Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kolose 2 >> 

1Terus-terang, sim kuring kacida banting tulangna pikeun kasalametan aranjeun teh, kitu deui pikeun urang Laodikea jeung salian ti eta anu tarerangeunana ka sim kuring kakara wawuh ngaran.

2Nu dipalar supaya maranehna karuat tekadna tur ngahiji silih pikanyaah, supaya bisa enya-enya ngartina nepi ka yakin kana hal eta. Sabab lamun kitu maranehna bakal leuwih terang deuih kana rasiah Allah tea, tegesna ka Kristus ku anjeun.

3Kristus teh konci anu mukakeun sisimpenan rajabrana hikmah jeung pangartos Allah anu tacan kanyahoan ku urang.

4Ku hal eta aranjeun ulah beunang kaolo ku batur, sanajan jelemana siga kacida hadena oge.

5Batin sim kuring teu weleh aya di aranjeun sanajan raga pajauh, anu matak kacida bungahna ningal aranjeun rempug-jukung jeung teguh satia ka Kristus teh.

6Ku lantaran aranjeun geus narima yen Kristus Yesus teh Gusti, aranjeun geus ngahiji jeung Kristus.

7Ku sabab eta kudu terus ngakar di Anjeunna, mekar di Anjeunna, mingkin percaya ka Anjeunna luyu jeung piwuruk nu geus katarima, sarta pinuh ku rasa tumarima.

8Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa jeung ti roh-roh di jagat raya, lain ti Kristus.

9Sakumna sipat katuhanan aya di Kristus dina wujud kamanusaana-Na.

10Jadi anu ngahiji jeung Anjeunna bakal meunang hirup anu sampurna. Kristus teh kawasa ka tiap-tiap roh anu kawasa jeung anu marentah.

11Ku ngahiji jeung Anjeunna, aranjeun teh geus disunat. Lain sunat anu dijieun ku manusa, tapi sunat padamelan Kristus anu ngabebaskeun aranjeun tina tabeat anu pinuh ku dosa.

12Waktu aranjeun dibaptis teh sategesna dikubur bareng jeung Kristus. Tapi ku eta baptisan keneh aranjeun dihirupkeun deui bareng jeung Kristus, lantaran percaya kana kakawasaan Allah anu geus ngahirupkeun deui Kristus tina pupus-Na.

13Tadina saenyana aranjeun teh maot, maot rohani, ku karana dosa jeung ku karana jadi jelema anu teu disunat sacara lahir. Tapi ayeuna ku Allah geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Dosa-dosa urang ku Allah dihampura kabeh.

14Daptar hutang dosa-dosa urang anu sarat rukun-rukunna kacida beuratna teh ku Mantenna dipareuman kabeh, daptar catetanana dipiceun, dipaku dina kayu salib.

15Dina eta kayu salib Kristus geus ngarangsadan roh-roh anu karawasa jeung nyarekel parentah, nepi ka maranehna taya dayana deui, sarta ku Kristus ditawan, digiring jadi tongtonan umum dina arak-arakan kaunggulan Anjeunna.

16Ku sabab kitu aranjeun ayeuna ulah kaatur deui ku hal naon bae anu meunang jeung teu meunang didahar atawa diinum, ku hal poe-poe kaagamaan atawa ku hal Pesta Bulan Anyar atawa ku poe Sabat.

17Da nu karitu mah kabeh ge ngan kalangkang tina hal-hal di jaman engke, anu wujud sajatina mah Kristus.

18Ulah beunang digeretak ku jelema anu ngaku-ngaku luhung dumeh meunang tetenjoan-tetenjoan gaib luar biasa, kitu deui ku jelema anu nyemu-nyemu handap asor jeung nyembah ka malaikat-malaikat. Jelema kitu, niatna ngan rek nyombongkeun maneh ku pikiranana anu duniawi.

19geus lesot ti Kristus anu jadi lir sirahna awak, anu ngatur awak sakujur, anu ngatur dat-dat kadaharanana, anu nyimpay tulang sandina nepi ka awak teh mekarna luyu jeung anu dikersakeun ku Allah.

20Aranjeun geus maot bareng jeung Kristus, geus bebas ti roh-roh anu ngawasaan alam. Tapi naha geuning hirup kawas kaereh keneh ku dunya? Geuning masih gugon-tuhon keneh kana kapamalian, kayaning:

21"Teu meunang nyabak anu! Teu meunang ngadahar anu! Teu meunang paantel jeung anu!"

22Nu karitu mah kapakena ngan sakali, tuluyna taya gunana. Kabehanana ge aturan jeung pangajaran-pangajaran jieunan manusa.

23Sigana bae alus soteh, ngajurung jelema muja ka malaikat-malaikat, siga enya ngajurung handap asor, jeung nitah nyiksa maneh, da pikeun ngadalian hawa napsu mah eta aturan teh taya kakuatanana naon-naon.



 <<  Kolose 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel