Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 6 >> 

1Lamun aya batur migawe teu bener, pepelingan ku aranjeun, anu ariman. Tapi mepelinganana sing leuleuy, jeung kahade bisi aranjeun sorangan kabawakeun.

2Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.

3Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.

4Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur,

5sabab masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.

6Anu geus nampa pangajaran Kristus, kudu nembongkeun kalakuan anu hade, tanda tumarima ka nu ngajarna.

7Ulah boga sangka Allah beunang dibobodo. Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.

8Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala. Melak anu asalna ti Roh Allah, hirup langgeng anu asal ti Roh Allah nu bakal kaala.

9Jadi ulah bosen-bosen nyieun kahadean, supaya dina waktuna ngala, upama urang teu eleh ku kabosen, kabeh hasilna tangtu kaala.

10Ku sabab eta, saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae, komo ka batur sakapercayaan mah.

11Tulisan anu ieu aksarana baradag! Sim kuring sorangan anu nuliskeunana.

12Jelema-jelema anu mamaksa aranjeun disunat teh ngan ngagedekeun sual-sual lahir. Pamalarna taya lian, sangkan ulah nepi ka milu dikakaya ku urang Yahudi tina sabab salib Kristus.

13Sanajan maranehanana disunat oge narurut kana Hukum agama Yahudi mah henteu. Maksa-maksakeun sunat ka aranjeun teh ngan ngarah kapuji geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun.

14Ari kaagul sim kuring mah ngan Gusti urang Yesus Kristus anu geus pupus disalib. Sabab ku pupusna Anjeunna disalib teh pikeun sim kuring mah dunya geus teu aya hartina, nya kitu deui sim kuring pikeun dunya lir geus maot.

15Disunat teu disunat teu jadi sual, nu perlu mah jadi manusa anyar.

16Mugia anu pamadegan hirupna kieu, bareng jeung sakumna umat Allah sing disiram ku rahmat jeung kanugrahaan ti Allah.

17Mugia ti semet ieu mah aranjeun henteu nyusahkeun deui hate sim kuring, sabab dina diri sim kuring aya tapak-tapak anu nandakeun yen sim kuring teh abdina Yesus Kristus.

18Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun, dulur-dulur! Amin. Wassalam, Paulus



 <<  Galatia 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel