Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 4 >> 

1Sim kuring, anu keur dipanjara lantaran ngabdi ka Gusti meredih, hirup aranjeun sing sakumaha layakna anu geus disaur ku Allah.

2Salawasna kudu rendah ati, someah, sabar. Kudu silih pikanyaah, silih kanyahokeun.

3Katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan.

4Pikeun aranjeun ngan aya hiji badan, jeung hiji Roh. Nya kitu deui pang aranjeun ku Allah disaur teh sangkan ngaharep kana hiji harepan anu eusina sarua.

5Ngan hiji nu jadi Gusti, hiji iman kapercayaan, hiji baptisan,

6ngan hiji Allah, anu jadi Rama sakumna manusa, Gusti sakabeh, anu barangdamel di sakabeh jeung aya di sakabeh.

7Urang kabeh geus dipaparin kurnia masing-masing ku Kristus Yesus, kurnia anu cocog pikeun saurang-saurangna.

8Sakumaha ceuk Kitab Suci: "Waktu Anjeunna unggah ka tempat nu pangluhurna, Anjeunna nyandak boyongan loba pisan. Anjeunna maparin kurnia-kurnia ka manusa."

9Kecap "Anjeunna unggah" nuduhkeun yen Anjeunna tadina geus lungsur ka jero bumi nu pangjerona.

10Jadi, Anjeunna anu geus lungsur teh nya Anjeunna anu unggah ka tempat nu pangluhurna di luareun sakabeh langit, pikeun jumeneng minuhan satungkebing alam.

11Anu "maparin kurnia-kurnia ka manusa" teh nya Anjeunna. Manusa teh aya anu dipaparin kurnia pikeun jadi rasul, aya nu pikeun jadi nabi, aya nu pikeun jadi juru uar Injil, aya nu pikeun jadi pamingpin jamaah, aya nu pikeun jadi guru jamaah.

12Ku midamel kitu Anjeunna teh nyampurnakeun umat Allah pikeun mangku tugas ti Mantenna, sina ngadeg jadi salira Kristus,

13satunggal dina hiji iman kapercayaan jeung dina kanyaho ka Putra Allah, sawawa mikir jeung beuki sampurna saperti Kristus.

14Lamun geus kitu urang teh geus lain barudak, moal kabawa ku ombak jeung angin gogoda, ku jelema-jelema anu nipu merdaya ngajar teu bener.

15Sabalikna urang kudu wani medar anu bener dibarengan ku seja mikanyaah. Beuki lila urang bakal beuki sampurna dina sagala hal saperti Kristus anu jadi sirah kasatunggalan urang.

16Dina pingpinan Anjeunna, anggahota-anggahota kasatunggalan teh nyusun rapih ngaranjing buku-buku jeung ruas-ruasna, jeung saniskara babagianana jalan nurutkeun kamistianana; sarta ku lantaran pada silih pikanyaah, bisa hirup mekarkeun dirina.

17Kalawan pajenengan Gusti, sim kuring mepelingan ka aranjeun. Ulah marake deui adat kalakuan jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Nu karitu mah pikiranana minculak,

18batinna poek, lampah hirupna teu sapuk jeung hirup anu ti Allah da teu harayangeun nyaho, baredegong,

19geus areuweuh kaera, hawa napsuna diabur, kalakuanana araeb sakarep-karep.

20Aranjeun geus terang tina piwuruk yen Kristus mah henteu kitu!

21Tangtu bae aranjeun geus ngadarenge hal Anjeunna. Ku sabab aranjeun teh para panganut-Na, geus diajar oge hal sipat-sipat Allah anu aya di Anjeunna.

22Ku sabab eta adat kabiasaan heubeul anu geus ruksak ku angen-angen anu sasar teh geura piceun.

23Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar.

24Kudu jaradi manusa anyar anu diciptakeunana nurut tuladan Allah, hirup kudu bener, lempeng, suci.

25Ulah sok ngabarohong deui! Ka batur sakapercayaan kudu jujur, sabab kabeh geus jaradi anggahota salira Kristus.

26Lamun aya kaambek ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa, jeung ari ambek ulah nepi ka sapoe jeput teu eureun-eureun.

27Ulah mere kasempetan ka Iblis.

28Anu geus biasa maling ulah maling deui, anggur singkil digawe nyiar napkah anu jujur, keur sorangan tur bisa dipake nulung ka batur anu eukeur kakurangan.

29Ari ngomong kudu hade pokpokanana, ulah matak pikanyerieun, kudu bisa dipake pituduh anu mangpa’at ku anu merlukeunana.

30Ulah ngaraheutan Roh Allah anu suci, sabab Roh-Na teh geus jadi tanda yen aranjeun kagungana-Na, anu nanggung yen dina Poe ngamerdikakeun, aranjeun bakal dimerdikakeun.

31Ulah nyerian hate, ulah ngunek-ngunek, ulah ngumbar amarah. Ulah sentak sengor, ulah aya rasa kangewa atawa anu sabangsa jeung eta.

32Sabalikna kudu sareh, alus budi, jeung kudu silih hampura sakumaha aranjeun oge ku Allah geus dihampura ku karana Kristus.



 <<  Efesus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel