Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 5 >> 

1Aranjeun geus diangken putra jeung dipikaasih ku Allah, jadi kudu nulad ka Mantenna.

2Hirup kudu dijiwaan ku kanyaah, sakumaha Kristus oge mikanyaah ka urang. Anjeunna mani ngurbankeun nyawa, disanggakeun ka Allah jadi kurban anu seungit pikamanaheun.

3Ku sabab aranjeun teh umat Allah, geus tangtu bae kalakuan anu cabul, atawa anu aeb, atawa sarakah, teu pantes aya di aranjeun, kecapna ge ulah disebut-sebut acan.

4Ulah ngucapkeun deui basa anu cawokah, kotor, atawa teu pantes, leuwih hade muji sukur ka Allah.

5Sing percaya, jelema anu ingkar tina susila, aeb, kitu deui sarakah (da sarakah teh sarua jeung nyembah brahala), moal jadi umat Karajaan Kristus jeung Allah.

6Kade, ulah kaperdaya ku omongan-omongan anu sipatna gejul. Sabab tina hal-hal nu karieu pisan pang Allah bendu ka nu baha ka Mantenna teh.

7Anu matak jelema-jelema karitu mah mending ulah dicampuran.

8Aranjeun oge tadina hirup teh di nu poek. Tapi ayeuna mah geus aya di nu caang lantaran geus jaradi umat Gusti. Ku sabab eta kalakuan oge kudu layak sakumaha kalakuan jelema-jelema anu caricing di nu caang.

9Sabab anu dipencarkeun ku caang mah nya eta sakur kalakuan anu hade, jujur, jeung bener.

10Kudu ngupayakeun maneh sangkan kamanah ku Pangeran.

11Ulah milu-milu kana lampah mubadir jelema-jelema nu caricing di nu poek. Sabalikna anggur bawa maranehna ka nu caang.

12(Kalakuan maranehna di nu buni tea, urang mah nyebutkeunana ge geus era.)

13Ari dibawa ka nu caang mah naon-naon ge eces, kanyahoan kaayaanana anu sabenerna,

14sabab ditembongkeun ku caang. Eta sababna nu matak disebutkeun kieu: "Eh, nu hees geura nyaring, geura hudang ti enggon paeh, Kristus bakal nyaangan ka maneh."

15Ku sabab eta hirup teh kudu make temah wadi. Ulah cara anu burung, kudu cara anu pinter.

16Saban aya kasempetan gunakeun sing hade-hade, sabab ayeuna teh jaman goreng.

17Nu matak ulah bodo, sing awas kana pangersa Gusti.

18Nginum anggur ulah nepi ka mabok, matak ruksak awak, sabalikna kudu kacicingan ku Roh Allah.

19Nyarita jeung pada batur kudu make kecap-kecap tina jabur, tina pupujian, jeung tina kidung-kidung rohani. Pujikeun ka Gusti pupujian jeung jabur reujeung gumbira hate.

20Tina hal naon bae kudu muji sukur ka Allah Rama, bari nyebut pajenengan Gusti urang Yesus Kristus.

21Reujeung batur kudu patunduk-tunduk, cirining ajrih ka Kristus.

22Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus.

23Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.

24Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus.

25Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja.

26Kristus midamel kitu teh sangkan iasa ngaberesihan gareja ku piwulang-Na jeung ku jalan pangbaptis, supaya bisa dibaktikeun ka Allah.

27Ku jalan kitu, gareja teh ku Kristus disina ngadeg di payuneuna-Na reujeung sagala kaagunganana, nya eta: murni, taya salahna, taya cedana, taya kusut-kerejutna atawa kateusampurnaan lianna.

28Nya kitu salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh.

29(Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara, cara Kristus ka gareja;

30sabab urang teh anggahota salira Anjeunna.)

31Ceuk Kitab Suci, "Ku sabab kitu lalaki teh bakal ninggalkeun indung bapana, terus ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana bakal jadi hiji."

32Ieu ayat teh ngandung harti anu jero, anu ku sim kuring dipakaitkeun jeung hal satunggalna Kristus jeung gareja.

33Jeung aranjeun oge eta ayat teh aya pakaitna, nya eta: Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.



 <<  Efesus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel