Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 3 >> 

1Lamun aya anu ngahaturkeun kurban panarima, sarta anu rek dikurbankeunana teh sapi, jalu meunang bikang meunang, tapi kudu anu mulus.

2Tumpangkeun leungeun kana sirah eta sapi, peuncit sapina di hareupeun lawang Kemah Tepangan PANGERAN. Kepret-kepret getihna ku imam turunan Harun kana sakuriling altar.

3Tuluy sanggakeun pikurbaneunana, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Babagian anu kudu dihaturkeun nya eta kabeh gajih jeroan,

4giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.

5Beuleum kabeh dina altar ku imam, hijikeun jeung baturna anu geus aya dina altar. Anu bakal katampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

6Lamun pikurbaneunana domba atawa embe, jalu meunang bikang meunang, tapi kudu anu mulus.

7Upama domba,

8tumpangkeun leungeun nu boga kurban kana sirah eta domba, peuncit dombana hareupeun Kemah Tepangan. Kepret-kepret getihna ku imam kana sakuriling altar.

9Haturkeun pikurbaneunana, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN. Babagian anu kudu dihaturkeun nya eta gajih, buntutna saweuteuhna anu pinuh ku gajih anu dipotong tina bagalna, sakabeh gajih anu ngabulen eusi beuteungna,

10giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.

11Beuleum kabeh dina altar ku panghulu, jieun kurban kadaharan haturan PANGERAN.

12Upama embe,

13tumpangkeun leungeun nu boga kurban kana sirah eta embe, peuncit embena hareupeun Kemah Tepangan. Kepret-kepret getihna ku imam kana sakuriling altar.

14Babagian anu kudu dihaturkeun keur kurban kadaharan nya eta sakabeh gajih anu ngabulen eusi beuteungna,

15giginjel duanana jeung gajihna, jeung babagian ati anu pangalusna.

16Beuleum kabeh dina altar ku imam jieun kurban kadaharan, anu bakal katampi ku PANGERAN. Gajihna haturkeun kabeh ka PANGERAN.

17Urang Israil sanajan di mana bae teu meunang ngadahar gajih atawa getih. Ieu katangtuan kudu digumatikeun saumur-umur ku urang Israil.



 <<  Imamat 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel