Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 18 >> 

1Waktu eta, murid-murid naranya kieu ka Yesus, "Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?"

2Yesus nyandak hiji budak leutik ditangtungkeun payuneuna-Na.

3Ti dinya saur-Na, "Sing percaya ka Kami, maraneh moal bisa jadi warga Karajaan Sawarga lamun henteu robah kalakuan jeung jadi saperti ieu budak leutik.

4Nu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, nya eta anu daek ngahandapkeun maneh, jeung boga hate saperti hate budak leutik.

5Sing saha anu ngaku ka budak leutik pantar kieu ku karana ngingetkeun ka Kami, eta sarua jeung ngaku ka Kami."

6"Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan anu gede, terus alungkeun ka jero laut.

7Memang cilaka di dunya teh loba gogoda, anu ngalantarankeun manusa pecat iman! Kaayaan kitu terus bae teu eureun-eureun. Tapi leuwih cilaka deui jelema anu ngagodana!

8Leungeun atawa suku maraneh lamun nu hiji pidosaeun mah teukteuk bae, piceun! Mending ngan boga leungeun ngan hiji atawa suku ngan hiji tapi salamet, ti batan leungeun suku jangkep tapi diri sakujur dialungkeun kana seuneu langgeng.

9Panon lamun nu hiji pidosaeun mah cokel bae, piceun! Mending ngan boga panon sabeulah tapi salamet, ti batan panon lengkep tapi diri sakujur dicemplungkeun kana seuneu naraka!"

10"Awas, ulah ngahina ka budak leutik pantar kieu. Ati-ati, sabab malaikat-malaikatna salawasna aya di payuneun Rama Kami di sawarga.

11[Ari Anak Manusa ka dunya teh rek nyalametkeun jelema anu leungit ti payuneun Allah.]

12Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir.

13Ana nu leungit geus kapanggih, nu bogana tangtu leuwih atoh ku eta anu hiji ti batan ku nu salapan puluh salapan nu henteu leungit.

14Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna."

15"Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.

16Tapi upama embungeun ngadenge pepeling maraneh, kudu mawa batur saurang atawa duaan, sabab ceuk Kitab Suci, ‘Pikeun netelakeun yen anu dituding teh enya salah, kudu kasaksian ku duaan atawa tiluan.’

17Lamun geus kitu neugtreug keneh, beberkeun perkarana ka sajamaah. Upama ku sajamaah ge teu mental, anggap eta dulur teh deungeun-deungeun anu teu nganyahokeun ka Allah, atawa anggap bae tukang mulung pajeg.

18Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.

19Jeung iraha bae lamun maraneh di dunya mangnedakeun hiji perkara ku duaan, tangtu ku Rama Kami di sawarga dimakbul.

20Sabab di mana bae dua atawa tilu jelema kumpul mawa jenengan Kami, Kami bakal aya di dinya."

21Petrus unjukan ka Yesus, "Gusti, upami pun dulur gaduh lepat ka abdi, sabaraha kali abdi kedah ngahampurana? Tujuh kali?"

22"Lain tujuh kali. Kudu tujuh puluh kali tujuh kali," waler-Na.

23"Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana.

24Sanggeus ngayakeun pamariksaan, aya badega anu dideuheuskeun, hutangna jutaan.

25Ku sabab teu bisaeun ngalunasan, ku raja dititah dijual jeung saanak bojona, katut sagala pangabogana pikeun ngalunasan hutangna.

26Eta badega ngarumpuyuk sujud bari ngalengis, ‘Nyuhunkeun sarantos, tangtos bade dilunasan sadayana!’

27Raja karunyaeun, malah hutangna dibebaskeun.

28Ari geus di luar, eta badega teh amprok jeung badega deui anu boga hutang ka manehna rerebuan. Ku manehna ditongtak terus dicekek jeung disentak, ‘Bayar hutang maneh!’

29Baturna mani ngalengis bari deku, ‘Sabar, menta tempo, engke ge dibayar!’

30Ku manehna teu didenge, kalah ka dijebloskeun ka panjara nepi ka hutangna lunas.

31Badega-badega sejen barang nyarahoeun eta kajadian kacida ngareneseunana, tuluy arunjukan ka raja.

32Badega kejem teh disaur jeung dicarekan, ‘Dasar badega tanpa guna! Maneh mani ngalengis ka kami, nepi ka hutang maneh ku kami dipupus,

33lantaran karunya. Cik maneh oge sing aya rasrasan ka batur!’

34Raja kacida benduna, eta badega tuluy dijebloskeun ka panjara, dihukum, nunggu hutangna lunas kabeh."

35Saur Yesus deui, "Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur."



 <<  Matius 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel