Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kolose 3 >> 

1Aranjeun geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Upayakeun supaya bisa meunangkeun anu aya di sawarga, tempat Kristus linggih di tengeneun Allah.

2Tujukeun pikiran kana perkara-perkara anu aya di ditu, ulah kana perkara-perkara nu aya di dunya,

3sabab aranjeun teh geus maot, hirup aranjeun ngancik buni jeung Kristus di Allah.

4Nu jadi hirup aranjeun nu sajatina teh nya eta Kristus. Samangsa engke Anjeunna ngebrehkeun salira, aranjeun oge tangtu araya jeung Anjeunna sarta dipaparin kamulyaan Anjeunna.

5Ku sabab kitu aranjeun kudu maehkeun kahayang-kahayang jasmani anu datang ngarobeda, kayaning lacur, nyieun kaaeban, ngumbar birahi, kahayang-kahayang jahat, jeung sarakah (sabab sarakah teh sarua jeung nyembah brahala).

6Allah tangtu bendu ka anu lampahna kitu, ka nu teu nurut ka Mantenna.

7Bareto, waktu keur dikawasaan keneh ku kahayang jasmani, hirup aranjeun teh nurutkeun kahayang-kahayang ka nu karitu.

8Piceun kabiasaan kitu teh ayeuna mah. Ulah ngumbar amarah, ulah unek-unekeun, ulah nurutkeun kangewa, ulah supu-sapa, ulah ngomong kotor,

9ulah silih bohongan. Da ayeuna mah geus kaluar tina hirup anu heubeul katut kabiasaan-kabiasaanana,

10geus aya dina hirup anu anyar. Ieu hirup anu anyar, ku Khalikna, nya eta ku Allah, terus-terusan dianyarkeun dina rupi Mantenna, supaya aranjeun terang enya-enya ka Mantenna.

11Lamun geus kitu mah moal aya deui jelema anu dibeda-beda. Urang Yahudi, nu lain urang Yahudi, nu disunat, nu teu disunat, urang Barbar, nu lugina, nu kumawula, nu mardika moal dibeda-beda, sabab nya Kristus anu jadi sakabehna, anu aya di kabehanana.

12Aranjeun teh umat Allah, ku Mantenna dipikaasih jeung dipilih dijadikeun kagungana-Na. Jadi kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.

13Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.

14Seug ieu sipat-sipat teh tambahan deuih ku kanyaah, sabab kanyaah teh tali anu meungkeut sagala rupa jadi hiji beungkeutan anu sampurna.

15Aranjeun ku Kristus geus dirukunkeun supaya rukun dina sagala perkara. Sabab nu matak aranjeun ku Allah disalaur dihijikeun teh supaya rukun. Tina hal eta aranjeun kudu muji sukur.

16Piwulang-piwulang Kristus anu sakitu jembarna ku rahmat teh serepkeun kana ati sanubari. Kudu silih ajar jeung silih tuduhan kalawan bijaksana sabisa-bisa. Nyanyikeun jabur-jabur, lagu-lagu pupujian jeung lagu-lagu rohani, sanggakeun ka Allah dibarengan ku rasa tumarima ka Mantenna sajeroning hate.

17Lamun aranjeun keur nganuhunkeun ka Allah Rama, boh nu dilampahkeun boh nu diucapkeun, kudu kalawan asmana Gusti.

18Para wanita anu rumah tangga sing ngesto ka salaki. Eta kawajiban umat Kristus.

19Salaki-salaki sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.

20Barudak umat Kristus, maraneh salawasna kudu nurut ka kolot. Budak nu nurut ka kolot bakal diasih ku Allah.

21Kolot-kolot ulah nganyenyeri hate anak, bisi anak reuntas hatena.

22Para badega dina sagala rupa kudu ngesto ka dunungan anu di dunya, saregep teh ulah ngan keur di hareupeunana pedah hayang kaalem. Ngawula teh kudu ku karana iklas jeung ku karana isin ku Gusti.

23Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.

24Inget, Gusti kagungan ganjaran keur umat-Na, keur aranjeun. Sabab anu saenyana jadi dunungan aranjeun mah Kristus.

25Jeung deui anu salah mah saha bae ge bakal nanggung balukarna, sabab Allah mah ngahukumna teh henteu ngabeda-bedakeun jelema.



 <<  Kolose 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel