Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Daniel 6 >> 

1Darius mutuskeun ngangkat saratus dua puluh gupernur, pikeun nyangking pamarentahan sakuliah karajaan.

2Ari Daniel, jeung duaan deui, ku anjeunna diangkat jadi pangawas para gupernur, sarta kudu nalingakeun kapentingan raja.

3Daniel jol-jol katangen leuwih parigel ngajalankeunana tugas, ti batan dua pangawas lianna kitu deui ti para gupernur. Ku lantaran kacida nyongcolangna, raja aya kersana rek ngangkat anjeunna sina nyangking sakabeh urusan nagara.

4Pangawas nu duaan deui tea sakait jeung para gupernur, neangan kasalahan Daniel dina hal ngolah urusan karajaan. Tapi teu manggih-manggih, kawantu anjeunna jalma satuhu, taya codekana jeung jujur.

5Ceuk nu sakait, "Moal manggih pisababeun geusan ngelakkeun Daniel, salian tina hal-hal anu patali jeung agamana."

6Ti dinya maranehna ngadareuheus ka raja, arunjukan kieu, "Mugia Kangjeng Raja Darius wilujeng sapapanjangna!

7Abdi sadaya, anu dipercanten ngurus karajaan Gusti, para pangawas, para gupernur, para wakil gupernur sareng para pajabat sanesna, seja nyanggakeun pirempag, manawi Gusti kersa ngaluarkeun parentah anu wajib diestokeun. Ungelna, di lebet tilu puluh dinten teu kenging aya anu nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, lintang ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar ieu parentah, kedah dilebetkeun ka guha singa.

8Mugi Kangjeng Raja ngaluarkeun eta serat parentah sareng ditawis, jadi undang-undang Media sareng Persia anu moal robah deui."

9Raja Darius tuluy nanda eta surat parentah.

10Daniel uningaeun yen aya parentah kitu tur enggeus sah. Anjeunna mulih ka bumina, terus lebet ka kamar di loteng, anu jandela-jandelana nyanghareup ka Yerusalem. Brek anjeunna sujud mayun kana jandela-jandela anu maruka, neneda ka Allah, sakumaha sasari sok tilu kali dina sapoe-sapoena.

11Barang musuh-musuh Daniel nyarahoeun yen anjeunna keur neneda ka Allah,

12tuluy ngadareuheus ka raja, ngadukeun. Piunjukna, "Kangjeng Raja parantos ngaluarkeun parentah, anu ngalarang jalmi-jalmi teu kenging nyuhunkeun naon-naon, boh ka dewa mana bae, boh ka papada manusa, di lebet tilu puluh dinten, kajabi ti ka Kangjeng Raja. Anu ngalanggar baris dilebetkeun ka guha singa." Waler raja, "Enya. Larangan keras. Dikukuhkeun ku undang-undang Media jeung Persia anu moal robah deui."

13Piunjuk maranehna deui, "Unjuk uninga. Daniel, salah sawios tawanan ti nagri Yuda tea, parantos teu ngendahkeun eta parentah. Manehna angger neneda ka Allahna, sapertos sasari, tilu kali sadintenna."

14Barang diuningaan kitu, raja jadi pohara ngarenjagna. Tuluy sakedah polah milari jalan keur ngabelaan Daniel. Milarina pijalaneun nepi ka surup panonpoe.

15Jelema-jelema tea ngadareuheus deui ka raja sarta arunjukan, "Kangjeng Raja langkung tingali, numutkeun undang-undang Media sareng Persia, parentah Raja anu parantos dikaluarkeun, moal robah deui."

16Tungtungna raja nimbalan supaya Daniel ditangkep, terus digebruskeun kana guha singa. Ari anjeunna ngalahir ka Daniel, "Mugi-mugi anjeun sing disalametkeun ku Allah, anu ku anjeun disembah kalawan satuhu."

17Lawang guha singana terus ditutup ku batu, sarta batuna dicap ku cingcin raja jeung cingcin cap para gegeden, supaya ulah aya nu bisa nulungan ka Daniel.

18Geus kitu raja mulih ka karaton, sarta peutingna teu iasa kulem, teu kersa tuang, teu kersa ngadangukeun tatabeuhan.

19Rebun-rebun keneh anjeunna geus gugah, gusak-gasik ngabujeng ka guha.

20Sasumpingna terus celak-celuk bari degdegan manahna, saurna, "Daniel, abdi Allah nu jumeneng! Kumaha Allah, anu ku anjeun disembah kalawan satuhu, kersaeun nyalametkeun anjeun tina pangreweg singa?"

21Daniel ngawaler, "Mugia Kangjeng Raja wilujeng sapapaosna!

22Allah parantos ngutus malaikat-Na ngabekem sungut-sungut singa dugi ka teu tiasa kua-kieu ka abdi Gusti. Mantenna kersa maparin pitulung, wireh uningaeun yen abdi teu gaduh dosa, sareng ka Gusti ge henteu gaduh kaluluputan, nun Kangjeng Raja."

23Raja kacida bingaheunana. Tuluy nimbalan sangkan Daniel dikaluarkeun ti jero guha singa. Tuluy Daniel dikaluarkeun, sarta tetela salirana teu cecel teu bocel, lantaran pageuh ngandel ka Allah.

24Geus kitu raja marentah, sangkan jelema-jelema anu ngadukeun Daniel tea ditangkep, tuluy digebrus-gebruskeun kana guha singa tea, malah katut saanak pamajikanana. Memeh nepi ka dasar guha oge enggeus digabrugan, tulang-tulangna raremuk.

25Geus kitu Raja Darius ngadamel surat ka rahayat, sagala bangsa, seler-seler bangsa jeung basa-basa di dunya. Kieu ungelna: "Salam!

26Kami marentahkeun, sangkan di sakuliah karajaan kami, unggal jelema kudu neundeun kasieun jeung ngahormat ka Allahna Daniel! Anjeunna teh Allah anu jumeneng, tur baris kawasa salalanggengna. Karajaana-Na moal beunang ditumpur. Kakawasaana-Na hamo aya sudana.

27Anjeunna kawasa nulung jeung ngajait. mintonkeun kaajaiban jeung kaahengan di sawarga jeung di bumi. Anjeunna geus ngaluputkeun Daniel ti singa-singa."

28Ari Daniel terus lulus mulus sapanjang pamarentahan Darius, kitu deui sapanjang pamarentahan Raja Kores urang Persia.



 <<  Daniel 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel