PANGERAN.

10Sakumna bangsa Israil ku anjeunna jeung Harun dikumpulkeun hareupeun batu cadas tea. Pok Musa ngalahir, "Darengekeun, eh jelema-jelema doraka! Na Kami jeung Harun teh kudu ngabijilkeun cai tina ieu batu cadas pikeun maraneh?"

11Ti dinya Musa ngangkat iteuk terus dipake ngagitik dua kali kana eta cadas, cor ti dinya bijil cai ngagolontor. Jelema-jelema ngarinum kitu deui sasatoanana.

12Tapi PANGERAN nyeuseul ka Musa jeung Harun, timbalana-Na, "Ku sabab maraneh kurang tuhu nganyatakeun pangawasa Kami anu suci di hareupeun bangsa Israil, maraneh moal bisa terus nungtun eta jelema-jelema ka tanah anu ku Kami dijangjikeun pikeun maranehna."

13Eta kajadian teh di Meriba, tempat urang Israil gegelendeng ka PANGERAN, sarta PANGERAN di dinya nembongkeun yen Mantenna teh suci.

14Ti dinya Musa ngintun sawatara utusan ka raja Edom ti Kades. Ceuk utusan, "Aya pihatur ti tuang saderek, bangsa Israil. Anjeun langkung uninga kana kabalangsakanana,

15uninga yen karuhun urang kantos ngumbara di Mesir lami pisan. Di ditu karuhun urang teh kitu deui tuang saderek sadaya dikaniaya ku urang Mesir,

16lajeng sasambat ka PANGERAN nyuhunkeun pitulung. Panyambatna ku PANGERAN didangu, Mantenna ngutus hiji malaikat, anu nuyun tuang saderek sadaya kaluar ti Mesir. Ayeuna tuang saderek sadaya aya di Kades, di tapel wates karajaan anjeun.

17Mugi anjeun kersa ngawidian tuang saderek ngalangkung. Tuang saderek sadaya katut ingon-ingon tangtos moal kaluar ti jalan gede, moal nyimpang ka lahan-lahan atanapi kebon-kebon anggur kagungan anjeun. Cai leueuteun oge moal ngabantun ti sumur anjeun, bade junun nyorang jalan gede bae, dugi ka kaluar ti tapel wates karajaan anjeun."

18Tapi jawab urang Edom, "Kami teu idin maraneh ngaliwat ka ieu nagara! Lamun wani-wani, ku kami rek dipapag ditarajang!"

19Ari ceuk utusan urang Israil, "Sim kuring sadaya bade nyorang jalan gede bae. Bilih bae aya jalmi atanapi ingon-ingon sim kuring anu nginum tina sumur nu aya di dieu, tangtos dibayar sapantesna. Anu disuhunkeun teh mung widi ngalangkung wungkul."

20Urang Edom ngajawab, "Teu meunang!" Seug maranehna mepek balad gede pisan, tuluy kaluar rek merangan urang Israil.

21Ku lantaran teu diidinan ngaliwat tanah urang Edom, urang Israil nyimpang ka jalan sejen.

22Sanggeus arindit ti Kades, sakumna bangsa Israil narepi ka Gunung Hor,

23wates tanah Moab. Di dinya PANGERAN nimbalan ka Musa jeung Harun, kieu,

24"Harun teu meunang terus ka tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil, bakal maot di dieu, lantaran maraneh duaan basa keur di Meriba geus nyimpang tina timbalan Kami.

25Harun jeung Elasar anakna ajak unggah ka Gunung Hor.

26Bukaan di ditu pakean kaimaman Harun, tuluy pakekeun ka Elasar, sabab Harun kudu maot di ditu."

27Musa tumut sakumaha timbalan PANGERAN. Tuluy arunggah ka Gunung Hor kasaksian ku sarerea.

28Di luhur gunung Musa ngalaanan panganggo kaimaman ti Harun, seug dianggokeun ka Elasar. Harun pupus di puncak eta gunung. Musa jeung Elasar lalungsur deui ti dinya.

29Sakumna bangsa Israil geus ngajudi yen Harun geus pupus, tuluy bela sungkawa tilu puluh poe lilana.



 <<  Bilangan 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel