Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 16 >> 

1Sim kuring nitipkeun Pebe, dulur urang awewe anu ngabantu pagawean jamaah Kengkrea.

2Muga ditarima demi pajenengan Gusti, da urang teh umat Allah. Bisi aya kabutuhna bantu. Manehna sorangan kacida tutulungna ka nu sejen, nya kitu deui ka sim kuring.

3Titip salam ka Priskila jeung Akwila, batur sim kuring ngawula ka Kristus Yesus.

4Meh bae maranehna tiwas ngabelaan sim kuring. Kacida sim kuring nganuhunkeunana. Jamaah-jamaah bangsa sejen oge kacida nganaruhunkeunana ka maranehna.

5Salam oge ka dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna. Salam ka sobat sim kuring Epenetus, anu pangheulana ti propinsi Asia percaya ka Kristus.

6Salam ka Maria, anu geus kacida soson-sosonna ngabantu aranjeun.

7Salam ka Andronikus jeung Yunias, sabangsa jeung sim kuring sarta bareng milu dibui. Ku rasul-rasul mah duanana oge geus teu dipikabireuk, arasup Kristenna heulaeun sim kuring.

8Salam ka Ampliatus, anu rapet jeung sim kuring dina ngahiji jeung Gusti.

9Salam oge ka Urbanus, batur sapagawean ngawula ka Kristus; jeung ka Setakis sobat kentel.

10Salam ka Apeles, anu kasatianana ka Kristus geus kauji. Salam ka Aristobulus sakulawarga.

11Salam ka Herodion, sabangsa jeung sim kuring. Jeung ka urang-urang Kristen di kulawarga Narkisus.

12Salam ka Tripena jeung Triposa anu digarawe pikeun Gusti, jeung ka Persis kanyaah sim kuring, anu loba pisan cabakeunana dina ngawula ka Gusti.

13Salam ka Rupus, jelema pujieun kumawulana ka Gusti. Jeung ka ibuna, anu pikeun sim kuring mah lir indung sorangan.

14Salam ka Asinkritus, Plegon, Hermes, Patrobas, Hermas, kitu deui urang-urang Kristen lianna anu reujeung jeung maranehna.

15Salam ka Pilologus jeung Yulia, ka Nereus jeung dulurna nu awewe, ka Olimpas jeung ka anu aranut ka Allah, anu reujeung jeung maranehanana.

16Muga aranjeun silih aku silih pidulur. Aya deui salam ka aranjeun ti sakabeh jamaah Kristus.

17Kahade, dulur-dulur, sing arawas! Aya jelema-jelema anu rek ngabaruntakkeun, arek ngukusut kapercayaan aranjeun, arek ngagunasika pangajaran anutan aranjeun. Jarauhan!

18Kalakuan maranehanana lain kalakuan pikeun Gusti, tapi pikeun muaskeun karepna sorangan. Omonganana ngareunah, barisa ngolo, matak sasab jelema anu pikiranana bolostrong.

19Sim kuring kacida bungahna ku aranjeun, sabab ku sarerea geus kanyahoan aranjeun saratia kana pangajaran Injil Kasalametan. Sing palinter kana hal-hal anu hade, kajeun barodo kana hal-hal anu jahat.

20Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis, pikeun idekeun aranjeun. Mugia aranjeun disarengan ku berkah ti Yesus Gusti urang.

21Aya salam ti Timoteus, sapagawean jeung sim kuring; jeung ti Lusius, ti Yason, ti Sopater, tiluanana sabangsa jeung sim kuring.

22Sim kuring oge, Tertius, anu mangnuliskeun ieu surat, ngirim salam ka aranjeun, salam saiman.

23Salam ti Gayus, tempat sim kuring numpang; imahna dipake tempat kumpulan ku jamaah. Salam ti Erastus, bendaharawan kota; jeung ti Kuartus.

24Mugia Gusti urang Yesus Kristus ngaberkahan ka aranjeun.

25Puji Allah, anu iasa neguhkeun iman aranjeun kana pangajaran Injil Kasalametan ngeunaan Yesus Kristus anu diwawarkeun ku sim kuring. Ieu cocog jeung rarancang Allah anu ayeuna geus nyata, anu geus mangjaman-jaman dirasiahkeun.

26Urang terang kana hal eta teh tina tulisan nabi-nabi. Eta rasiah ku Allah nu sipat langgeng dipiwarang diembarkeun ka pirang-pirang bangsa, sina palercaya sarta aranut.

27Mulyakeun salalanggengna Allah Anu Maha Esa, maha wijaksana. Mulyakeun ku jalan percaya ka Yesus Kristus. Wassalam, Paulus



 <<  Roma 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel