Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 49 >> 

1Yakub ngumpulkeun putra-putrana tuluy ngalahir, "Ka darieu kumpul, Ama rek ngucapkeun hal-hal anu bakal kasorang ku maraneh engke ka hareup:

2Ka darieu kumpul, regepkeun, he anak-anak Yakub. Regepkeun ieu bapa maraneh Israil.

3Rubin, anak kami anu cikal, maneh wujud kabedasan kami anak kahiji ti kalalakian kami. Pangangkuhna jeung pangbedasna ti antara anak-anak kami.

4Maneh saibarat caah rongkah, tapi hamo jadi anu pangutamana, sabab maneh geus ngedengan selir kami ngunghak kana pangsarean kami.

5Simeon jeung Lewi adi lanceuk. Maranehanana nyikep pakarang pikeun katelengesan.

6Kami moal miluan rarasiahanana, moal miluan babadamianana, sabab sajeroning ambek maranehanana maehan jalma jeung ngabajegan sapi-sapi sakadar keur karesepan.

7Ambekna sing kasapa, tina kacida bengisna, amarahna sing kasapa, tina kacida kejemna. Ku kami rek disina pabencar di satanah Israil. Disina pabuyar di tengah bangsana.

8Yuda, maneh bakal dipuji ku dulur-dulur. Musuh-musuh ku maneh dicerek pundukna. Dulur-dulur ka maneh bakal rarengkuh.

9Yuda saibarat singa, maehan mamangsanna seug asup kana dungusna, ngendorkeun urat seug ngagelehe. Taya nu wani ngaganggu.

10Yuda bakal nyangking iteuk karajaan, turunanana bakal marentah salalawasna. Bangsa-bangsa bakal marere upeti tunduk deku di hareupeunana.

11Seug manehna nyangcang kalde ngora kana hiji tangkal anggur, anu buahna pangalus-alusna. Ngupyakkeun pakeanana kana cianggur anu warnana beureum getih.

12Panonna sumorot euceuy ku nginum anggur, huntuna bodas ku nginuman susu.

13Sebulun bakal matuh di sisi laut. Basisirna jadi palabuan kapal-kapal. Wewengkonna nepi ka Sidon.

14Isaskar mo leuwih senang ti kalde, keur depa ge teu lesot tina momotna.

15Tapi nyahoeun yen tempat reureuhna hade tur tanahna pikaresepeun. Seug ngajurungkunung ngangkat momotanana kawantu nu kumawula, tukang nadah gawe beurat.

16Dan bakal kawasa marentah rahayatna. Maranehanana ge kawas kaom-kaom Israil sejenna.

17Dan bakal saibarat oray di sisi jalan, oray matih di jalan gupit. Macok kana keuneung kuda, nepi ka anu tumpakna ragrag tijengkang.

18Abdi ngantos salamet ti Anjeun, PANGERAN.

19Gad bakal ditempuh ku gorombolan rampog, tapi bakal malik ngudag ka nu nempuh.

20Aser, tanahna bakal beunghar ku dahareun. Bisa ngayakeun anu surup keur tuangeun raja.

21Naptali saibarat uncal bikang anu lumpatna lugina, anak nu bakal dijurukeunana bakal lalucu.

22Yusup saibarat kalde linghas sisi cinyusu. Saibarat anak kuda giras di lamping pasir.

23Musuh-musuhna nempuh kacida rosana, ngudag bari mawa gondewa reujeung panah.

24Tapi gondewa Yusup angger tanggoh, leungeunna aya anu ngabedaskeun, bedas ku kawasa Nu Maha Kawasa, Allahna Yakub, ku nu jadi Pangangon, Panyalindungan Israil.

25Allah bapa maneh anu mitulung ka maneh, Allah Nu Maha Kawasa anu ka maneh ngaberkahan ku hujan ti awang-awang jeung cai anu jarero ti jero bumi, dipaparin pirang-pirang sapi jeung anak,

26dipaparin gandum jeung kekembangan, dipaparin gunung-gunung jaman purwa, dipaparin kabetah ti pasir-pasir abadi. Ieu berkah-berkah masing tumetep mayungan sirah Yusup, ngauban halis jelema nu pangunculna ti sakabeh dulur-dulurna.

27Binyamin saibarat ajag anu kacida galakna. Isuk, sore, ngarubuhkeun jeung ngahakan mamangsan."

28Sakitu dua belas kaom Israil teh. Kitu ungelna ucap pamitan ramana anu dilahirkeunana saluyu keur masing-masing dirina.

29Ti dinya Yakub wewekas, "Ama ayeuna rek mulang, nyusul warga-warga Ama ka alam kubur. Layon Ama hijikeun jeung bapa Ama di guha kuburan di tanahna Epron urang Het,

30di Makpela wetaneun Mamre, di tanah Kanaan. Eta guha jeung tegalan ku Ibrahim geus digaleuh ti Epron keur tanah kuburan.

31Ibrahim jeung Sarah geureuhana, Ishak jeung Rabeka, kitu deui Lea, nya di dinya dipendemna.

32Eta tegalan jeung guhana geus dibeuli ti urang Het. Kuburkeun Ama di dinya."

33Tamat Yakub wewekasna, seug ngagoledag kereles bae pupus.



 <<  Kejadian 49 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel