Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 4 >> 

1Ieu ma’lumat Raja Nebukadnesar, anu dikirimkeun ka jalma-jalma sagala bangsa, seler bangsa katut basa di saalam dunya. "Salam!

2Ieu kami, seja medar kaahengan-kaahengan jeung mujijat-mujijat, anu dipintonkeun ka kami, ku Allah Nu Maha Agung.

3Pohara aragungna kaahengan anu dipintonkeun ku Allah ka urang! Pohara hebatna pintonan mujijat-mujijat Mantenna! Allah teh Raja nu langgeng, baris ngasta sapapanjangna.

4Kami cicing di karaton estu senang, hirup reujeung sugih mukti.

5Tapi kami boga impian pikasieuneun, aya tetenjoan gaib pikakeueungeun, kaalaman waktu kami keur hees.

6Seug kami mere parentah ngadatangkeun sakabeh jurunasehat nu aya di Babul, sangkan mere nyaho pihartieun eta impian.

7Seug daratang ka kami, juru-juru ramal, dukun-dukun, tukang-tukang sihir, ahli-ahli palak, sarta impian teh ku kami dicaritakeun. Tapi kabeh taya nu bisa nerangkeun.

8Ti dinya Daniel (nu disebut oge Beltesasar, ngalap tina jenengan dewa kami), marek. Eta jalma kalinggihan roh dewa-dewa saruci. Impian teh ku kami didadar ka manehna. Carek kami ka manehna:

9Beltesasar, pamingpin juru-juru ramal, kami nyaho maneh kalinggihan roh dewa-dewa saruci, bisa sidik ka nu gaib-gaib. Terangkeun pihartieun impian kami. Kieu impianana:

10Waktu kami hees, meunang tetenjoan gaib. Aya hiji tangkal di pusering bumi, gedena kaliwat saking.

11Eta tangkal beuki luhur, nepi ka ngahontal langit, tembong ku sakabeh jalma ti sakuliah dunya.

12Daunna arendah, buahna meuhpeuy kacida leubeutna, cukup keur saeusi dunya. Sato-sato alas darepa handapeunana, manuk-manuk nyarayang dina dahan-dahanna, kabeh mahluk anu kumelip ngahakan buahna.

13Sabot kami mikiran eta tetenjoan, nenjo malaikat turun ti langit, sayaga jeung waspada.

14Eta malaikat nyoara tarik kacida: ‘Tuar eta tangkal. Tutuhan dahan-dahanna, pahpralan daunna, awur-awur buahna. Buburak sasatoan ti handapeunana, buburak manuk-manuk tina dahanna.

15Tunggulna ingkeun tinggalkeun, talian ku rante beusi jeung tambaga. Ingkeun antep jeung jukut di tegal. Eta jalma ingkeun sina kaibunan, hirupna sina ngahiji jeung sato jeung tatangkalan.

16Tujuh taun manehna moal kapanjingan akal manusa, sina kaancikan adat sato.

17Kitu putusan para malaikat anu sayaga jeung waspada. Sangkan manusa di mana-mana nyaraho yen Allah Nu Maha Agung, kawasa ka karajaan-karajaan manusa, iasa nyelehkeun ka saha bae kersa-Na, najan ka jalma nu panglaipna.’

18Kitu impian kami," lahir Raja Nebukadnesar. "Terangkeun ka kami, Beltesasar, naon pihartieunana. Juru-juru nasehat di karaton kami taya nu sanggup nerangkeun. Anjeun mah bisa, sabab kalinggihan roh dewa-dewa saruci."

19Daniel, nu disebut oge Beltesasar, pohara reuwaseunana nepi ka teu kedal saur. Dawuhan raja ka anjeunna, "Beltesasar, ulah sieun-sieun ku hal eta impian jeung pihartieunana." Beltesasar ngawangsul, "Nun Kangjeng Raja, mugi eta impenan katut pibalukareunana terapna ka musuh-musuh, ulah ka salira Jeng Raja.

20Gusti ningali hiji tangkal anu luhur jujul ka langit, tembong ti sakuliah dunya;

21daunna arendah, buahna leubeut, cekap keur saeusi dunya. Sato-sato alas darepa handapeunana, manuk-manuk nyarayang dina dahan-dahanna.

22Kangjeng Raja, eta tangkal anu luhur sareng kiat teh salira Gusti, ngajungkiring gagah kaliwat saking. Kaagungan Gusti wuwuh luhur dongkap ka jujul ka langit, kakawasaan Gusti sumebar ka sakuliah jagat.

23Sabot Gusti ngawas-ngawas, aya malaikat turun ti langit anu nyoara: ‘Tuar eta tangkal, basmi, tapi tunggulna ingkeun ulah dicabut. Rante ku rante beusi jeung rante tambaga, ingkeun antep jeung jukut di tegal. Eta jalma ingkeun sina kaibunan, sina hirup jeung sasatoan, tujuh taun lilana.’

24Eta kieu pihartoseunana, sareng kieu maksadna anu ku Allah Nu Maha Agung ditingalikeun ka Gusti.

25Gusti baris disingkirkeun tina hirup manusa, ngahiji sareng sato-sato alas. Tujuh taun lamina kedah tuang jukut sapertos sapi, kulem di luar di nu ngabuliklak sareng kaibunan, tujuh taun lamina. Saparantos kitu Kangjeng Raja baris ngangken, yen Allah Nu Maha Agung teh kawasa ka sadaya karajaan manusa, kawasa nyelehkeun ka sing saha bae kersa-Na.

26Malaikat tea marentah supados tunggulna ditinggalkeun ulah dicabut. Ieu hartosna, Kangjeng Raja baris diangkat deui jadi raja, saparantos ngangken yen Allah kawasa ka saalam dunya.

27Ku margi kitu mugi Gusti kersa nampi piunjuk abdi. Lirenan kaawonan, pidamel kasaean, mugi welas asih ka nu miskin, tangtos Gusti baris jembar saterasna."

28Sagala hal nu tadi geus terap ka kami, Raja Nebukadnesar.

29Heuleut duabelas bulan ti harita, waktu kami leuleumpangan di loteng gedong karaton kami di Babul,

30kami ngomong, "Tenjo, pohara hebatna Babul! Meunang aing ngadegkeun, dijieun ibukota nagara, paranti aing nembongkeun kakawasaan, kagagahan, kaagungan jeung kamulyaan."

31Can anggeus kami ngomong, kadenge aya sora ucapan ti langit, "Raja Nebukadnesar! Dengekeun ucapan kami! Karajaan maneh ayeuna rek dijabel ti maneh.

32Maneh baris dipiceun ti kalangan hirup manusa, baris hirup ngahiji jeung sato-sato alas, nyatu jukut cara sapi, tujuh taun lilana. Nepi ka maneh ngaku yen Allah Nu Maha Agung kagungan kawasa ka sakabeh karajaan manusa, kawasa nyelehkeunana ka saha bae kersa-Na."

33Sapada harita keneh bukti. Kami, Nebukadnesar disingkirkeun ti kalangan hirup manusa. Kami ngakan jukut, cara sapi. Kami kaibunan, buuk beuki manjangan, mani cara bulu heulang. Kuku oge manjangan ngareluk kawas kuku manuk.

34"Sanggeus liwat tujuh taun", saur eta raja, "kami tanggah ka langit, sup ingetan kami balik deui. Seug kami ngucapkeun puji ka Allah Nu Maha Agung, ngamulyakeun jeung ngagungkeun ka nu jumeneng salalanggengna. Mantenna baris ngasta salalanggengna. Karajaana-Na baris ngadeg sapapanjangna.

35Jalma-jalma pangeusi dunya, di payuneun Mantenna taya ajenna. Malaikat-malaikat nu di sawarga, manusa anu di dunya, dicangking ku Mantenna. Taya nu bisa ngalawan kana pangersa-Na, taya nu wani nanyakeun Mantenna midamel naon.

36Sanggeus ingetan kami pulih deui, kahormatan, kamulyaan, kitu deui kamashuran karajaan kami, dipaparinkeun deui ka kami. Kami dibageakeun ku rengrengan nagara jeung ku para gegeden, diangkat deui nyangking karajaan, malah kaagungan kami jadi leuwih ti nu ti heula.

37Ayeuna kami, Nebukadnesar, muji ngamulyakeun jeung ngagungkeun ka Raja Sawarga. Karana sagala padamelana-Na bener tur adil, sarta Mantenna iasa ngasorkeun jalma nu nyieun peta adigung."



 <<  Daniel 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel