Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 4 >> 

1Tapi urang teruskeun kieu: Hiji anak lalaki anu bakal narima kakayaan bapana, sapanjang can sawawa mah hakna disaruakeun jeung badega, sanajan saenyana mah boga sagala rupa.

2Sapanjang can sawawa, aya jelema-jelema anu ngajaga dirina jeung ngurus sagala kapentingan manehna, nepi ka waktu anu geus ditangtukeun ku bapana.

3Urang oge kitu, samemeh rohani urang sawawa mah jaradi keneh badegana roh-roh ieu dunya.

4Sanggeus waktuna cunduk, Allah ngutus Putra-Na ka ieu dunya ku jalan dilahirkeun sakumaha urang ku indung, sarta hirup Anjeunna kaereh ku Hukum Agama,

5pikeun ngaleupaskeun manusa anu dibawah ku Hukum Agama, supaya bisa ditarima jadi putra-putra Allah.

6Pikeun bukti yen aranjeun putra-putra Allah, Allah ngutus Roh Putra-Na ka jero hate aranjeun, nya eta Roh anu nyambat ka Allah, "Ama, nun Ama!"

7Jadi aranjeun geus lain badega deui, geus jaradi putra, sarta ku Allah bakal dipaparin sagala rupa kagungana-Na.

8Keur waktu tacan tarerang ka Allah, aranjeun ngawula teh ka kakawasaan anu dianggap allah, padahal enyana mah lain Allah.

9Ari geus tarerang ka Allah — atawa: Allah anu kenal ka aranjeun — ku naon rek baralik ngawula deui ka roh-roh ieu dunya anu teu aya dayana? Naha make daek dijadikeun badega ku roh-roh ieu dunya?

10Make aya poe, bulan, musim, jeung taun, anu ku aranjeun dipupusti dipestakeun.

11Hariwang sim kuring mah, sieun pagawean meunang hese cape pikeun aranjeun teh mubadir!

12Cik aranjeun teh sing cara sim kuring ka aranjeun. Ari ka sim kuring mah aranjeun teu aya salah naon-naon.

13Meureun aringet keneh kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.

14Harita, sakitu kaayaan badan sim kuring kacida ngarepotkeunana ka aranjeun, aranjeun teu geuleuh, teu nitah nyingkah, malah narima ka sim kuring cara ka malaikat ti sawarga, malah cara ka Kristus Yesus,

15bari jeung asa meunang nugraha! Tapi kumaha ayeuna? Harita mah ceuk wiwilanganana, kajeun kudu nyokel panon sorangan pikeun kaperluan sim kuring, aranjeun mo burung iklas.

16Ayeuna pedah sim kuring tadi ngutik-ngutik, naha aranjeun moal nganggap musuh ka sim kuring?

17Dulur-dulur! Jelema-jelema anu siga gede perhatianana ka aranjeun teh tekadna goreng, rek misahkeun aranjeun ti sim kuring, sina tamplok ka maranehanana.

18Gede perhatian memang alus ari pikeun tujuan hade mah, jeung kudu tetep kitu, ulah ngan ari keur aya sim kuring bae.

19Anaking! Sapanjang sipat-sipat Kristus tacan jadi sipat-sipat aranjeun, sim kuring kacida ngarasa paurna, mani asa nyeri cara nyeri awewe nu ngajuru.

20Nataku hayangna sim kuring teh aya di aranjeun ayeuna, supaya bisa nembongkeun budi sejen ka aranjeun. Kacida melangna sim kuring ka aranjeun teh!

21Sim kuring arek nanya ka sakur anu harayang dibawah ku Hukum Agama Yahudi: Aranjeun can ngadarenge naon anu disebutkeun ku eta Hukum?

22Eta Hukum nyebutkeun, yen Ibrahim kagungan dua putra pameget, hiji ti istri asal badega, hiji deui ti istri asal merdeka.

23Putra ti istri asal badega dilahirkeunana sakumaha ilaharna. Ari putra ti istri anu merdeka, dilahirkeunana teh pikeun bukti tina jangji Allah.

24Ieu bisa dijieun ibarat: Eta dua istri teh ngibaratkeun dua rupa perjangjian Allah. Nu saurang nya eta Hajar, anu asalna ti Gunung Sinai, anu anak-anakna jaradi badega,

25ngibaratkeun perjangjian anu di Gunung Sinai, di nagri Arab, jeung ngupamakeun kota Yerusalem ayeuna jeung sakabeh rahayatna anu jaradi budak.

26Istri nu saurang deui anu merdeka, ngibaratkeun Yerusalem sawarga, ibu urang.

27Sabab ceuk Kitab Suci, "Eh istri gabug! Masing bungah! Eh nu tacan ngarasa nyerina ngajuru, masing gerah! Sabab istri anu ditinggalkeun ku salakina teh bakal leuwih loba anakna, ti batan anu terus direujeungan ku salakina."

28Dulur-dulur! Aranjeun oge putra-putra Allah, anu lahir ku karana jangji Allah, saperti Ishak.

29Jaman harita, anak anu dilahirkeunana sakumaha ilaharna teh nganiaya ka anu dilahirkeunana ku karana pangersa Roh Allah. Jaman ayeuna oge kawas kitu.

30Tapi kumaha ceuk Kitab Suci? Kieu, "Singkirkeun eta badega awewe teh jeung anakna, sabab anak ti manehna mah moal dijieun ahli waris cara anak ti awewe anu merdeka."

31Jadi dulur-dulur! Urang teh lain anak ti awewe asal badega, tapi turunan ti awewe merdeka.



 <<  Galatia 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel