Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 2 >> 

1Lamun ngahaturkeun kurban tina gandum ka PANGERAN, gandumna kudu ditipungkeun heula. Tipungna kucuran minyak jetun, tumpangan dupa.

2Bawa ka imam turunan Harun. Ku imam eta tipung comot sakeupeul jeung minyakna saeutik, dupana cokot kabeh, tuluy beuleum dina altar, pikeun sarat yen eta kurban geus dihaturkeun kabeh ka PANGERAN. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

3Tipung sesana keur imam, sarta kaayaanana jadi kacida sucina lantaran asal tina hancengan PANGERAN.

4Saupama kurban kadaharan teh beunang meuleum, henteu meunang make ragi. Anu kandel, ngadonanana kudu ku minyak jetun, anu ipis ulasan ku minyak jetun.

5Lamun bangsa dadar, ngadonanana kudu ku minyak jetun, teu meunang make ragi.

6Geus didadar kudu diremuk-remuk heula, tuluy kucuran minyak jetun, kakara kurbankeun.

7Lamun dibuburkeun, adonanana kudu make minyak jetun.

8Bikeun eta adonan ka imam sina dibawa ka altar, haturkeuneun ka PANGERAN.

9Ku imam adonanana kudu dicokot saeutik, tuluy sina dibeuleum dina altar, pikeun sarat yen eta kurban geus dihaturkeun kabeh ka PANGERAN. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

10Sesana keur imam, sarta kaayaanana jadi kacida sucina, sabab asal tina hancengan PANGERAN.

11Sagala rupa kurban kadaharan tina gandum ulah diragian. Pacuan tutuangeun haturan PANGERAN mah ulah make ragi atawa madu.

12Saban metik panen, indung panen kudu disanggakeun ka PANGERAN, tapi ulah dibawa kana altar, lain keur beuleumeun.

13Sagala rupa kurban tina gandum kudu make uyah, sabab uyah teh jadi ciri perjangjian antara maraneh jeung Allah. Jadi sagala rupa kurban kudu diuyahan.

14Lamun rek nyanggakeun kurban tina gandum panen munggaran, kudu anu geus disanggray atawa tipungna.

15Tuluy campuran ku minyak jetun jeung tumpangan dupa.

16Sabagian eta tipung jeung minyak katut dupana kabeh ku imam kudu dibeuleum, pikeun tanda yen kabeh geus dihaturkeun ka PANGERAN, dijieun kurban kadaharan.



 <<  Imamat 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel