Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 17 >> 

1Ulah ngurbankeun sapi atawa embe domba cacad ka PANGERAN Allah maraneh, Mantenna moal kersaeun.

2Upamana, maraneh meunang beja di salah sahiji kota maraneh aya jelema lalaki atawa awewe anu migawe dosa ka PANGERAN, ingkar tina perjangjian Mantenna,

3ngabakti jeung ngawula ka allah-allah sejen, atawa nyembah ka panonpoe atawa ka bulan atawa ka bentang-bentang, anu papalingpang jeung pangandika PANGERAN.

4Lamun meunang beja kitu kudu ditalengteng sing gemet. Upama enya di Israil aya lampah doraka kitu,

5bawa jelemana ka luareun kota, tuluy tenggoran ku batu nepi ka paeh.

6Tapi samemeh prak kudu aya saksi heula duaan atawa leuwih, anu ngaenyakeun kana dosana. Lamun saksina ngan saurang, ulah tulus dipaehan.

7Anu kudu nenggor ti heula ku batu saksi-saksi, ti dinya kakara jalma rea nalenggoran eta jelema ku batu. Ku jalan kitu maraneh numpes eta kadorakaan.

8Bisa jadi aya perkara anu hese diputusna ku hakim di salah sahiji kota, upamana bae urusan tanah milik, urusan anu ngarogahala, atawa perkara ngabedakeun antara anu maehan ngahaja jeung teu kahaja. Upama aya urusan kitu, hakim kudu muru ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN Allah maraneh.

9Bejakeun perkarana ka imam-imam Lewi jeung ka hakim anu keur tugas di dinya, sina diputus ku aranjeunna.

10Nya aranjeunna anu baris mutusna, sarta maraneh kudu ngajalankeun sing taliti sakur anu disaurkeun ku aranjeunna.

11Sakur anu diputuskeun jeung ditangtukeun ku aranjeunna jalankeun ulah aya anu kaliwat.

12Sing saha anu wani-wani nolak putusan ti hakim jeung imam-imam anu keur tugas, kudu dipaehan, supaya eta kadorakaan tumpes ti Israil.

13Jeung supaya anu ngadenge eta perkara jadi sieuneun, ambeh ulah aya deui anu wani-wani nyieun peta kitu."

14"Lamun maraneh geus arasup ka tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh sarta geus tetep tumetep, bisa jadi harayang boga raja cara bangsa-bangsa sakurilingna.

15Lamun arek nyieun raja, kudu milih jelema anu kapilih ku PANGERAN, jeung kudu bangsa sorangan. Ulah milih pirajaeun ti urang asing.

16Raja teu meunang boga kuda loba-loba keur baladna jeung teu meunang nitah rahayat ka Mesir meuli kuda, sabab PANGERAN geus ngandika, yen umat-Na teu meunang ka ditu deui.

17Raja ulah loba pamajikan, bisi matak ingkar ti PANGERAN, jeung teu meunang boga perak jeung emas loba-loba.

18Lamun geus jeneng, raja kudu dibere buku anu eusina hukum-hukum Allah jeung pikukuh-pikukuh-Na, salinan tina aslina anu disimpen ku imam-imam Lewi.

19Eta buku salinan ulah jauh ti raja, bacaeunana saumur hirup, sangkan daek ngamulyakeun ka PANGERAN, daek enya-enya ngestokeun sakur anu kaungel di dinya,

20jeung supaya ulah boga rasa punjul ti sasama urang Israil, ulah datang ka ingkar tina patokan-patokan PANGERAN. Sangkan awet marentahna, sarta karajaan Israil sina tumurun ka anak incuna sapapanjangna."



 <<  Ulangan 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel