Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 7 >> 

1Ngandika PANGERAN ka Enoh, "Maneh sakulawarga, geura arasup ka kapal. Ku Kami geus kanyahoan, ngan maneh jelema di ieu dunya anu bener kalakuan.

2Bawa ka kapal saban rupa golongan sato, anu halal masing-masing tujuh jodo, anu haram sajodo-sajodo bae.

3Oge saban rupa golongan manuk masing-masing tujuh jodo. Pek geura pigawe, sangkan eta bangsa sato jeung manuk anu sakitu teh karaksa hirupna, geusan bibit ka hareup.

4Tujuh poe deui Kami rek nurunkeun hujan lilana opat puluh poe opat puluh peuting, rek dipake numpes sakur anu kumelip jijieunan Kami."

5Eta sagala timbalan PANGERAN teh ku Enoh dijalankeun.

6Dina waktu der caah, yuswa Enoh geus genep ratus taun.

7Anjeunna, geureuhana, putra-putrana jeung mantu-mantuna, arunggah ka kapal nyingkahan caah.

8Sasatoan, manuk, nu haram, nu halal, masing-masing hiji jalu hiji bikang ti saban golongan,

9arasup jeung Enoh ka kapal, sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah.

10Tujuh poe ti harita caah geus mimiti der.

11Nincak kana genep ratus taun yuswa Enoh, dina tanggal tujuh belas, bulan kadua, sungapan-sungapan cai anu rongkah di jero taneuh, kabeh mararudal tingburial, lawang-lawang cai di langit kabeh maruka,

12breg hujan turun ka bumi, opat puluh poe opat puluh peuting.

13Poe eta keneh Enoh, geureuhana, tilu putrana nya eta Sem, Ham, jeung Yapet, jeung bojo-bojona, arunggah ka kapal.

14Dibarengan ku sasatoan, sato ingu, sato leuweung, nu gede, nu leutik, manuk, masing-masing ti saban golongan.

15Ti saban golongan mahluk anu kumelip, masing-masing hiji jalu hiji bikang, arasup jeung Enoh ka kapal,

16sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah. Geus kitu panto kapal teh ditutup ku PANGERAN.

17Caah lumangsung terus nepi ka opat puluh poe. Cai geus ngaluhuran, geus kuateun ngampulkeun eta kapal nepi ka ngambang.

18Cai terus beuki luhur, soloyong eta kapal maju.

19Cai geus kacida luhurna, mani geus laput gunung-gunung anu pangluhurna,

20tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.

21Sakur mahluk nu kumelip di bumi, manuk, sato, jelema, kabeh tiwas.

22Tiap mahluk bumi nu boga ambekan, paeh.

23Tiap mahluk anu kumelip di bumi, manusa, sato, manuk, kabeh ku PANGERAN dibasmi. Anu dikarikeun hirup ngan Enoh jeung anu marilu ka anjeunna ka kapal.

24Cai henteu orot-orot nepi ka saratus lima puluh poe lilana.



 <<  Kejadian 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel