Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 17 >> 

1Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, "Hal-hal anu ngalantarankeun jelema-jelema jadi dosa teh tangtu aya bae. Tapi jelemana anu ngalantarankeun batur jadi dosa bakal cilaka kabina-bina.

2Leuwih hade beuheungna dibangbaluhan ku batu tuluy alungkeun ka laut, ti batan matak nyasarkeun ka salah saurang ti ieu kaom anu lemah.

3Ku sabab kitu maraneh sing ati-ati kana pilampaheun! Lamun aya dulur migawe dosa kudu dielingan, lamun tobat kudu dihampura.

4Upama ngadosana ka maraneh tujuh kali dina sapoe, sarta saban tas kitu terus datang nyebutkeun, ‘Kuring menta hampura,’ kudu dihampura."

5Rasul-rasul mihatur ka Yesus, "Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi."

6Waler Gusti, "Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa nitah ieu tangkal bebesaran, ‘Geura nyabut maneh katut akar, tuluy melak maneh di laut!’ tangtu eta parentah diturut."

7"Upama maraneh boga badega anu keur ngawuluku di sawah atawa keur ngangon domba. Sanggeus datang ti tegal, naha rek disina buru-buru dahar?

8Tangtu moal! Malah diparentah deui, ‘Sadiakeun dahareun kami! Salin heula terus tungguan kami dahar nginum, kakara maneh meunang dahar!’

9Badega mah teu kudu dinuhunkeun pedah nurut kana parentah, lain?

10Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, ‘Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.’"

11Yesus angkatna ka Yerusalem teh mapay tapel wates Samaria jeung Galilea.

12Barang lebet ka hiji kampung kapapag ku sapuluh jelema lepra. Eta jelema-jelema ngararandeg ti kajauhan, tuluy sasambat,

13"Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!"

14Yesus ningali ka maranehna, tuluy ngawaler, "Ka ditu ka imam-imam, menta dipariksa awak." Sabot maranehna di jalan keneh leprana geus calageur.

15Anu saurang, nyaho geus cageur teh balik deui jeung muji ka Allah tarik pisan,

16terus nyuuh ka Yesus jeung ngahaturkeun nuhun. Eta jelema teh urang Samaria.

17Saur Yesus, "Mana nu salapan urang deui? Lain sapuluh urang anu calageur teh?

18Naha ngan ieu saurang, urang asing, anu ka dieu deui jeung muji ka Allah?"

19Geus kitu ngalahir ka eta jelema, "Geura cengkat. Jig geura balik. Maneh geus cageur, lantaran percaya."

20Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, "Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo.

21Moal aya anu bisa nuduhkeun, ‘Di dieu!’, atawa, ‘Tuh di ditu!’, sabab ngadegna teh di jero diri masing-masing."

22Saur-Na deui ka murid-murid, "Engke maraneh aya waktuna harayang bisa nenjo salah sahiji poe tina poe-poe Putra Manusa, tapi moal bisa.

23Engke jelema-jelema bakal ngaromong ka maraneh, ‘Tuh di ditu!’ atawa, ‘Ieu di dieu!’ Kade, ulah digugu, ulah kaluar pikeun neangan.

24Sabab kaayaan Putra Manusa teh lamun geus nitih kana poena mah lir sakumaha kilat ngaburinyay ti tungtung langit ka tungtung langit.

25Ngan dina samemehna, Anjeunna kudu sangsara heula, tur ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.

26Poe dinyatakeunana Putra Manusa teh kaayaanana kawas kaayaan jaman Enoh.

27Jelema-jelema harita gawena ngan dahar, nginum, kawin, nepi ka poean Enoh asup kana kapal; caah datang, jelema-jelema kabeh dibasmi.

28Jeung kawas kaayaan dina jaman Elut: Jelema-jelema gawena ngan dahar, nginum, jual beuli, pepelakan, jeung nyarieun imah.

29Tapi sanggeus Elut kaluar ti Sadumu, tuluy turun hujan seuneu jeung walirang ti langit, ngabasmi urang Sadumu.

30Nya kawas kitu engke jadina dina poean dinyatakeunana Putra Manusa teh.

31Dina poe eta, jelema anu keur aya di suhunan imah, ulah turun nyokotan heula babandaan ka jero imah; nya kitu keneh anu keur aya di tegal ulah balik heula ka imah.

32Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!

33Sing saha anu nyoba nyalametkeun hirupna, hirupna bakal leungit; tapi sing saha anu kaleungitan hirupna bakal dirahayukeun.

34Sing percaya, dina peuting eta dua jelema anu keur sare saranjang, nu saurang bakal dicokot, nu saurang ditinggalkeun.

35Dua awewe nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dicokot, saurang ditinggalkeun.

36[Dua jelema nu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.]"

37Murid-murid nararos ka Anjeunna, "Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?" Waler Yesus, "Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke."



 <<  Lukas 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel