Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 12 >> 

1Ieu daptar para imam jeung urang Lewi, anu marulangna ti pangbuangan dipingpin ku Serubabel bin Sealtiel, bareng jeung Imam Agung Yesua:

2(12:2-7) Para imam: Seraya, Yermia, Esra, Amarya, Maluk, Hatus, Sekanya, Rehum, Meremot, Ido, Ginetoi, Abiya, Miyamin, Maaja, Bilgah, Semaya, Yoyarib, Yedaya, Salu, Amok, Hilkia, jeung Yedaya. Eta teh imam-imam kapala keur jaman Yosua.

3(12:2)

4(12:2)

5(12:2)

6(12:2)

7(12:2)

8Urang Lewi: Yesua, Binui, Kadmiel, Serebya, Yuda jeung Matanya, anu ngawihkeun kidung pangucap sukur.

9Bakbukya, Uno, jeung sababaturanana, para jurukawih anu papancenna nema kidung.

10Yosua ramana Yoyakim; Yoyakim ramana Elyasib; Elyasib ramana Yoyada;

11Yoyada ramana Yonatan; Yonatan ramana Yadua.

12(12:12-21) Ieu para imam anu jaradi kapala golongan imam, waktu Yoyakim jadi Imam Agung: Meraya, golongan Seraya. Hananya, golongan Yermia. Mesulam, golongan Esra. Yohanan, golongan Amarya. Yonatan, golongan Maluki. Yusup, golongan Sebanya. Adna, golongan Harim. Helkai, golongan Merayot. Jakaria, golongan Ido. Mesulam, golongan Gineton. Sikri, golongan Abia. … golongan Minyamin. Piltai, golongan Moaja. Samua, golongan Bilgah. Yonatan, golongan Semaya. Matnai, golongan Yoyarib. Usi, golongan Yedaya. Kalai, golongan Salai. Eber, golongan Amok. Hasabya, golongan Hilkia. Netanel, golongan Yedaya.

13(12:12)

14(12:12)

15(12:12)

16(12:12)

17(12:12)

18(12:12)

19(12:12)

20(12:12)

21(12:12)

22Para kapala kulawarga urang Lewi jeung kulawarga imam dicatetna dina keur jaman Imam-imam Agung Elyasib, Yoyada, Yonatan, jeung Yadua. Eta catetan, anggeusna dina jaman Darius jadi raja di Persia.

23Tapi ari para kapala kulawarga-kulawarga urang Lewi mah kacatetna kalawan resmi teh ngan nepi ka jaman Yonatan putu Elyasib.

24Urang Lewi diatur jadi sababaraha rombongan. Aya dua rombongan anu tugasna ngawihkeun kidung paranti ngagungkeun ka Allah jeung kidung pangucap sukur, nurutkeun aturan ti Raja Daud abdi Allah. Diaturna ku Hasabya, Serebya, Yesua, Binui, Kadmiel.

25Tukang ngajaraga Bait Allah aya nu tugasna ngajaga kamar-kamar panyimpenan anu di deukeut lawang-lawang asup ka Bait Allah, nya eta Matanya, Bakbukya, Obaja, Mesulam, Talmon, Akub.

26Maranehna harirupna keur jaman Yoyakim bin Yesua putu Yosadak, keur jaman Gupernur Nehemia, jeung keur jaman Imam Esra, ahli Hukum tea.

27Waktu kuta Yerusalem diresmikeun, kabeh urang Lewi didatangkeun ti satempat-tempatna, geusan ngaria-ria ku kidung-kidung pangucap sukur, bari narabeuh kecrek jeung kacapi.

28Para jurukawih ti kulawarga-kulawarga urang Lewi, daratangna ti wewengkon-wewengkon sabudeureun Yerusalem, ti desa-desa sakurilingeun Netopa,

29ti Bet Gilgal, Geba jeung Asmawet.

30Ari para imam jeung urang Lewi ngajalankeun upacara nyucikeun, nyucikeun salira masing-masing, nyucikeun rahayat, nyucikeun lawang-lawang kuta, nyucikeun kuta.

31Para pamingpin Yuda ku sim kuring dikumpulkeun di luhur kuta, terus dibagi jadi dua bagian gede pikeun ngurilingan kota ti dinya, bari nganyanyikeun pamuji sukur ka Allah. Rombongan kahiji ngurilingna di luhur kuta ka beulah katuhu, majuna ka Gapura Jarian.

32Hosaya leumpangna tukangeun juru-juru kawih, dituturkeun ku saparo pamingpin-pamingpin Yuda.

33(12:33-35) Disambung ku barisan imam anu nariup tarompet, nya eta: Asarya, Esra, Mesulam, Yuda, Binyamin, Semaya jeung Yermia. Ditukangeunana nya eta: Jakaria bin Yonatan putu Semaya (karuhun-karuhunna kaasup oge Matanya, Mikaya jeung Sakur, warga Asap),

34(12:33)

35(12:33)

36jeung rombongan anggota-anggota lianna ti warga anjeunna, nya eta: Semaya, Asarel, Milalai, Gilalai, Mayi, Netanel, Yuda jeung Hanani, kabeh mawa tatabeuhan anu sarua jeung tatabeuhan anu sok dianggo ku Raja Daud abdi Allah tea. Arak-arakanana diluluguan ku Esra ahli Hukum tea.

37Sanggeus nepi ka Gapura Pancuran, arak-arakan nanjak ka bagian anu brasna ka Kota Daud, ngaliwatan karaton Daud, tuluy malik ka Gapura Cai, sisi kota beulah wetan.

38Rombongan kadua anu nganyanyikeun pamuji sukur, ngurilingna di puncak kuta teh ka beulah kenca, dituturkeun ku sim kuring jeung saparona ti rahayat. Barisna ngaliwatan Munara Anglo terus ka Kuta Rubak.

39Ti dinya terus ngaliwatan Gapura Epraim, Gapura Yesyana, Gapura Lauk, Munara Hananel, jeung Munara Saratus, terus ka Gapura Domba, eureunna di deukeut lawang asup ka Bait Allah.

40Di dieu, di palataran Bait Allah, dua rombongan anu nganyanyikeun pamuji sukur teh amprok. Dina rombongan para pamingpin anu bareng jeung sim kuring,

41aya imam-imam anu nariup tarompet, nya eta: Elyakim, Maaseya, Minyamin, Mikaya, Elyuenai, Jakaria jeung Hananya;

42disambung ku: Maaseya, Semaya, Elasar, Usi, Yohanan, Malkia, Elam jeung Eser. Para jurukawih anu dipingpin ku Yesraya nyaranyi tarik, nyilep sora-sora sejenna.

43Kurban-kurban anu disanggakeun poe eta kacida lobana. Dulur-dulur kabeh saruka bungah lantaran meunang kabagjaan ti Allah. Awewe-awewe jeung barudak oge marilu, sorana mani ngaguruh kadenge ka nu jarauh.

44Dina waktu eta, sababaraha jelema ditugaskeun ngawas kamar-kamar panyimpenan paranti nyimpen sumbangan-sumbangan pikeun Bait Allah, kaasup perpuluhan jeung hasil bumi cikalna, jeung bubuahan nu geus arasak dina saban taun. Eta para pangawas wajib ngumpulkeun sumbangan-sumbangan tea ti lahan-lahan sakurilingeun kota-kota, pikeun para imam jeung urang Lewi, sakumaha nu diatur dina Hukum. Urang Yuda kabeh ngarasa suka ka eta para imam jeung urang Lewi,

45sabab maranehna teh purah ngajalankeun upacara-upacara nyucikeun jeung upacara-upacara lianna anu diparentahkeun ku Allah. Para pamaen musik jeung para pangawal Bait Allah oge ngajaralankeun kawajibanana, luyu jeung aturan-aturan anu ditangtukeun ku Raja Daud jeung ku Suleman, putrana.

46Ti baheula, ti jaman Raja Daud jeung ahli musik Asap, para pamaen musik geus biasa nganyanyikeun lagu-lagu pamuji sukur ka Allah.

47Keur jaman Serubabel kitu deui jaman Nehemia, sakumna urang Israil saban poe mere sokongan pikeun nyokong para pamaen musik jeung para pangawal Bait Allah. Rahayat mere pangbakti anu disucikeun ka urang Lewi, ari urang Lewi mere ka para imam bagian anu geus ditangtukeun.



 <<  Nehemia 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel