Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 107 >> 

1"Haturkeun nuhun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, kaasih-Na langgeng!"

2Pindo ieu omongan, pikeun muji PANGERAN, he sakur anu geus disalametkeun ku Mantenna! Mantenna geus ngaluputkeun maraneh ti musuh-musuh,

3jeung geus mulangkeun maraneh ti nagri-nagri asing, ti wetan jeung ti kulon, ti kaler jeung ti kidul.

4Aya nu uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak, teu manggih jalan ka kota geusan enggon matuh,

5kalaparan jeung halabhab, sirna pangharepanana.

6Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

7ditungtun ka jalan anu lempeng, sina narepi ka kota geusan enggon matuhna.

8Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

9Nu halabhab disina puas ngarinum, anu lapar dieusian ku nu harade.

10Sawareh hirup di nu reyem-reyem, paroek, para tahanan sangsara nyandangan rante.

11Ku lantaran ngalawan kana timbalan Allah, Nu Maha Kawasa, jeung nolak parentah-parentah Mantenna.

12Maranehna raripuh ku gawe beurat, nepi ka ngusruk lalabuh, tapi taya nu nulungan.

13Keur sangsara kitu maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

14dikaluarkeun ti tempat anu reyem-reyem jeung poek, rante-rantena dipepejet.

15Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

16Mantenna ngabejadkeun panto-panto tambaga, jeung mingges-minggeskeun jaruji-jaruji beusi.

17Sawareh deui garejul, hirupna sangsara ku tina dosa-dosana, jeung ku sabab kajahatanana;

18nepi ka kana kadaharan ge teu tahan nenjo-nenjo acan, sarta ajalna geus dareukeut.

19Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana,

20dicageurkeun ku timbalana-Na, sarta dijait tina liang kubur.

21Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN, anu taya kendatna kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

22Maranehna kudu nganuhunkeun ka Mantenna ku kurban-kurban jeung ku lagu-lagu gumbira anu nyaritakeun sagala hal anu dipidamel ku Mantenna.

23Sawareh nempuh lautan ku kapal-kapal, nareangan napkahna di laut-laut.

24Maranehna narenjo hal-hal anu dipidamel ku PANGERAN, karya mujijat Mantenna di laut-laut.

25Mantenna nimbalan, gelebug angin ribut niup, ombak motah pagulung-gulung,

26kapal-kapal kaampulkeun ku cai nu mumbul luhur lep neundeut tilelep jero; ku bahla nu kawas kitu, jalma-jalma kabur pangacianana

27tingdaligdeug tingjolongjong kawas nu mabok, beak dengkak, taak sagala dayana.

28Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana.

29Angin ribut ku Mantenna dieureunkeun, ombak dilelerkeun.

30Maranehna atoh dumeh laut geus anteng, ku Mantenna tuluy dituyun ka palabuan anu dituju.

31Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna.

32Maranehna kudu ngabewarakeun kaagungan Mantenna di pakumpulan jalma-jalma sarta muji Mantenna di rengrengan pamingpin.

33PANGERAN ngarobah walungan-walungan disina saraat ngoletrak cinyusu-cinyusu marangpet teu ngaburial deui,

34tanah subur ngajadi tanah tuhur jeung ngandung uyah, lantaran jahatna jelema-jelema anu caricing di dinya.

35Mantenna ngarobah gurun keusik sina jadi empang-empang cai, tanah tuhur jadi pinuh ku cinyusu.

36Jalma-jalma lapar ku Mantenna ditempatkeun di dinya, nyarieun kota geusan pamatuhanana.

37Maranehna nebaran lahan jeung marelak anggur, tuluy dipupu, beubeunanganana mucekil.

38Mantenna ngaberkahan umat-Na, jadi rekah baranahan, ingon-ingonna disina tambah ngarekahan.

39Waktu umat Allah kasoran, hina, sangsara, lantaran digencet pohara telengesna,

40nu ngagencetna ku Mantenna dihina, disina uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak.

41Sabalikna Mantenna ngajait anu mariskin tina kabalangsakanana, sarta kulawargana disina baranahan kawas kumbuhan domba.

42Jalma balener narenjo hal ieu teh barungaheun, sabalikna nu jarahat mah teu kecet-kecet.

43Muga hal ieu dipalikiran ku nu barijaksana, muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna.



 <<  Mazmur 107 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel