Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 28 >> 

1Sanggeus liwat poe Sabat, poe Minggu isuk-isuk keneh pisan Maria Magdalena jeung Maria anu saurang deui geus laleumpang ngalayad ka makam.

2Dak-dumadak aya lini kacida rongkahna. Kolebat aya malaikat Pangeran lungsur ti sawarga, ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy batuna dicalikan.

3Rupa eta malaikat mani kawas cahaya kilat, panganggona bodas kawas salju.

4Nu jaraga makam mani kokoplokan bawaning ku sarieuneun, nepi ka tinglumpuruk kawas nu paeh.

5Malaikat teh ngalahir ka eta dua wanita, "Nyai ulah sarieun. Kami terang Nyai rek ngalayad Yesus anu tas disalib.

6Anjeunna geus teu aya di dieu, geus digugahkeun sakumaha saur-Na tea. Hiap taringal ka dieu urut ebog-Na.

7Ayeuna buru-buru bae bejakeun ka murid-murid-Na kieu, ‘Anjeunna geus digugahkeun ti nu maraot, ayeuna keur angkat ka Galilea miheulaan aranjeun. Engke tangtu kapanggih di ditu!’ Tah kitu bejakeunana, sing inget."

8Bral maranehna arindit ti dinya gura-giru bari sieun tapi bungah, tungtungna lalumpatan rek pupulih ka murid-murid Yesus.

9Tapi dak-dumadak Yesus nepangan ka maranehna. "Salam rahayu," saur-Na. Maranehna ngaharempoy kana sampean Anjeunna tuluy nyungkem.

10"Ulah sarieun," saur Yesus, "jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu."

11Waktu eta dua wanita geus laleumpang, para prajurit anu ngajaraga makam baralik ka kota, lapor perkara kajadian tea ka imam-imam kapala,

12anu terus badami jeung para kokolot. Hasil babadamianana, eta para prajurit teh dibarere duit gede pisan,

13bari diomongan kieu, "Uarkeun ku maraneh yen mayit-Na dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh keur harees.

14Lamun hal ieu kadenge ku gupernur, ku kami rek dilelemu yen ieu kajadian lain salah maraneh, jadi maraneh ulah salempang."

15Sanggeus narima duit, eta para prajurit teh tuluy uar-uar sakumaha papatah tea. Nepi ka ayeuna oge di kalangan urang Yahudi mah carita kitu ti eta para prajurit teh aya keneh.

16Murid-murid anu kari sawelas urang arindit ka hiji pasir di Galilea, sakumaha anu dipesen ku Yesus.

17Sanggeus papanggih jeung Anjeunna tuluy sarujud nyarembah. Aya oge sawatara urang anu asa-asa keneh.

18Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, "Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.

19Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci.

20Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman."



 <<  Matius 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel