Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 39 >> 

1Ari pakean agreng pikeun imam-imam keur pakeeun ari babakti di Kamar Suci, bahanna wol biru, wungu, jeung beureum. Prak we tukang-tukang teh nyieun pakean imam pikeun Harun, nurutkeun sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

2Nyieun epodna tina lenen lemes, wol biru, wungu, jeung beureum, jeung benang emas.

3Sarta eta tukang-tukang teh ngetok emas sina meber tuluy diguntingan aripis, diterap-terapkeun kana kaen lenen lemes jeung kana wol warna biru, wungu, jeung beureum tea.

4Geus kitu nyieun tali taktakna dua, dijaitkeun kana tungtung-tungtung epod ti luhur kenca katuhu supaya eta oto bisa dipageuhan.

5Tuluy nyieun tali beubeurna tina bahan anu eta keneh, dijaitkeun kana epodna sina ngahiji, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa tea.

6Ti dinya nyadiakeun batu-batu permata dalima tuluy dicangkokan ku emas disusunkeun, sarta batuna diukiran ku dua welas ngaran putra-putra Yakub, kacida alusna,

7seug diterapkeun dina tali taktak epod kenca katuhu, ngalambangkeun dua welas kaom Israil, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

8Ari otona bahanna sarua jeung bahan epod, sulamanana oge sarua.

9Bangunna pasagi jeung dirangkep. Panjangna 22 sentimeter, rubakna oge sakitu.

10Eta oto ditaretes ku batu-batu permata opat jajar. Permata jajaran kahiji: mirah dalima, manikem koneng jeung batu dalima.

11Permata jajaran kadua: jambrut, nilem jeung inten.

12Permata jajaran katilu: pirus, angkik jeung kucubung.

13Permata jajaran kaopat: ratna-campaka, permata dalima, jeung widuri pandan. Permatana kabeh dicangkok ku emas.

14Unggal batu permatana diukiran ku ngaran pala putra Yakub, ngalambangkeun dua welas kaom Israil.

15Otona make dua rantay emas murni anu dirarakeun siga tali,

16dua cangkok emas, jeung dua ali emas. Ali emasna dijaitkeun dina tungtung oto beulah luhur kenca katuhu,

17sarta rantay emas tea dicantelkeun kana eta dua ali.

18Ari tungtung rantay nu sabeulah deui duanana dicantelkeun kana dua cangkok emas anu ayana dina tali taktak epod beulah hareup kenca katuhu.

19Nyieun deui dua ali emas, dijaitkeun dina tungtung-tungtung oto beulah handap dina sisina beulah jero luareun epod.

20Nyieun deui dua ali emas, tuluy dijaitkeun kana puhu tali taktak epod beulah hareup deukeut kelinna, luhureun tali beubeur epod kenca katuhu.

21Sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa, ali-ali oto jeung ali-ali epod dirempetkeun tuluy dibeungkeut ku pita biru, supaya otona bener cicingna di luhureun tali beubeur jeung supaya henteu lesot.

22Ari baju kurung anu baris dipake luareun epod bahanna kabeh wol biru.

23Pinggiran beuheungna sakurilingna dikelin ku lawon tinun supaya henteu soeh.

24(39:24-26) Tungtung handap nu ngarumbay sakurilingna dirarawisan ku dadalimaan tina lenen lemes jeung wol biru, wungu, beureum, dipaselangkeun jeung genta-genta laleutik tina emas tulen, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

25(39:24)

26(39:24)

27Jeung nyieun kameja pikeun Harun jeung putra-putrana pameget,

28dastar, kerepus, calana pondok tina lenen lemes;

29nyieun solempang tina lenen lemes jeung tina wol warna biru, wungu jeung beureum, dimamanis ku sulaman, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

30Jeung nyieun perhiasan jamang suci tina emas murni, diukiran kalimah "Suci bade ka PANGERAN".

31Eta perhiasan digantelkeun kana dastar beulah ti hareup ku tali warna biru, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

32Sagala rupa pagawean anu tumali jeung Kemah Tepangan PANGERAN geus anggeus kabeh. Ku urang Israil dijieunna kabeh cocog jeung timbalan PANGERAN ka Musa.

33Geus kitu Kemah teh disanggakeun ka Musa jeung sakabeh paparabotanana: kakait-kakait, papan-papan, papalang-papalang, tihang-tihang katut tatapakan-tatapakanana;

34tutup tina kulit domba beunang ngabeureuman, tutup tina kulit lemes; reregan aling-aling;

35Peti Perjangjian anu dieusi dua papan batu, rancatanana, tutupna;

36meja jeung sakabeh paparabotanana katut roti haturkeuneun ka Allah;

37suku palita tina emas tulen, palita-palitana, sakabeh paparabotanana katut jeung minyak lampuna;

38altar emas; minyak pangistrenan; seuseungitan anu arum; reregan lawang Kemah;

39altar tambaga katut panggarangan tambagana; rancatanana jeung sakabeh paparabotanana; jolang paranti kukumbah jeung dadamparna;

40reregan-reregan palataran, tihang-tihang katut tatapakan-tatapakanana; reregan lawang palataran jeung tambang-tambangna, pancuh-pancuh Kemah, sakabeh paparabotan pakeeun di jero Kemah;

41pakean agreng imam paranti babakti di Kamar Suci, nya eta pakean suci pikeun Imam Harun sapala putra.

42Eta kabeh dijieunna ku urang Israil teh cocog jeung pangandika PANGERAN ka Musa.

43Seug eta barang-barang teh ku Musa dipariksaan hiji-hiji. Sanggeus kauninga yen kabeh cocog sakumaha pamundut PANGERAN, seug sakabehna ku Musa diberkahan.



 <<  Keluaran 39 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel