Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 9 >> 

1Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,

2mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.

3Barang geus deukeut ka Damsik, Saulus ngadak-ngadak katojo ku hiji cahaya ti langit,

4nepi ka tibeubeut kana taneuh, tuluy aya soara anu ngalahir ka anjeunna, "Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?"

5"Saha Juragan teh?" saur Saulus. Waler anu nyoara, "Kami teh Yesus, anu dikaniaya ku maneh.

6Ayeuna geura hudang, tuluykeun ka Damsik, engke di ditu maneh bakal dibejaan naon anu kudu dipilampah ku maneh."

7Rerencangan saperjalananana areureun, pungak-pinguk, rareuwaseun nepi ka teu barisaeun ngomong-ngomong acan ngadenge soara teu tembong jirimna.

8Saul hudang tina taneuh tuluy beunta, tapi teu iasaeun ningali naon-naon. Ku rerencanganana ditungtun ka jero kota Damsik.

9Meunang tilu poe teu ningalina, sajeroning kitu anjeunna teu tuang teu leueut.

10Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. "Ananias!" dawuhan Gusti. "Nun, Gusti!" wangsulna.

11Dawuhan Gusti, "Ayeuna maneh kudu indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus. Eta jelema ayeuna keur neneda.

12Dina tetenjoanana manehna nenjo jelema ngaran Ananias datang numpangkeun leungeun ka dirina supaya bisa deui nenjo."

13Waler Ananias, "Gusti, eta jalmi teh seueur kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat Gusti di Yerusalem.

14Nu mawi ka Damsik oge bade nangkepan umat Gusti, malah ngabantun serat kawasa ti imam-imam kapala."

15Dawuhan Gusti, "Teang bae! Sabab manehna ku Kami geus dijadikeun pangbantu anu bakal ngamashurkeun jenengan Kami ka luareun bangsa Yahudi anu teu anut agama Yahudi, ka raja-rajana, jeung ka urang Israil oge.

16Kami pribadi rek mere nyaho ka manehna sagala panganiayaan anu bakal karandapan ku dirina tina sabab Kami."

17Ananias angkat terus lebet ka panganjrekan Saulus. "Saderek Saulus, Gusti Yesus anu katingali ku Saderek di perjalanan, ngutus sim kuring ka dieu, supados Saderek iasa deui ningali sareng nampi panuyunna Roh Suci," saur Ananias bari numpangkeun panangan ka Saulus.

18Harita keneh aya anu ragrag tina soca Saulus siga sisit lauk, bray anjeunna iasa deui ningali. Saulus ngadeg tuluy dibaptis.

19Sanggeus tuang salirana jagjag deui. Di Damsikna Saulus meunang sawatara poe deui, ngahiji jeung anu palercaya ka Yesus,

20malah lebet ka imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, mertelakeun yen Yesus teh Putra Allah.

21Urang Yahudi kacida hareraneunana ku anjeunna, aromongna, "Lain anu di Yerusalem maehan para panganut Yesus tea, eta teh? Pang ka dieu oge pan rek nangkepan jelema-jelema anu karitu, rek diserenkeun ka imam-imam kapala."

22Tapi pangaruh pertelaan ti Saulus beuki gede. Bukti-bukti perkara Yesus anu dipedar ku anjeunna kacida ngayakinkeunana, yen Yesus teh Raja Salam nu nyalametkeun, nepi ka bangsa Yahudi anu di Damsik teu bisaeun ngabantah.

23Sanggeus liwat sawatara poe deui, urang Yahudi sakait rek maehan Saulus,

24tapi anjeunna aya anu ngawartosan. Anu rek maraehanana beurang peuting megat anjeunna di lawang kota.

25Tapi dina hiji peuting anjeunna dikaluarkeun ti jero kota ku para panganutna, diulur dina karanjang ti luhur tembok kota.

26Sanggeus sumping ka Yerusalem, Saulus ihtiar nyaketan para panganut Gusti, tapi maranehna sarieuneun lantaran teu palercayaeun.

27Geus kitu anjeunna dibantu dikenalkeun ku Barnabas ka rasul-rasul, diterangkeun hal anjeunna ditembongan jeung didawuhan ku Gusti di jalan ka Damsik, jeung hal kateuneunganana mertelakeun Yesus di Damsik.

28Sanggeus ku rasul-rasul ditampi, Saulus ngider di Yerusalem, ngawulang ku pajenengan Gusti kacida ludeungna.

29Malah sok sasauran jeung sual jawab jeung urang Yahudi anu basana basa Yunani, tapi ku maranehna rek dipaehan.

30Kanyahoan ku para panganut Gusti, anjeunna tuluy dicandak ka Kesarea, ti dinya terus ka Tarsus.

31Ti harita kaayaan jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria tuluy aman jeung tengtrem. Kalawan pitulung Roh Suci jamaah beuki kuat, anu palercaya beuki loba, harirupna alajrih ka Gusti.

32Ari Petrus damelna ka ditu ka dieu ngalayad jamaah-jamaah. Dina hiji poe anjeunna ngalayad umat Gusti di Lida.

33Di dinya mendakan hiji jelema lumpuh ngaran Eneas, anu geus dalapan taun tara cengkat-cengkat ti enggon.

34"Eneas," saur Petrus, "ku pitulung Yesus Kristus anjeun cageur. Geura hudang, enggonna beresan." Harita keneh Eneas bisaeun hudang.

35Urang Lida jeung urang Saron narenjo Eneas cageur teh tuluy palercaya ka Gusti.

36Di Yopa aya hiji awewe anu percaya ka Yesus, ngaranna Tabita. (Ngaran Yunanina Dorkas, hartina "Uncal".) Tabeatna resep nyieun kahadean, tutulung ka nu mariskin.

37Harita Tabita teh gering malah tuluy maot. Sanggeus dimandian, mayitna dipernahkeun di loteng.

38Ku sabab Yopa teu sabaraha jauhna ti Lida, para panganut Gusti di Yopa ngadarenge beja yen Petrus aya di Lida, tuluy ngajurungan dua jelema ngangkir Petrus, "Mugi Bapa enggal-enggal sumping ka Yopa."

39Petrus geuwat angkat, bareng jeung nu ngangkir. Sasumpingna terus dicandak ka loteng, ditaluturkeun ku randa-randa. Bari tingsalegruk randa-randa teh narembongkeun rupa-rupa papakean meunang Dorkas nyieunan waktu keur hirup keneh.

40Tapi maranehna ku Petrus dipiwarang kalaluar kabeh, ti dinya anjeunna neneda tapak deku, geus kitu malik mayun ka mayit bari ngalahir, "Tabita, geura hudang!" Nyah mayit teh beunta, ret ka Petrus tuluy diuk.

41Ku Petrus dicepeng dibantuan hudang. Ti dinya anu palercaya jeung randa-randa teh ku Petrus disalaur; Tabita anu geus hirup deui diserenkeun ka maranehna.

42Beja perkara eta terus kagurnitakeun ka sakuliah Yopa, nepi ka loba anu palercaya ka Gusti.

43Petrus linggih heula di Yopa meunang sababaraha poe di imah Simon tukang nyamak kulit.



 <<  Kisah Para Rasul 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel