Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 3 >> 

1Ku sabab eta sim kuring, Paulus, anu dipanjara lantaran ngabdi ka Kristus pikeun kapentingan aranjeun nu lain bangsa Yahudi, mangnedakeun aranjeun ka Allah.

2Tangtu aranjeun geus tarerang, yen ku karana kasaean Allah sim kuring ngemban parentah-Na keur kapentingan aranjeun,

3sarta ku Mantenna dipaparin wahyu, dibere terang perkara rasiah rarancang pangersa-Na. (Hal ieu ku sim kuring geus ditulis saperluna.

4Mun aranjeun maraca eta tangtu terang sababna pang sim kuring terang kana rasiah perkara Kristus.)

5Baheula-baheula can aya anu dibere nyaho eta rasiah. Tapi ayeuna mah kalawan pangersa Allah geus diwahyukeun ku Roh Suci ka rasul-rasul jeung nabi-nabi.

6Eusi eta rasiah kieu: Bangsa-bangsa nu lain Yahudi kudu diwawaran hal pisalameteun supaya mareunang berkah Allah bareng jeung bangsa Yahudi, sina jaradi anggahota sabadan, satunggal jeung Kristus, supaya mareunang bagian tina hal anu dijangjikeun ku Allah.

7Allah maparin nugraha ka sim kuring, nya eta tugas nguarkeun Injil Kasalametan. Eta nugraha dipaparinkeunana ku jalan kakawasaan Mantenna anu barangdamel di jero hate sim kuring.

8Sim kuring teh panglaipna ti sakabeh umat Allah, tapi dipaparin kahormatan mawa Injil Kasalametan ka jalma-jalma lain bangsa Yahudi, wawaran ngeunaan kasugihan Kristus anu taya watesna,

9jeung kudu nerangkeun jalanna Allah ngalaksanakeun eusi rasiah rarancang pangersa-Na. Eta rasiah tadina geus mangabad-abad tetep dirasiahkeun ku Allah, Khalikna saniskara.

10Maksad-Na supaya kiwari diwawarkeun ku gareja, sangkan para panguasa jeung kakuatan-kakuatan di langit nyarahoeun kana sagala wujud kabijaksanaan Allah.

11Hal eta ku Allah geus dilaksanakeun, saluyu jeung tujuan Mantenna anu sipatna langgeng. Ari anu ngajalankeunana nya eta Kristus Yesus, Gusti urang.

12Ku percaya ka Kristus sarta satunggal jeung Anjeunna, urang jadi meunang jalan pikeun ngadeuheus ka payuneun Allah reujeung hate anu yakin.

13Ku hal eta aranjeun ulah salempang ku anu karandapan ku sim kuring, sabab eta keur pijamugaeun aranjeun.

14(3:14-16) Keur pijamugaeun aranjeun sim kuring tapak deku ka payuneun Rama, Allah anu maha mulya, anu maparin ngaran ka tiap kulawarga di sawarga jeung di bumi, nyuhunkeun mugi-mugi Roh Mantenna nguatkeun batin aranjeun.

15(3:14)

16(3:14)

17Mugi-mugi hate aranjeun dianggo cicing ku Kristus lantaran geus percaya ka Anjeunna. Mugi-mugi hirup aranjeun jembar ku kanyaah anu ngakar kuat dina hate,

18supaya aranjeun jeung sakumna umat Allah bisa neuleuman legana jeung panjangna, luhurna jeung jerona kaasih Kristus.

19Lamun aranjeun geus bisa ngahartikeun kaasih Kristus — sanajan pamohalan bisa kaharti sagemblengna — aranjeun bakal kaancikan ku sakumna kasampurnaan sipat Allah.

20Mulyakeun Allah! Kakawasaana-Na anu barangdamel di urang iasa ngabuktikeun sagala panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen keneh.

21Mulyakeun Allah ku sakur anu satunggal jeung Kristus Yesus, nya eta gareja. Mulyakeun salalanggengna! Amin.



 <<  Efesus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel