Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 73 >> 

1Jabur Asap. Sabenerna, Allah teh nyaah ka Israel, nyaah ka sakur nu beresih hate.

2Tapi kaula kungsi bingbang kana hal eta, kapercayaan meh luntur,

3lantaran kaula teh panas ka nu karumaki, dumeh nu daroraka teh sararenang hirupna.

4Tara katarajang ku kanyeri, awakna karuat, sarehat.

5Tara meunang papait cara nu sejen, tara meunang kasusah cara nu rea.

6Kasombonganana lir geus ngongkorong, katelengesanana enggeus ngabaju,

7hatena mudalkeun kadorakaan, pikiranana pinuh ku niat jahat.

8Resep nyeungseurikeun batur, ucapna jarahat, takabur jeung resep ngagencet batur.

9Maranehna ngahujat Allah di sawarga gede rahul ka manusa di bumi.

10Ku hal eta, umat Allah ge jadi bariluk, ngarandeleun kana caritaan maranehna.

11Majar, "Moal kauninga ku Allah, moal katohyan ku Nu Maha Agung."

12Kitu kaayaanana eta anu daroraka teh, hirupna sarenang, malah beuki baleunghar.

13Jadi percumah kaula hirup beresih, teu guna ngajauhan dosa oge.

14Nun Allah, sadinten jeput Gusti nyangsara abdi, unggal enjing Gusti nyiksa.

15Nanging upami abdi nyanggem kitu, atuh sanes jadi umat Gusti deui.

16Nu mawi eta teh sok haben dipikiran, nanging sualna abot teuing keur abdi mah.

17Tungtungna abdi asup ka Bait Gusti, nembe ngartos bakal kumaha engkena eta nu jarahat teh.

18Maranehna baris ditempatkeun di nu laleueur, sina lalabuh carilaka.

19Ku Gusti ditumpur sakedat netra, kitu tungtung panganggeusanana, pikagimireun.

20Sapertos impian, bray isuk teh buyar; barang Gusti cengkat, les maranehna musna.

21Waktos keur ngarasa jengkel sareng hate asa karerab,

22harita abdi teh bodo sapertos sato, tina teu ngartos ku Gusti.

23Mung saena abdi tetep montel ka Gusti, sarta leungeun abdi ku Gusti dicepeng.

24Ku Gusti ditungtun dinasehatan sangkan ahirna tiasa ditampi kalayan hormat.

25Saha deui kagaduh abdi di sawarga, kajabi Gusti? Di dunya ge hoyong naon deui, da parantos gaduh Gusti.

26Najan jiwa raga abdi lemah, nanging Allah anu jadi kakiatan abdi. Anu dipikabutuh ku abdi salalamina mung Gusti.

27Sing saha anu ninggalkeun Gusti, tangtos cilaka. Sing saha anu teu satia ka Gusti, ku Gusti baris dibasmi.

28Jadi keur kaula mah raket ka Allah teh kacida hadena; ka PANGERAN Nu Maha Agung kaula seja nyalindung sarta ngawartakeun sagala padamelana-Na.



 <<  Mazmur 73 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel