Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 10 >> 

1Yesus ngumpulkeun murid-murid-Na anu dua welas urang, tuluy dipaparin kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat, pikeun nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.

2Murid-murid nu dijadikeun rasul nya eta: Simon (anu disebut oge Petrus) jeung Andreas dulurna; Yakobus jeung Yohanes, anak bapa Sebedeus;

3Pilipus jeung Bartolomeus; Tomas jeung Mateus tukang mulung pajeg tea; Yakobus bin Alpeus jeung Tadeus;

4Simon Ki Patriot, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat Yesus.

5Eta dua welas rasul ku Yesus tuluy diutus. Memeh bral, dibere pituduh kieu, "Ulah asup ka daerah-daerah anu dicicingan ku nu lain bangsa Yahudi. Kota-kota Samaria oge ulah diasupan.

6Anu kudu didatangan teh urang Israil, utamana pisan mah anu salalasar.

7Embarkeun yen ‘Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!’

8Anu garering cageurkeun, anu paraeh hirupkeun deui, anu lepra waluyakeun, anu kasurupan roh jahat kaluarkeun roh jahatna. Maraneh meunang ieu kawasa teh teu kudu mayar. Kudu dipake nulungan nu sejen, ulah menta bayaran.

9Arindit teh ulah mekel emas, perak, atawa uang tambaga.

10Ulah mawa kantong sidekah, ulah mawa pisalin, ulah mawa tarumpah, ulah mawa iteuk. Sabab nu digawe mah geus kuduna dicukupan kaperluanana.

11Lamun datang ka hiji kota atawa desa, teangan nu daekeun dianjrekan, seug nganjrek di dinya nepi ka waktuna indit deui.

12Memeh asup uluk salam heula, ‘Salam wilujeng.’

13Lamun pribumina ngabageakeun, salam wilujeng maraneh bakal nerap. Tapi lamun nolak, salam maraneh cabut deui.

14Lamun pribumi hiji imah atawa kota embungeun narima atawa embungeun ngadenge, tinggalkeun bae bari kebut kekebul tina suku.

15Sing percaya, dina Poe Kiamat urang Sadumu jeung Gomora bakal leuwih dipikawelas ku Allah ti batan jelema-jelema di eta tempat!"

16"Regepkeun! Maraneh diutus teh lir domba nyampeurkeun ajag-ajag. Jadi sing waspada kawas oray, sing lemes kawas japati.

17Sing caringcing, sabab aya nu baroga niat nangkep maraneh, nyerenkeun maraneh ka pangadilan. Maraneh bakal disiksa di imah-imah ibadah.

18Maraneh bakal dipariksa ku nu karawasa jeung ku raja-raja, pedah anut ka Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh mere pertelaan hal Kami ka maranehna jeung ka jelema-jelema anu teu nyarahoeun ka Allah.

19Lamun dipariksa teu kudu bingung kumaha kudu ngomong atawa kumaha kudu nyarita. Geus dina waktuna mah maraneh bakal dibere nyaho kudu ngomong naon.

20Sabab anu cacatur engke teh saenyana lain maraneh, tapi Roh Rama maraneh. Maraneh anu ngedalkeunana.

21Engke teh dulur bakal nyerenkeun dulurna keneh sina dipaehan, kitu keneh bapa ka anak; anak bakal ngalawan ka bapa, nyerenkeun bapana sina dipaehan.

22Maraneh bakal dipikageuleuh ku unggal jelema lantaran anut ka Kami. Tapi sing saha anu tagen nepi ka ahir bakal disalametkeun.

23Upama maraneh dikaniaya di hiji kota, kudu nyingkir ka tempat sejen. Sing percaya ka Kami: Memeh kota-kota Israil kaider kabeh ku maraneh, Putra Manusa geus datang manten.

24Murid moal bisa ngungkulan guru, gandek moal bisa ngungkulan dunungan.

25Ku sabab eta lamun aya murid anu bisa sarua jeung guruna kudu geus ngarasa untung, nya kitu keneh lamun aya gandek anu bisa sarua jeung dununganana. Lamun kapala kulawarga meunang sesebutan Beelsebul, komo anggota-anggotana disebutna tangtu leuwih goreng ti sesebutan Beelsebul!"

26"Tong sieun ku pada jalma. Hal-hal anu ayeuna katutup bakal kabuka, moal aya rasiah anu moal kaguar.

27Ieu omongan Kami anu diomongkeun ka maraneh di nu poek, ku maraneh embarkeun di nu caang, anu ayeuna diharewoskeun kana ceuli maraneh kudu diembarkeun ti munara.

28Jelema ngan bisaeun ngabinasa badan, teu bisaeun maehan nyawa, teu kudu dipikasieun. Anggur kudu sieun ku Allah, anu kawasa ngabinasakeun badan jeung nyawa di naraka.

29Piit hargana saduit dua, tapi sanajan kitu moal aya nu ragrag kana taneuh lamun taya pangersa Rama maraneh.

30Buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus diitung.

31Ku sabab kitu ulah sieun-sieun! Harkat maraneh leuwih punjul ti batan piit!"

32"Anu ngaku di hareupeun umum yen anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diaku di payuneun Ama Kami di sawarga.

33Anu ngangles di hareupeun umum magar lain anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diangles di payuneun Ama Kami di sawarga."

34"Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang.

35Ku datangna Kami, anak lalaki bakal ngalawan ka bapana, anak awewe bakal ngalawan ka indungna, minantu awewe bakal ngalawan ka mitohana awewe.

36Anu bakal jadi musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.

37Anu leuwih nyaah ka bapana atawa ka indungna ti batan ka Kami, teu pantes jadi murid Kami. Anu leuwih nyaah ka anakna nu lalaki atawa nu awewe ti batan ka Kami, teu pantes jadi murid Kami.

38Jalma anu milu ka Kami tapi embung manggul salibna, teu pantes jadi murid Kami.

39Jalma anu ngabelaan nyawana sorangan bakal kaleungitan nyawana. Sabalikna anu pegat nyawa lantaran satia ka Kami, bakal meunangkeun hirup anu langgeng."

40"Anu narima ka maraneh, eta narima ka Kami. Anu narima ka Kami, eta narima ka anu ngutus Kami.

41Anu daek narima utusan Allah dumeh ka utusan Allah, bakal meunang ganjaran sakumaha utusan Allah. Anu daek narima ka jelema bageur dumeh ka jelema bageur, bakal meunang ganjaran sakumaha jelema bageur.

42Anu daek mere nginum sanajan ngan cai tiis ka salah sahiji panganut Kami nu panghinana, sing percaya, geus tangtu bakal diganjar."



 <<  Matius 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel