Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mikha 6 >> 

1Darengekeun panuding PANGERAN ka Israil. Sumangga geura ngadeg, nun PANGERAN. Sumangga lahirkeun panuding Gusti, malar karungu ku gunung-gunung, kakuping ku pasir-pasir.

2Eh gunung-gunung, eh pademen-pademen bumi nu langgeng, bandungan pangdakwa PANGERAN! Mantenna kagungan perkara ka Israil umat-Na, sarta bakal ngadakwa maranehna.

3PANGERAN ngandika, "Eh umat Kami, geus migawe naon Kami ka maraneh teh? Geus nyusahkeun naon Kami ka maraneh? Coba jawab!

4Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir; ngajait ti tempat maraneh dijadikeun jalma beulian; Kami geus ngutus Musa, Harun jeung Miryam sangkan nungtun ka maraneh.

5Eh umat Kami, sing aringet ka Raja Balak ti Moab, kumaha karepna ka maraneh, jeung kumaha dijawabna ku Balhum anak Beor. Sing aringet kana kajadian di jalan ti pakemahan di Sitim ka Gilgal! Lamun maraneh inget ka dinya tangtu ngarasa, kumaha tarekah Kami nyalametkeun maraneh."

6Naon sanggakeuneun kaula ka PANGERAN, Allah nu linggih di sawarga, lamun datang ngabakti ka Mantenna? Naha kudu mawa anak sapi anu pangalusna, diduruk dikurbankeun ka Mantenna?

7Na kersaeun PANGERAN lamun dihaturanan domba mangrebu-rebu, atawa minyak jetun anu ngocor teu eureun-eureun? Naha kaula teh kudu ngurbankeun anak cikal ka Mantenna, geusan nebus dosa kaula?

8Teu kudu, PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawe kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.

9Sieun ku PANGERAN teh sipat anu bijaksana. Mantenna ngagentraan pangeusi kota, kieu: "Darengekeun ku maraneh, eh nu keur karumpul di kota!

10Di imah jalma-jalma anu jarahat loba harta banda meunang teu jujur. Maranehna make takeran palsu, kalakuan kaijid Kami.

11Pimanaeun Kami ngahampura ka nu sok marake ukuran jeung timbangan palsu!

12Maraneh anu baleunghar, ngagencet ka nu mariskin. Sarta maraneh kabeh oge tukang bohong.

13Ku sabab kitu, ayeuna Kami rek mimiti ngawarah sarta numpes maraneh ku karana dosa-dosa maraneh.

14Maraneh bakal dahar, tapi moal teu bisa seubeuh — malah angger lapar. Maraneh bakal ngakut barang-barang, tapi moal bisa nyimpen; naon bae anu disimpen ku maraneh, ku Kami rek disina ancur ku perang.

15Melak gandum hasilna moal kungsi kaala. Nyieun minyak jetun moal kungsi bisa ngagunakeun. Nyieun anggur inuman, moal kungsi kainum.

16Pangna nepi ka jadi kitu teh lantaran maraneh geus nuturkeun kalakuan jahat Raja Omri jeung kalakuan anakna, Raja Ahab. Parentahna anu jahat ku maraneh dilakonan. Ku sabab kitu maraneh rek ditumpur, hinakeuneun saban jalma. Di mana-mana, jalma-jalma bakal mikaijid ka maraneh."



 <<  Mikha 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel