Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 15 >> 

1Aya urang Yudea anu daratang ka Antioki, ngajar kieu ka nu geus palercaya, "Lamun aranjeun teu disarunatan nurutkeun parentah dina Hukum Musa, aranjeun moal bisa disalametkeun."

2Paham kitu kacida dilawanna ku Paulus jeung Barnabas. Tungtungna Paulus jeung Barnabas ti Antioki diutus ka Yerusalem, dibarengan ku sababaraha urang deui, pikeun mereskeun sual eta jeung rasul-rasul.

3Utusan dijajap ku jamaah nepi ka wates kota, ti dinya terus kebat jalanna ka Penesia jeung Samaria. Urang dinya dibejaan, yen bangsa sejen nu lain Yahudi oge geus nyalanghareup ka Allah; kacida aratoheunana.

4Di Yerusalem, sanggeusna dibageakeun ku jamaah, ku rasul-rasul, jeung ku para kokolot jamaah, utusan medar sagala hal anu dipidamel ku Allah ku jalan aranjeunna.

5Tapi aya anggota jamaah ti golongan urang Parisi, ngaromong kieu, "Jalmi-jalmi bangsa sanes anu parantos palercaya teh kedah disarunatan, sareng perlu diwartosan kedah tarunduk ka Hukum Musa."

6Ieu masalah tuluy dimusawarahkeun ku para kokolot jeung rasul-rasul.

7Sanggeus lila sual jawab, Petrus ngadeg tuluy ngalahir, "Dulur-dulur tangtu aremut, geus lila sim kuring ku Allah dipilih ti aranjeun, kedah nguarkeun Injil Kasalametan ka bangsa sejen, supaya maranehna oge palercaya kana hal eta.

8Allah, anu uninga kana eusi hate unggal jalma, parantos kersa nampi bangsa sejen, nyatana ka bangsa sejen oge, Allah parantos maparin Roh Suci cara ka urang.

9Urang sareng bangsa sejen ku Mantenna henteu dibeda-beda. Bangsa sejen oge ku Mantenna dihampura dosana, lantaran maranehna oge palercaya.

10Ku margi kitu ku naon bade ngaralawan ka Allah, ngudukeun dulur-dulur anu parantos palercaya ngajalankeun sarat anu sakitu beuratna? Karuhun urang ge, nya kitu deui urang sorangan teu kuat ngalakonanana.

11Urang percaya yen boh urang, boh bangsa sejen, pang salamet teh ngan ku karana sih kurnia Gusti Yesus bae."

12Ti dinya, barang Paulus jeung Barnabas nyarioskeun sagala mujijat jeung kaahengan anu dipidamel ku Allah di kalangan bangsa sejen ku jalan aranjeunna, anu ngabarandungan mani jempling.

13Geus kitu Yakobus ngalahir, "Dulur-dulur, karupingkeun sim kuring!

14Bieu saderek Simon nerangkeun hal ngawitanana Allah mintonkeun perhatosana-Na ka jalmi-jalmi bangsa sanes, kalayan maksad ti eta bangsa aya anu bade dipilih baris dijadikeun umat-Na.

15Hal ieu cocog pisan sareng anu kapungkur diramalkeun ku nabi-nabi, anu ungelna,

16‘Engke Kami baris datang deui,’ timbalan Pangeran, ‘seja mulihkeun karajaan Daud. Nu geus runtuh sina ngadeg deui, sina weweg deui.

17Ku sabab kitu jalma-jalma salian ti eta, bakal daratang ka Kami. Nya eta ti bangsa lian anu geus disalaur ku Kami, sangkan jadi kagungan Kami.

18Kitu timbalan Pangeran, nguningakeun perkara eta ti baheula keneh.’

19Kitu nu mawi pangrasa sim kuring, dulur-dulur anu teu sabangsa anu parantos tarobat ka Allah teh ulah diririweuh.

20Mending ge urang suratan, anu eusina mepelingan yen teu kenging ngadahar kadaharan anu najis anu parantos disuguhkeun ka brahala, atanapi sato anu paeh bangkar, atanapi getihna, sareng teu kenging jinah.

21Margi Hukum Musa teh ti baheula keneh unggal-unggal Sabat dibaca di imah-imah ibadah bangsa urang, aturan-aturanana diwurukkeun di saban kota."

22Geus kitu rasul-rasul jeung para kokolot, kitu deui sakumna jamaah, rempug seja milih dua jelema pikeun diutus ka Antioki, bareng jeung Paulus jeung Barnabas. Geus kapilih duaan, duanana jelema anu kacida dipandangna ku sakur anu palercaya, nya eta Yudas anu katelah Barsabas, jeung Silas,

23dibahanan surat anu kieu eusina: "Kahatur para saderek luareun bangsa Yahudi di Antioki, Siria, sareng di Kikilia. Sim kuring, rasul-rasul sareng para kokolot jamaah di Yerusalem, saderek-saderek aranjeun, ngahaturkeun salam kawilujengan.

24Aya wartos saderek-saderek diririweuh ku jalmi-jalmi sim kuring anu darongkap ka dieu, nyebarkeun paham anu ngabingungkeun. Sayaktosna maranehna sanes utusan ti sim kuring.

25Ku margi kitu sim kuring sadaya teras barempug, ahirna mupakat bade ngintun utusan ka dieu, anu pidongkapeunana bakal sasarengan sareng saderek Barnabas sareng Paulus saderek urang,

26anu parantos naruhkeun jiwana demi Gusti urang Yesus Kristus.

27Utusan teh duaan, nya eta Yudas sareng Silas, anu bakal nerangkeun perkawis ieu serat ku lisan.

28Roh Suci parantos nyatujuan, kitu deui sim kuring sadaya, moal nambihan kabeubeurat aranjeun ku kawajiban-kawajiban sanesna, salian ti:

29kedah pantrang kana kadaharan anu parantos disuguhkeun ka brahala, pantrang neda getih, pantrang neda sato anu paeh bangkar, sareng teu kenging jinah. Kalintang utamina upami hal ieu ku saderek-saderek digumatikeun. Sakitu nu kapihatur, wilujeng."

30Utusan geus ariang ka Antioki, tuluy ngumpulkeun jamaah, suratna dipasrahkeun.

31Eusina kacida nyenangkeunana kana hate nu narima, jamaah ngarasa bungah.

32Yudas jeung Silas anu saenyana mah nabi, lila cacarios jeung maranehanana, maparin pituah jeung nasehat anu matak negerkeun hate.

33Sanggeus nganjrek rada lila, kakara aranjeunna meunang marulih deui ka nu ngutusna bari dijurung ku pangdoa sarerea.

34[Tapi Silas mah ngantunkeun anjeun seja terus di Antioki bae.]

35Paulus jeung Barnabas rada lila nganjrekna di Antioki, ngajarkeun jeung nguarkeun pangandika Gusti jeung urang dinyana.

36Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, "Urang ngalongok dulur-dulur ka tempat-tempat urang bareto nguarkeun pangandika Gusti, hayang terang kumaha kaayaanana."

37Barnabas hoyongeun nyandak Yohanes Markus,

38tapi Paulus ngaraos teu hade lamun Yohanes Markus dibawa, lantaran bareto ge henteu terus babarengan nepi ka anggeus, anggur mulang ninggalkeun di Pampilia.

39Paulus jeung Barnabas nepi ka pabentar nemen pisan, tungtungna aranjeunna papisah. Barnabas tetep nyandak Markus terus balayar ka Siprus.

40Ari Paulus nyandak Silas; sabada ku jamaah dipasrahkeun kana rahmat Gusti terus angkat,

41ngideran Siria jeung Kikilia, nguatkeun jamaah-jamaah.



 <<  Kisah Para Rasul 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel