Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 6 >> 

1Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade.

2"Kudu hormat ka bapa jeung ka indung" teh parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu:

3"Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai."

4Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.

5Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.

6Saregep ulah ngan keur diawaskeun bae ngarah dialem, kudu jorojoy tina hate lir ngalampahkeun pangersa Allah jeung Kristus.

7Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.

8Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.

9Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.

10Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.

11Sing samakta ku pakarang-pakarang ti Allah, malar tagen ngayonan tipu daya Iblis.

12Sabab anu dilawan ku urang teh lain manusa, tapi kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib, jeung kakuatan sagala setan-setan di angkasa raya, anu ngawasaan ieu jaman anu poek.

13Ku sabab kitu ayeuna keneh pake pakarang perang ti Allah, supaya ana geus datang mangsa nu jahat aranjeun tagen nadah panarajang musuh, sarta supaya sanggeus tarung nepi ka ahirna aranjeun masih gagah.

14Sing sayaga. Gunakeun kasatiaan ka Allah minangka sabuk nu mageuhan cangkeng, jeung kaiklasan hate minangka baju kerena,

15sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.

16Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.

17Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.

18Lampahkeun eta sakabehna dibarengan ku paneda nyambat pitulung Allah. Dina sagala perkara kudu neneda nurutkeun pituduh Roh Allah. Jadi kudu terus waspada, ulah eleh ku hoream. Ulah kendat mangnedakeun sakabeh umat Allah.

19Sim kuring ge pangnedakeun, mugi-mugi ku Allah dipaparin bahan piucapeun anu layak dina waktuna kudu nyarita engke, jeung mugi sing ludeung nerangkeun rasiah Injil Kasalametan.

20Nya pikeun ieu Injil Kasalametan sim kuring jadi utusan Allah teh, ayeuna keur dipanjara. Pangnedakeun sangkan wani nyaritakeun hal Injil Kasalametan sakumaha mistina.

21Hal kaayaan sim kuring ayeuna, aranjeun engke terang ti Tihikus, dulur urang anu satia kana gawe pikeun Gusti.

22Engke anjeunna disina ka dieu nyaritakeun kaayaan sim kuring sabatur-batur, pikeun ngareugreugkeun hate aranjeun.

23Mugi-mugi Allah Rama jeung Gusti Yesus maparin kakertaan, jeung rasa kanyaah dina kapercayaan ka sakumna dulur-dulur Kristen.

24Mugia sih kurnia Allah nyarengan ka sakur anu nyaah ka Gusti urang Yesus Kristus ku kanyaah anu teu pareum-pareum. Wassalam, Paulus



 <<  Efesus 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel