Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ratapan 4 >> 

1Emas urang nu harerang jadi surem teu cahyaan. Batu-batu Bait Allah bacacar di jalan-jalan.

2Para nonoman Sion pikeun urang pangajina sarua jeung emas, tapi ayeuna mah geus disaruakeun jeung pariuk taneuh.

3Dalah indung ajag ge sok nyusuan anakna, tapi bangsa kuring mah kawas manuk onta, ka orokna ge telenges.

4Orok-orokna diantep sina paraeh ku lapar jeung ku halabhab, barudak marenta dahar taya nu mere.

5Nu tuman dalahar ngeunah, paraeh di jalan-jalan ku kalaparan. Nu biasana hirup mewah, ayeuna ngorehan dahareun di jarian.

6Bangsa kuring geus dihukum leuwih beurat ti batan urang Sadumu, anu ngadadak dilebur ku Allah.

7Para pamingpin urang asalna mah tanpa noda, murni saperti salju, taregep sarta baredas, semu cahyaan lantaran sarehat.

8Ayeuna mah ngalalungsar di jalan teu bisa kawawuhan, beungeutna gareuneuk siga rek sahoseun, kulitna gararing kawas pangpung, kararijut dina tulangna.

9Leuwih untung nu paeh di medan perang, ti batan nu paeh sanggeusna, paehna lalaunan lantaran kalaparan, teu manggih dahareun pikeun hirupna.

10Kacilakaan bangsa kuring estu pikasieuneun, indung-indung nu gede kanyaahna ge nepi ka tega ngulub anak sorangan jadi dahareun.

11PANGERAN ngumbar bendu-Na Sion dihuru diratakeun jeung taneuh.

12Di mana-mana, saurang ge, malah para pamingpin bangsa asing ge, taya nu percaya yen gapura-gapura Yerusalem bisa diasupan musuh.

13Tapi hal eta geus kajadian, lantaran nabi-nabina geus dosa, imamna saralah, ngalantarankeun paraehna rahayat anu teu salah.

14Para pamingpinna mapay-mapay jalan kawas nu lolong, pakeanana jeger ku getih matak geuleuh nyabakna.

15Pada ngahaokan ku jalma-jalma, "Nyingkah maneh, rujit! Tong antel ka kami!" Tungtungna ngalantur mapay bangsa-bangsa, tapi taya nu narima.

16PANGERAN ku manten geus teu kersaeun nolih, malah maranehna dipabalencarkeun. Imam-imam jeung para pamingpin urang ku Mantenna geus teu dihargaan.

17Nenjoan nepi ka cape sugan datang nu rek nulungan, tapi teu aya bae. Haben ngarep-ngarep pitulung ti hiji bangsa nu teu bisaeun mere naon-naon.

18Musuh ngawaskeun terus, nepi ka urang teu bisa ngulampreng ka jalan. Poe-poe urang geus tutup, tinggal ngadagoan panungtungan.

19Musuh ngudagna leuwih gancang ti batan heulang anu nyirorot ti awang-awang. Mubus ka gunung urang disusul, ka gurun keusik diberik.

20Musuh geus nangkep sumber hirup urang, raja pilihan PANGERAN, nu ku urang dipercaya nangtayungan ti sakur nu datang nempuh.

21Hayoh urang Edom jeung urang Us, teruskeun sareuri barungah, meungpeung barisa keneh. Picilakaeun maraneh ge tereh datang; maraneh ge bakal sasampoyongan, taranjang, nandangan era.

22Sion mah dosana enggeus kabayar; urang ku PANGERAN moal lila-lila deui diantep di pangbuangan. Sabalikna maneh Edom, bakal dihukum ku PANGERAN, kalakuan maneh anu salah ku Mantenna bakal dibolekerkeun.



 <<  Ratapan 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel