Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hagai 1 >> 

1Dina taun kadua Darius jadi raja Persia, dina tanggal hiji bulan anu kagenep, PANGERAN ngembankeun timbalan ka Nabi Hagai, supaya ditepikeun ka Serubabel bin Sealtiel anu jadi gupernur di tanah Yuda, jeung ka Imam Agung Yosua bin Yosadak.

2Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa ka Hagai, "Jalma-jalma nyarebutkeun, magar ayeuna can meujeuhna ngadegkeun deui Bait Allah."

3Nabi Hagai ku PANGERAN dipiwarang nyaurkeun timbalan kieu ka umat-Na,

4"Eh umat Kami, ku naon maraneh geus caricing di imah nu wareweg, ari Bait Kami, burak-barik keneh?

5Teu karasa, naon anu keur karandapan ayeuna ku maraneh?

6Maraneh melak gandum lega, tapi nu kaala saeutik pisan. Dahareun baroga, tapi moal matak seubeuh. Anggur inumeun boga, tapi teu matak cukup! Papakean boga, tapi teu matak haneut kana awak. Nu karuli buruhna teu mahi keur pangabutuhna sapopoe.

7Teu karasa, naon sababna?

8Coba geura naranjak ka pasir nuaran kai, Bait Kami adegkeun deui, sangkan hate Kami genah, sangkan Kami dibakti sakumaha mistina.

9Maraneh ngarep-ngarep mucekil panen, tapi sanggeus panen hasilna teu pira. Ana diakut ka imah, di tengah jalan ku Kami ditiup manten. Ku naon sababna Kami kitu? Ku sabab Bait Kami, burak-barik keneh, da maraneh masing-masing jongjon nyieun imah sorangan.

10Eta sababna pangna tara aya hujan, nepi ka euweuh naon-naon anu jadi.

11Ieu tanah ku Kami dihaja kahalodoan. Pasir-pasir, kebon-kebon anggur, kebon-kebon jetun, lahan-lahan gandum, jelema, sasatoan, sagala tutuwuhan, katut sagala rupa anu ku maraneh dipelak, kabeh ku Kami disina gararing."

12Geus kitu Serubabel jeung Yosua katut jelema-jelema anu marulang ti pangbuangan di Babul, narurut kana timbalan PANGERAN Allahna. Jelema-jelema teh sarieuneun, nu matak maranehna narurut ka Nabi Hagai, utusan Allah.

13Hagai ku PANGERAN dipiwarang ngemban timbalan ka maranehna. Timbalana-Na, "Kami jangji rek nyarengan ka maraneh."

14Seug Serubabel, gupernur tanah Yuda, Imam Agung Yosua, sarta jalma rea anu marulang ti pangbuangan dihudangkeun sumangetna ku PANGERAN, sangkan digarawe nyieun Bait Allah. Prak maranehna ngamimitian nyieun Bait PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah maranehna.

15Dimimitianana dina tanggal dua puluh opat bulan anu kagenep, taun kadua pamarentahan Raja Darius.



 <<  Hagai 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel